Sawandana
Sesebutan ka jalma di urang Sunda mah kacida reana. Ari anu dijadikeun patokanana aya opat rupa nyaeta :
A. Nyokot tina patokan bedana umur
B. Nyokot tina patokan rupa,wanda jeung kaayaan
C. Nyokot tina patokan tingkah laku
D. Nyokot tina pangkat jeung pagawean.
| A. SESEBUTAN KA JALMA NYOKOT TINA PATOKAN BEDANA UMUR | ||
| Jabang bayi | : | orok anu masih di jero kandungan |
| Orok | : | ti mimiti dilahirkeun nepi kabisa diuk |
| Budak | : | mimiti bisa diuk nepi ka rumaja |
| Lelengkah halu | : | budak keur diajar leumpang |
| Kembang buruan | : | budak keur sesedengna pikayungyuneun |
| Bilatung dulang | : | budak keur sesedengna beuki dahar |
| Parawan, cawene, mojang | : | awewe nincak rumaja (can kawin) |
| Jajaka, bujangan | : | lalaki nincak rumaja (can kawin) |
| Parawan jekekan | : | keur sesedengna rumaja |
| Bujang jengglengan | : | keur sesedengna rumaja |
| Beger | : | mangkat birahi, awewe resep ka lalaki, Lalaki mimiti bogoh ka awewe |
| Baleg tampele | : | beger nudibarengan rasa era (sieun) |
| Galak sinongnong | : | beger pikeun lalaki, ari ti kajauhan wani Tapi ari geus deukeut era |
| Turun amis cau | : | Awewe nu mimiti kaluar buuk lemes tina Luhureun tarang cirina sorana halimpu Jeung resep dangdan atawa ngageulis |
| Sengserang panon | : | awewe keur sesedengna resep ka lalaki |
| Ngemboan | : | lalaki sorana ngagedean, badanna sembada Jeung mimiti bijil kumis |
| Bujang tarangna | : | lalaki geus kawin tapi can nikah |
| Parawan kolot | : | umurna geus kolot can boga salaki |
| Bujang kolot | : | unurna geus kolot tapi can boga pamajikan |
| Randa | : | awewe anu geus ditalak ku salakina |
| Randa bengsrat | : | awewe anu geus ditalak tapi can kungsi kawin |
| Randa maesan | : | awewe anu ditinggal maot ku salakina |
| Turun karanjang | : | nikah ka adi beuteung |
| Gulangkep | : | nikal ka pamili |
| Beger mindo | : | beger ka dua (umur tilu puluh taunan) |
| Meunang umur | : | umurna opat puluh taun |
| Tengah tuwuh | : | umurna lima puluh taun |
| Cueut ka hareup | : | umurna lima puluh taun kaluhur |
| Tunggang gunung | : | umurna genep puluh taun ka luhur |
| Sengserang padung | : | geus kolot pisan |
| Tawehwoh | : | geus kolot, huntuna arompong |
| Tokroh-tokroh | : | geus kolot pisan , leumpangna geus kundang Iteuk |
| Pikun | : | geus kolot pisan,pamikiranana tos balik Balik deui ka budak |
| Pancakaki | : | rundayan katurunan contona : Indung bapa - anak - incu - buyut - bao - udeg, Udeg - janggawareng - gantung siwur - laer |
| Pancakaki sejenna | : | raka - adi - paman - bibi - uwa - toa - alo - suan - Adi misan - aki - nini - uyut |
| Dulur pet ku hinis | : | adi jeung lanceuk anu saindung sabapa |
| Dulur saindung | : | anu bareng dikandung ku indung |
| Dulur sabapa | : | anu bapana sarua |
| Dulur pateterean | : | salaki jeung pamajikan pada mawa anak waktu nikah |
| Dulur sasusu | : | anu bareng di susuanana |
| Dulur sabrayna,dulur misan | : | anak adi atawa anak lanceuk |
| Dulur mindo | : | anakna dulur misan |
| Kulawarga | : | indung bapa jeung anak |
| Pamili | : | nu saturunan atawa sakokocoran ti indung Bapa |
| Baraya | : | anu masih rundayan ti pancakaki |
| Deungeun-deungeun | : | batur (taya patula-patali sareng pancakaki) |
| Baris wali | : | lalaki turunan ti bapa |
| Panganten | : | lalaki awewe nuju ditikahkeun |
| Bebene | : | kabogoh lalaki |
| Beubeureuh | : | pisalakieun |
| Beubeureuh maneuh | : | salaki |
| Patih goah | : | pamajikan |
| Batur sakasur | : | salaki jeung pamajikan |
| B. SESEBUTAN KA JALMA NYOKOT TINA PATOKAN RUPA JEUNG WANDANA | ||
