Salaka Edisi Online

Poe Pere Dipindahkeun, Nguntungkeun?

Geus sababaraha kali dunya pendidikan ngalaman pere pikeun mieling hari raya kaagamaan dipindahkeun. Lamun perena Salasa atawa Rebo dipindahkeun ka poe Senen, lamun perena Kemis atawa Jumaah jadi poe Saptu. Sabenerna hal ieu ngarugikeun kana proses diajar-ngajar dina poe Senen jeung Saptu. Muga-muga taun anyar ieu mah moal kajadian deui.

Dunya teh muter terus, zaman ge robah-robah. Lamun haeula urang ngalaman merdeka mangrupa karajaan-karajaan leutik, tuluy dijajah, alam feodalismeu, tuluy merdeka deui dina wangun nagara kesatuan. Dina alam kamerdekaan kiwari aya era Orde Lama, Orde Baru jeung Orde Reformasi. Dina unggal era aya sisi hadena di sagigireun gorengna. Saperti dina pasakan henteu kabeh ngeunah. Unggal ganti pamingpin geus tangtu ganti kabiasaan, atawa nambahna kabiasaan. Malahan di dunya atikan mah apan aya babasan “Ganti Menteri ganti buku”, lantaran unggal ganti Menteri Pendidikan geus pasti ganti kawijakanana. Beunang disebutkeun robah pamarentahan, robah deui kurikulum, ahirna tangtu kudu ganti deui bukuna.

Dina palebah ganti kurikulum apan loba istilah plesetan. Saperti waktu digantina istilah kurikulum heubeul nu pajah teh DDCH (Duduk Dengar Catat Hapal) ku CBSA (Cara Belajar Siswa Aktif) apan diplesetkeun CBSA teh jadi Cul Budak Sina Anteng. Kitu deui ayeuna ku dirobahna CBSA jadi KBK (Kurikulum Berbasis Kompetensi) apan cenah jadina teh Kurikulum Balik Kabaheula.

Dina alam penjajahan sanggeus ayana sakola, pamarentah Walanda nu ngajajah urang, kacida ngajenanana kana poe paringetan boh ngeunaan kaagamaan atawa dina paringetan kapahlawanan. Tangtu bae pikeun ngajenan pahlawan maranehna, harita mah. Jadi unggal aya poe pangeling-eling pasti diayakeunana persis dina poe eta. Sanggeus urang merdeka oge sarua, nu kaalaman dina era orde lama jeung orde baru. Lamun urang rek mieling poe dibabarkeunana Kangjeng Nabi Muhammad SAW anu pernahna 12 Rabiul awal, naha eta poe Senen atawa Kemis, pasti diayakeunana dina poe eta, teu dirobah waktuna. Kitu deui lamun urang rek mieling Natalan, pasti tanggal 25 Desember, teu robah. Mun urang Hindu mieling Hari Raya Galungan, nya luyu bae jeung poena, henteu tuluy dipindahkeun ka poe sejen. Rek mieling Hari Kemerdekaan kitu deui, mieling Bandung Lautan Api sami mawon, tara kungsi dirobah perena.

Kiwari loba pere dipindahkeun waktuna.

Dina era reformasi aya sawatara hal nu robah, anu nimbulkeun tanda tanya gede, naha parobahan ieu teh keur kahadean atawa bakal ngabalukarkeun kakuciwaan ? Anu dianggap nguntungkeun dina widang atikan nepi ka poe ieu tacan karasa. Malah siga-sigana loba nguciwakeunana pikeun kalangan atikan mah. Salasahijina nya eta kawijakan mindahkeun mieling poe pangeling-eling kaagamaan. Lamun paringetan teh ninggang dina poe Salasa atawa Rebo wayahna kudu dipindahkeun ka poe Senen. Sedengkeun lamun paringetan ninggang dina poe Kemis atawa Jumaah kapaksa kudu dipielingna poe Saptu. Hal ieu aneh kacida, lantaran poe pangeling-eling sejenna mah teu dipindahkeun. Pikeun pagawe negeri anu lain guru hal ieu henteu aya akibat nanaon. Poe naon bae oge rek pere mah jadi bae.

Tapi pikeun guru jeung murid/siswa mah ieu kawijakan teh ngarugikeun. Naon sababna ? Jadual pangajaran geus disusun kalawan pasti jeung teu bisa dipindahkeun tina poe nu hiji ka poe sejenna. Lamun dina poe Senen kuduna diajar teh Matematika, IPA jeung Basa Sunda. Poe Saptu upamana bae aya pangajaran Biologi, IPS jeung Kasenian. Tah lamun unggal poe pere tea dipindahkeun ka Senen atawa Saptu, guru anu ngajar mata pelajaran kasebut tadi pasti moal bisa ngajar. Jadi kacindekanana kurikulum teu kahontal. Anu rugi saha ? Tangtu gegedena mah anu rugi teh siswa anu kuduna narima pangajaran. Sanajan guru oge dina galeuh-galeuhna mah sarua rugina.

Nanon sababna hal ieu nimbulkeun karugian dina PBM (proses diajar-ngajar) ? Lantaran ku alatan ieu loba program nu teu kahontal. Mimindengna pangajaran can rengse, kaburu kudu ulangan tuluy dibagi rapor. Paling saeutik aya hiji atawa dua poko bahasan nu teu katepikeun

Deherba