Salaka Edisi Online

Titin Gilang Hadi

Ku: Djodi Prihatna, A.Md-MG

Ceuk Saha hobi teu bisa jadi usaha tambahan? Tina karesep atawa hobi lamun ku urang dipigawe kalawan daria pasti bakal ngahasilkeun hal-hal anu mangpaat. Malahan bisa jadi pagawean tambahan. Bari henteu jeung ninggalkeun pagawean nu geus baku. Di handap ieu dipedar pangalaman hiji wanoja teureuh Sumedang, Hj. Titin Gilang Hadi, anu pagawean sapopoena jadi patugas dina widang kasehatan, aktifis pramuka, tapi mindeng pisan jadi mc (master of ceremony) dina unggal kagiatan pirang-pirang organisasi jeung utamana mah dina upacara pernikahan.
 

Lahir di Bandung tanggal 12 juni 1957 putra ti Ibu Juhariyah sareng Bapa Somawijaya teh, ngalaman diajar munggaran di SDN Gg Pabaki, lulus taun 1969, dituluykan ka SMPN 10, lulus taun 1972. Henteu saperti umumna barudak anu nuluykeun diajar ka SMA. “Titin mah neraskeun ka Sakola Pengatur Rawat anu di Jl. Prof. Eyckman, tamat taun 1975 teras ka sakola kabidanan di jalan Pateur, reres taun 1977”, cenah.

Tamat ti sakola kabidanan, Titin pratek bidan di Hospital Departemen KTSM Banjaran nepi ka taun 1978. “Margi ti kawit taun 1978 mah dibantun ngalaksanakeun Inpres ka Sulawesi Tengah ku pun lanceuk anu ayeuna janten bapana barudak”, Titin neruskeun lalakonna.

Mimiti bulan Oktober taun1978 inyana ngumbara di Kabupaten Poso di Kacamatan Una-una di tengah-tengah teluk Tomini. ”Lamina 3½ taun. Kawilang lami margi panginten upami disebat pupujieun mah dipertahankeun wae ku masarakat teh. Kaleresan bapa Gubernurna kawit ti Una-una, bapa Galib Lasahido teh. Bingah panginten, salami ieu dokter anu ditugaskeun teh bujangan. Ari abdi nyepeng seksi KIA, pun lanceuk Kapala Puskesmas janten tiasa sasarengan, janten teu kaluar lolos butuh teh dipertahankeun wae di Una-una.”

Kakara taun 1982 Titin jeung salakina bisa pindah ka Poso, salakina langsung diangkat jadi Kapala BKKBN Kabupaten Poso nepi ka taun 1986. “Abdi mah bingah wae salami di Kacamatan Una-una teh. Pan kedahna mah asa kapiceun di tengah-tengah pulo, tebih ti kadang wargi di Jawa Barat. Namung kanggo panglipur upami wangsul dines ti Puskesmas, sontenna abdi ngalatih pramuka di gugusdepan. Kwarran oge kawilang abdi anu mitembeyan sareng pa Camat. Kaleresan responna sae, atuh ngadegna gugusdepan-gugusdepan sareng Kwarran Una-una teh enggal. Teu karaos nunggelis di pangumbaraan teh. Ngalih ka kota Poso taun 1982 ngalahirkeun anak anu kadua. Anu kahiji mah lahir nuju didamel di Puskesmas keneh.”

Harita teh kabeneran munggaran diresmikeun BKKBN di Sulawesi Tengah jadi Pa Hadi langsung diangkat Kapala BKKBN nu munggaran. “Dasar panginten kasebatna beungeut titaheun janten kapeto rupi-rupi pancen, diantawisna: Sekretaris Dharma Wanita Kabupaten Poso, Sekretaris Tim Penggerak PKK, organisasi mah tos kantenan boh Pramuka, KNPI, AMPI, Wanita Al Hidayah, sareng rupi-rupi organisasi kawanitaan sanesna”.

Titin Gilang Hadi

Ditanya ngeunaan kaamanan di Poso, Titin imut bari nyaritakeun pangalamanana nu asa moal manggih deui iwal ti di dinya. “Harita mah bujeng-bujeng aya bibit-bibit konflik di Poso teh. Nu aya teh aman bae, kesan nu endah kangge abdi mah ngumbara di Poso teh.”

Kungsi jadi Andalan Humas Kwarda Jabar

Puncak karierna Titin ngarasa di taun 1986. Di Poso masih nuluykeun di Dinas Kesehatan bari kuliah di Universitas Tadulako jurusan PLS. “Nanging teu acan reres margi sering alih-alihan, seueur tugas organisasi, upami wangsul dines ngarangkep mancen tugas istri kapala BKKBN. Saleresna waktos ngalih ka Bandung taun 1986 oge diandeg, teu kenging lolos butuh. Namung kumargi pun anak nu alit hoyong sakola di playgroup, teras wae nawaetu ngalih ka Bandung,” cek Titin namatkeun caritana ngeunaan di Poso.

Ditanya lalakonna di Pramuka manten Andalan Urusan Humas Kwarda Jabar teh nyaritakeun yen waktu masih keneh Siaga mah di SD Negeri Pabaki. “Ngawitan taun 1970 lebet ka gudep Pakuan (Kopra Bandung 02) diasuh ku pembina-pembina manten pandu. Abdi mah asuhan ibu Mutirah Suandi rakana pak Mashudi.”

