Salaka Edisi Online

Loba

Iteung balik ti pasar hariweusweus ka kabayan, bari nyilidik...
Iteung : "Kang tadi iteung pendak jeung nyi uneh, babaturan akang sakola, cenah akang mah baheulaloba kabogohna?"
Kabayan : "Ah itu mah masalalu atuh teung, apan ayeuna mah akangna oge satia jeung nyi iteung seorang"bari ngarayu
Iteung : "ah maenya akang?"ceuk iteung bari imut kanjut
Kabayan : "Ih pokona keur akang mah Iteung teh yang pertama dan terakhir weh lah"

Iteung : "atuh ari nu pertama jeung terakhir mah ditengah2na aya keneh?"
Kabayan : "Ih daek medu iteung pokona ngan iteung sorangan anu aya dina hate akang mah!"
Iteung : "Ah si akang mah...!' bari ngagebug ku karembong
Kabayan : "Ah nyi Iteung mah..."bari nyawel gado nyi Iteung
Iteung : "aeh akang, naha ari kabogoh akang teh sabaraha urang kitu?"
Kabayan : "Ah keun we atuh iteung tong disuat-suat deui angguranan!"
Iteung : "Eh, iteung mah hayang apal we atuh...sok gera urut timimiti!"
Kabayan : "Ah sieun iteung bendu!"
Iteung : "eh moal atuh akang apan eta mah masalalu ceuk akang oge"
Kabayan : "bener yeuh moal ngambek?"
Iteung : "moal.."
Kabayan : "Ah nu bener?..."
Iteung : "Enya sok atuh gera tataan hiji-hiji.....!"
Kabayan : bari ngitung make ramo na " hiji,dua,tilu,opat,lima,genep,tujuh,dalapan,salapan,sapuluh,nyi iteung,sabelas,duabelas,tilu welas,tilu welas teung geningan!"bari ngareret ka nyi iteung...
ana ari gebeg teh, arokaya nyi iteung ngulang-ngulang halu.....

Deherba