| Montok | : | awak seseg jeung sehat |
| Bongsor | : | haloghog = gancang ngagedean |
| Kutet | : | awak leutik bae Belekesenteng,buta tulang |
| Buta daging | : | Keur meujeuhna ras |
| Geulis | : | awewe anu boga rupa hade |
| Kasep | : | lalai nu boga rupa hade |
| Bahenol | : | awewe anu rupana taya cawadeun sarta Pikabitaeun |
| Songgeng | : | bujur nonjol ka tukang, cangkeng Dengkeng |
| Telebeng | : | teu aya cangkengan |
| Budayut | : | bureuteu / beuteung nyemplu |
| Gembru | : | budak lintuh |
| Lenggik | : | awewe nu cangkengna leutik |
| Ceking | : | awakna leutik |
| Bayuhyuh | : | lalaki lintuh |
| Bucitreuk | : | gede beuteungna wungkul |
| Pacer | : | bitisna leutik |
| Gembil | : | pipina lintuh |
| Bongkok | : | tonggongna bengkung |
| Bongkok meongeun | : | bengkung palebah punduk |
| Jebleh | : | biwir handap ngapleh |
| Jeding | : | biwir luhur nyudik |
| Dengkol | : | tarangna nongnong |
| Deleng | : | panenjona menceng |
| Ciriwis | : | buukna carang |
| Beke | : | awakna pendek |
| Peang | : | awakna kuru teusaimbang jeung Jangkungna |
| Pincang | : | sukuna leutik sabeulah |
| Pinjeg | : | tetepokanana luhur sabeulah |
| Rijep | : | matana sering ngerejep |
| Ngohngor | : | huntuna nonjol ka hareup |
| Tonggar | : | huntu luhur nonjol ka hareup |
| Deog pengkor | : | gempor teu bisa leumpang |
| Bedegul | : | awakna busekel |
| Bopeng | : | pipina pinuh kuceda urut cacar |
| Pecak | : | panonna teu nempo sabeulah |
| Bewosan | : | pipina jeung gado pinuh ku bulu |
| Sipit | : | siki panonna leutik (bangsa cina) |
| Bolotot | : | siki panonna gede |
| Rebing | : | daun ceulina rubak |
| Lolong | : | panonna teu nenjo |
| Rejeh | : | biwir panon beureum sarta caian bae |
| Pengkeh | : | sukuna upama nangtung saperti aksara O (polio) |
| Teklok | : | sukuna upama nangtung saperti hurup X (polio) |
| Egang | : | leumpang ngageang |
| Ponges | : | irungna cacad |
| Suwing | : | biwir luhurna beulah |
| Butak | : | buukna teu jadi saparo |
| Pireu | : | teu bisa ngomong |
| Torek | : | teu bisa ngadenge |
| Cadel | : | ngomongna teu bentes utama ngucapkeun Hurup R |
| Candael | : | ngomongna anca |
| Latah,gehgeran | : | sok nurutan omongan batur,teukaop reuwas |
| Saliwang | : | anu salah pangdengena |
| Sumbiar | : | upama nempo teu bisa mantep,kamana Karep |
| Mikung | : | ceulina leutik jeung daun ceuli kewung |
| Cameuh | : | gadona nyueut ka hareup |
| Kampeng | : | sirahna penjol |
| Buntet | : | awakna pondok |
| Jebrag | : | dampal sukuna meber ka gigir |
| Kiting | : | Ramona merengkel |
| Kampreng | : | leungeunna paeh teu bisa diobahkaeun |
| Cenggehan | : | Ramona aya nunempel (gene) |
| Keueusan | : | huntu budak anu teu jadi, jiga ompong |
| Karehol | : | huntuna teu beres |
| Galing | : | buukna merengkel |
| Galing muntang | : | galling tungtungna wungkul |
| Kempot | : | pipina ngalewo upami imut saperti liang Undur-undur |
| Bule | : | kulit jeung buukna bodas saperti walanda |
| Hideung santen | : | semu hideung jeung mulus beresih |
| Gondok | : | panyakit dina beuheung ngagayot |
| Sengkek | : | beuheung pondok |
| Ompong | : | huntuna parunglak |
| Harigu manukeun | : | dadana nonjol ka hareup |
| Taktak korangeun | : | taktakna mudun (saperti korang) |
| Hulu peutieun | : | huluna leutik teu saimbang jeung badanna |
| Beuteung anjingeun | : | beuteungna neros gede kaluhur (saperti Beuteung anjing) |
| Beuteung bangkongeun | : | beuteungna rubak ka gigir |
| Bengo | : | Sungutna menyon ka kenca/ka katuhu |
(HANCA)