Jadi Pembina di Bandung keneh ti taun 1978 “Margi kapungkur mah pelatih teh tiasa nunjuk pembina. Nomer urut pembina P.06 di gugusdepan Gubernuran, namung teu acan ngiring kursus-kursus formal sapertos ayeuna. Ari kursus orientasi mah di Poso oge kantos ngiringan sabage ibu pejabat. Ngiring kursus pembina mah saparantos ngalih deui ka Bandung bae. Janten ngawitan KMD taun 1992 lajeng taun 1998 ngiring KML X, taun 2002 ngiring KPD, atuh taun 2008 KPL di Jatinangor.” Titin oge geus meunang TPOD (Tanda Penghargaan Orang Dewasa) ti Pramuka nyaeta Pancawarsa V ti Kwarda, Lencana Dharma Bakti ti Kwarnas. Jabatan terakhir ayeuna: taun 2004 di Kwarcab Kota Bandung nepi ka ayeuna jadi Andalan urusan Siaga. “ Nyepeng Koperasi Kwarda periode 5 taun kalangkung. Nalika Pa Masduki (Wagub Banten ayeuna) masih Kakwarda, abdi janten Andalan Humas numawi di Jamnas taun 1986 oge ditunjuk janten Kabid Humas & Protokol. Cape pisan harita, luar biasa, margi bidang anu kawilang ageung dicepeng, kordinasi ka istana teras-teras. Mung resepna teh, janten kenal caket para pejabat diantawisna sareng Pak Andi Malarangeng jubir kapresidenan.”

Tina hobi jadi pagawean

Kagiatan Titin jadi MC dimimitian tina hobi dina widang seni, waktu masih sakola di SD milu maen gamelan ibing, sanggeus rumaja sok milu-milu jeung sobat-sobatna di DAMAS. “Berkembangna tugas-tugas MC waktos di Poso margi kapapancenan upami aya pangagung ti Jakarta. Nuju sakola perawat sareng di kabidanan, margi resep kana organisasi janten resep kana tugas protokol. Di Poso ngiring mupuhuan paguyuban WARGI SALUYU Poso, seseueurna transmigran kirang langkung 200 urang anggotana. Kaleresan pejabat teh seueur urang Sunda harita mah. Kapolresna oge harita urang Sunda. Waktos anjeunna nikahkeun, atuh abdi nu nga-mc-an. Wangsul ka Bandung teh sapertos ngancrubkeun kuya ka leuwi, tepang deui sareng rerencangan dina widang entertainmen, perias. Ari perias anu ayeuna sok sasarengan mah ibu Dewi Aryani Suryaadiningrat teureuh Sumedang, ti karaton.”

Titin henteu jadi pagawe batur, organisasi ka-mc-an muka sorangan bae nya eta Wedding Organisation Gilang Hadi. Demi pangalamanana mupuhuan pernikahan ti mimiti di Poso mah geus aya kana 30 taunna. “Nganteur kabingah, mugi-mugi sasieureun sabeunyeureun ngadukung kasenian Sunda sareng tatacara Islam. Margi dina pernikahan mah aya nu didugikeun ayat-ayat. Sapertos dina upacara ngaras, jajap panganten pamit ka iburamana, supados teu pasalia antawis upacara adat sareng tuntunan agama Islam, abdi sok nganggo surah Lukman ayat (14) anu unina diantawisna: Jeung Kami ngawajibkeun manusa taat ka indung bapana. Dina kandungan teh salila 9 bulan jeung beuki lila beuki ripuh. Prak geura muji sukur ka Kami (Allah) jeung ka indung bapa maneh”. Kitu cek Titin.

Waktu ngaras teh panganten pamit ka indung-bapana, indungna ngaiklaskeun bapana oge ngaridoan. Ieu mangrupa acara anu pikasediheun utamana keur panganten awewe, lantaran kasebutna geus kawin mah indung jeung bapa teu ngaboga-boga, getihna satetes buukna salambar kudu diridokeun, ayeuna mah imamna teh panutanana nya eta salakina.

“Saparantos panganteur ngaras dilaksanakeun, enjingna abdi mupuhuan acara akad nikahna, lamina ti ngawitan nganteur dugi ka acara pernikahan teh biasana 3 dinten. Kendala salami janten MC upami kedah nepangkeun atanapi nyaluyukeun kahoyong antawis dua kulawarga anu benten adatna. Contona antawis urang Sunda sareng Batak. Kaleresan sanes adat Sunda we sakali waktos mah sareng adat Jawa, Batak, Padang. Saleresna mah upacara pernikahan teh ampir sami sapertos dina perkawis seureuh. Mung dina medarna siloka seureuh nu benten teh, gumantung kana basa sareng adat. Kendala kalengkepan mah teu aya.” Kagiatan jadi MC teh ampir unggal bulan noron, kumaha musimna bae. Ari meunangna pagawean mah, biasana tatalepa, pabeja-beja, henteu diiklankeun.

Titin mungkascaritaanana ngeunaan pangalamanana jadi mc. Pesenna: “Hayu urang ngamumule budaya Sunda. Lantaran lamun lain ku urang, ku saha deui warisan ti karuhun urang teh bisa diwariskeun ti generasi ka generasi.”

Pesenna keur anggota pramuka : “Ulah lali ti wangkid urang nampi pencanangan Jawa Barat jadi propinsi Pramuka sareng ditampi ku urang ge warga kota Bandung ngahangkeutkeun kota Bandung kota Pramuka mangrupi pancen anu janten amanah. Ulah disebat abot, namung eta teh sumanget sasarengan, sumangetna teh ulah peuyar. Kedah seureur karang pamitran kedah seueur kordinasi. Margi ngabina murangkalih mah ibaratna urang ngagoreskeun mangsi kana keretas bodas. Kantenan kangge murangkalih Siaga, upami lepat nyoretkeunana engke lepat ka dituna”. Mudah-mudahan bae ieu jadi pangdorong kana sumanget geusan ngaktifkeun deui pramuka.****

Deherba