Dibawa Kalangit
Ku: Kang Fauzi
Imah mang Udin teh disisi walungan Citarum, sedeng gigireunnana kuburan jeung kebon awi. Katelah eta kebon awi ku padumuk didinya disebut Cibentang. Cenah mah mun anu asup ka Cibentang seug poho teu pamitan, sok linglung. Kukurilingan teu bisa kaluar.Mun linglung isuk-isuk, sore karek bisa kaluar.Tapi lamun kabeneran aya jalma anu ngala suluh atawa urang dinya anu rek ka cai (ka Citarum) kakara bisa dikaluarkeun. Lamun peuting kabeneran ngaliwat ka Cibentang, sok remen anu mangihan ucing candramawat ngalendotan kana suku. Mun ditajong eta ucing bakal ngagedean nepi ka sagede anak munding. Kuurang dinya disebutna Kiciwis.
Kajadian-kajadian bieu geus jadi sabiwir hiji, ampir kabeh padumuk di kampung Leuwidulang Desa Majasetra nyarahoeun kaahengan kebon awi Cibentang. Matak mun rek nyorang kadinya kudu weh dibaturan, naha duaan atawa tiluan.
Disisi beulah kidul Cibentang aya gundukan taneuh nudisebut hunyur ( gundukan taneuh gedena sagede tajug, cenah mah kuburan kuda) Remen oge kajadian aheng didinya, saperti aya oray gede jeung kaahengan liana anu matak muringkak bulu punduk.
Kajadian dina usum hujan taun 1964, harita teh waktu rek ngagayuh ka magrib. Anak cikal Mang Udin, Ny.Entin nu umurna kakara 14 tahun dicarekan ku indung terena alatan teu bisa ngasuh adina. Sabenerna lain sakali dua kali eta indung terena sok nyarekan ka Ny.Entin, pedah ka anak tere meureun. Sedengkeun bapana, Mang Udin ari balik sok peuting da pakasabanana nguseup atawa ngala belut jeung lele di Citarum.
Waktu Ny.Entin dicarekan indung terena, manehna ceurik di tukangeun imahna. Rea tatangga anu sok nempo Ny.Entin ceurik di pipir imah. Mun geus eureun ceurikna sok ngoreh-ngoreh taneuh ku regang bari sesegrukan, geus kitu kakara kaimah, sok sanajan dijamedudan ku indung terena.
Harita mah basa ceurik di pipir imah, Ny.Entin teu balik deui. Didagoaan ku indungna nepi ka datang bapana, teu embol-embol. Atuh tatanggana oge ibur nyarahoeun yen Ny.Entin leungit sanggeus dicarekan ku Indung terena. Peuting-peuting kundang damar jeung obor nu nareangan Ny.Entin nyukcruk sakur dapuran awi bisi di sumputkeun kelong cenah mah.Nepi ka subuh weleh teu kapanggih. Jam satengah lima kakara adzan subuh nu nareangan bubar. Isukna nyakitu, di crukcruk deui, ayeuna mah lain dikebon awi deui tapi kaalun-alun Majalaya, ka daerah Solokanjeruk ka bibina tapi Ny.Entin taya tapak-tapakna acan.
Lima poe Ny.Entin leungit, Mang Udin panasaran, manehna nanyakeun kanu “bisa “ ngaranaa aki Mardi (tos tilardunya).Ari Aki Mardi teh kawentar luhung elmuna, remen anu datang ngadon tatamba. Tah ti aki Mardi meunang katerangan yen Ny.Entin dibawa ku anu ngageugeuh di Cibentang.
“Ayeuna mah sadiakeun we cai beas sabaskom gede, menyan anu alus jeung sarupaning kadaharan reana opatpuluh rupa. Engke tengah peuting urang coba teang dina handapeun tangkal kawung. Lantaran tidinya eta mahluk anu nyokot Ny.Entin datangna.” Cek Aki Mardi.
Sanggeus sagala anu dipenta ku Aki Mardi sadia, lima jalma kaasup Mang Udin jeung tatanggana, tengah peuting datang kahandapeun tangkal Kawung. Malum tengah peuting kaayaan pikasieuneun. Tutunggul parental, angin nyeah nebak tangkal awi dibarung sora sasatoan laleutik. Kabeh nu opatan pasered-sered hayang deukeut jeung Aki Mardi.
Mang Endang anu mawa baskom eusi cai beas, buru-buru neundeun baskom dihandapeun tangkal kawung, nyakitu deui nyiru anu dieusi kadaharan opat puluh rupa diteundeun direndengkeun jeung baskom. Ki Mardi mimiti diuk bari mere isarat kanu opatan sangkan rada jauh ti manehna.
Hareupeun parukuyan anu geus hurung, kusiwel Aki Mardi nyokot bungkus menyan.Peledug ngukus, dep sidakep. Katembong panonna peureum bari kunyam-kunyem mapatkeun kabisana. Na teu kungsi lila, serebung bau taneuh, terus bau bangke, bau kembang kananga. Geus kitu hiji kajadian aheng katempo sarta karandapan ku opatan, eta cai beas anu dina baskom muncrat kaluhur tangkal kawung. Leungit babauan, seak angin lilimbungan nembag kana tangkal Kawung. Pelenoy tangkal teh doyong kateumbag ku angin, geus kitu, mucunghul tina pucuk Kawung siga bola seuneu melesat nembag dapuran awi. Jelegur! sorana handaruan. Aneh, sora anu sakitu tarikna teu kadengeeun ku tatangga didinya, buktina euweuh saurang-urang acan anu kaluar. Belegedeg bola seuneu pindah rupa jadi hiji awewe. Paromanna pikasieueun, panonna melong ka Aki Mardi. Jengkat Aki Mardi cengkat tina diukna. Gantawang Aki Mardi ngomong, tapi sorana beda jeung sora Aki Mardi sapopoe. Ieu mah semu berat, matana molotot pikasieuneun.
