Karajaan Sumedanglarang (II)
Pangeran Angkawijaya alias Geusan Ulun, dijungjunglungguh jadi raja Sumedang, 13 bulan sabada wafatna Pangeran Santri. Kaharti sabab harita Geusan Ulun umurna Karek 22 taun, sdengkeun nurutkeun tradisi heubeul, nu diangap dewasa teh umur 23 taun. Ari sababna nu utama, nurutkeun Pusaka Kertahumi I/2, nya eta: Ghesan Ulun nyankrawartti mandala ning Pajajaran kang wus pralaya, ya ta sirna, ing bhumi Parahyangan. Ikang kedatwan ratu Sumedanglarang haneng Kutamaya ri Sumedangmanala. (Geusan Ulun marentah wilayah Pajajaran nu geus runtag, nya eta sirna ti bumi Parahyangan. Karaton ieu raja Sumedang teh ayana di Kutamaya di wewengkon Sumedang).
Salaka Nagara, Karajaan Munggaran di Nusantara
Catetan : Dra. R. Utari Soekaryono
Meh saabad kaliwat, urang Sunda pareumeun obor, poek meredong. Teu timu ka tuturus, teu wawuh ka karuhun, teu apal ka asal. Pugag mapay raratan, teu nyaho sajarah sorangan. Matak teu aneh, najan geus ampir sadasawarsa basa Sunda sakarat ge, teu piduli ieuh. Katambahan ku katerangan ti nunulis dina buka sajarah Indonesia, ngan aya ; Kerajaan Tertua di Jawa Barat ialah Tarumanagara, dengan rajanya Purnawarman. Geus weh. Kawas Tarumanagara teh karajaan ciciptaan, Purnawarman raja kajajaden, teu puguh indung bapana.
Sri Jayabhupati
(Raja SUNDA nu ka 20)
Rakeyan Wuwus disebut oge Prabu Galah Kulon, wafat taun 891 M. Diganti ku Prabu Darmaraksa. Tembong ayana usaha daria ngaraketkeun hubungan Sunda-Galuh. Boh permaisuri Prabu Darmaraksa, boh permaisuri Rakeyan Wuwus, duanana adi Prabu Langlang Bumi ti Galuh. Prabu Langlang Bumi kawin ka lanceuk Darmaraksa, Darmaraksa kawin ka adi Langlang Bumi. Tapi eta usaha teh teu kuat lila, aya saurang mentri Sunda nu fanatik, ngarasa teu ngeunah Sunda diparentah ku terah Galuh.





