Salaka Edisi Online

Kunti Dina Tangkal Koang

Ku: Kang Fauzi

Bet Saumur nyunyuhun hulu karek harita kuring nempo anu ngarana Kunti (meureun). Da cek batur mah anu ngarana kunti teh ayana di cai atanawa dina kokocoran cai. Ari nu kungsi katempo ku kuring , teuing jin teuing enya kunti.
Harita teh poe Salasa, biasa aya borongan. Mobil butut-butut oge boga sorangan bisa ngahasilkeun duit keur ka dapur. Sok sanajan pamajikan digawe jadi pagawe nagri ( Kesehatan) , tapi ari nu ngaran kapala rumah tangga nya kudu we neangan sahuap sakopeun Atuh aya leuwihna ditabung, sawareh keur biaya sakola barudak. Rea anu menta supaya mobil teh ulah dibawa kusorangan, tapi di Omprengkeun. Ah, geus rea kajadian ari dibawa kubatur mah moal aya tanggung jawab, beda jeung kusorangan da nyaho modalna.

Parabot Imah Harirup Sorangan

Parabot imah, kayaning piring, gela pisin jeung nu sejenna, titingalian teh haliber. Naha bener titingalian teh atawa pedah keur lieur kitu? Tapi sanggeus panon digisik-gisik oge , angger bae piring jeung pisin teh kakalayangan. Padahal tadi mah geus dikumbahan, diteundeun dina rak piring deukeui kamar cai. Saha nu nyokotna tina rak piring? Ny.Yeni medarkeun pangalaman aher ka SALAKA. Ny.Yeni, 26 taun, urang Bandung, kawinna ka DIDI teh geus aya kana tilu taunna, boga anak awewe hiji, umurna tilu taun. Samemeh nyicingan imah di kampung Jelekong, kungsi nyewa heula di Banjaran aya kana sataunna, lantaran hayang boga imah sorangan.

Urugna Gunung Wayang

Ku: Kang Fauzi

Kajadian alam anu teu asup ku akal, teu kaharti ku pikir mangrupa totonden atawa naon bae bisa karandapan ku manusa dina hirup kumbuh sapopoe. Kajadian aheng anu kungsi ka alaman ku padumuk di wewengkon Desa Majalaya di Kampung leuwidulang dina taun lima puluhan oge mangrupa kajadian alam anu teu kaharti kuakal. Kajadian ieu teh karandapan sarta nyata kaalaman ku balarea sakur padumuk anu aya di sisi walungan Citarum.

Kaca ka 1 ti 3  > >>

Deherba