“Dikamanakeun incu aing. Awas siah mun teu dibikeun kabeh balad sia anu aya di Cibentang kuaing rek diancurkeun !.” Cek Aki Mardi.
Na ana seah teh angin datang deui, ieu mah nembag ka Aki Mardi. Si Aki masang kuda-kuna, leungeunna diasongkeun kahareup, sedeng dua dampal leungeuna nutup persis siga anu keur maenpo dina jurus ngodok emem. Barang dampal leungeunna di buka, kajadian aheng deui anu katempo ku opatan, bijil cahaya bodas sakilita melesat ka mahluk anu ngabelegbeg gigireun dapuran awi. Les eta mahluk leungit , geleger sada sora gelap dibarung ku sora awewe ngomongna mani handaruan.
“Kami ngan ukur nginjeum wungkul, karunya budak teh sok dicarekan wae ku indung terena. Isuk ku kami dipulangkeun, tapi isuk jaganing geto mun budak geus sawawa bakal bisa nulungan kasasama !.”
“Nuhun atuh kisilah !” ceuk Aki Mardi ungeuk-ungeukkan, pok ngomong ka Mang Udin.
“Tah geuning hasil. Isuk subuh-subuh dipulangkeun. Yu ayeuna mah urang baralik !.” Bari leumpang miheulaan nu opatan. Atuh nu opatan buru-buru nyokot baskom jeung nyiru oge parukuyan, deregdeg ngadeukeutan Aki Mardi anu geus leumpang ti heula .
“Ih ku barorangan.!” Cek Aki Mardi.

Isukna subuh-subuh geus rea jalma hayang nyaho bener henteuna omongan Aki Mardi teh. Ieu omongan mang Endang anu ngilu ka Aki Mardi, ngabejakeun katatanggana yen Ny.Entin bakal dipulangkeun isukan subuh-subuh. Beja pabeja-beja , anu ahirna rea jalma anu panasaran hayang nyaho datangna budak anu di bawa ku jurig Cibentang.
Kabeh ka laluar, rek nyidikeun ti mana jolna Nyi Entin datangna. Jam genep teu embol-embol, jam satengah tujuh lebeng. Arloji katembong geus ngaliwatan angka tujuh tetep simpe, sedengkeun Aki Mardi mah teu datang kadinya. Jam tujuh liwat sapuluh menit, aya nungajorowok ti imah Mang Udin.
“Pa, ieu abdi didieu !.” cenah. Atuh kabeh cingraringeuh neangan datangna sora. Bet enya geuning Nyi Entin teh geus aya diimahna, lain di tempat leungitna. Kabeh muru ka imah Mang Udin, sedeng Mang Udin ngagalentoran anakna, ari indung terena kalahka cerik ngagukguk.
Kumaha caritana Ny.Entin leungit teh ? Ieu diterangkeun ku Ny.Entin sorangan diimahna . Cenah basa ceurik di pipir imah, bet aya isrtri geulis nyampeurkeun manehna terus nyekel leungeunna. Mani asa hampang manehna di bawa ngapung ka awang-awang.
“Abdi dicandak ka sisi langit, ningali barudak anu digebugan, anu dilelep-lelepkeun kana kawah panas. Seueur oge anu tos darewasa. Sami disiksa.” Pokna.
Cek Nyi Entin, manehna oge kungsi di bawa jalan-jalan ka alun-alun Majalaya. Kungsi aya tatanggana nu nyerangkeun malah ngageroan sagala. Tapi sanggeus aya nu nyahoeun, ku awewe nu mawa teh gancang dicekel. Hartina mun dicecekel, Nyi.Entin moal bisa katembong ku manusa. Kungsi oge nerangkeun yen manehna remen ngadatangan imah tatanggana ngadon dahar. Geus kitu, belenyeng deui dibawa ka luhur, ka awang-awang.
“Kantos abdi ningal pamandangan kota Majalaya, Garut nu sakitu endahna. Ah, moal kaalaman deui, tapi mugi ulah kaalaman deui. Matak mun rek magrib barudak teh ulah laliar bisi dibawa ku sandekala. Leres pisan kaalaman ku pribados.” Cek Ny. Entin anu ayeuna geus reuay anak, nyangjrekna di Bandung, ngan sakapeung sok huleng jentul. Cenah mah deuih bisa ngubaran panyakit.
Ieu carita teh nyata. Mun urang nanyakeun ka Majalaya, di kampung Leuwidulang, Desa Majasetra pasti padumuk anu aya dina taun 1963 kadieunakeun nyarahoeun kajadian leungitna Ny.Entin. Ngan, mun disorang ku ayeuna kaayaan kebon awi nu disebut Cibentang tea, jauh bedana jeung baheula. Awi nu remet, ayeuna mah geus carengcang. Baheula mah mun kadinya, sok aya rasa pupuringkakan. Ayeuna mah geus lalenglang jeung geus rea diadegan imah. Citarum anu caina ngagulidag herang, ayeuna mah kiruh. Tatapakan batu (cadas) keur nyeuseuhan padumuk didinya geus kagerus ku cai. Ngan runtah-jeung runtah anu katempo the. Matak teu aneh mun Citarum remen banjir, da beuki dieu beuki pinuh ku runtah. Matak teu heran mun unggal hujan gede, Majalaya sok remen kacaahan. Cag. (Kang Fauzi)





