In Memoriam Yoseph Iskandar
Catetan leutik Asep Idjuddin.
Panggih munggaran taun 1978, dina pajemuhan di rohangan redaksi majalah Mangle, harita ngabageakeun sakalian nanggap pangalaman Ayip Rosidi, nu nyelang mulang ti Jepang. Nu dicalagarakeun ku PP-SS (Paguyuban Pangarang Sastra Sunda) Malah Ayip datangna ge mawa 5 mojang Jepang (mahasiswa Ayip), nu gareulis bari maksakeun maneh ngomong basa Sunda.
Meh sajam ngabandungan pangalaman Ayip, dina tanya jawab, sabada ditawaran ku protocol (Abdullah Mustappa) nu ngacung teh ampir kabeh (aya kurang leuwih 30 jalma nu hadir), lolobana pangarang ngora (Yuniarso Ridwan, Yoseph Iskandar, Cucu Siti Nurjanah, Brata Anograh Moelael, Eddy D.Iskandar, Yus Partadiatmaja, kuring, jrrd.), Pangarang senior mah nu ngacung teh Adang S., Odji Setiadji AR, Duduh Durahman, Saini KM, Yus Rusyana (Guru Besar IKIP, Pupuhu PP-SS harita), Rahmat M.Sas Karana, Rustandi Kartakusuma, Olla S.Sumarnaputra, Mien Resmana Tini Kartini jeung Naneng Danengsih. Malah ti antara para sepuh nu ngaluuhan ge aya nu tumaros, kayaning Kadir Tisna Sudjana, Ki Umbara, I.Asikin, Dodong Djiwapradja, jsb. Kabeh panalek dijawab ku Ayip kalawan sabar jeung lengkep. Di antara nu nanya, nu rada tarik teh, malah Ayip ge “katajong” ku panalek Yuniarso Ridwan jeung Yoseph Iskandar. Sabudeureun medalkeun buku-buku Sunda. Pan harita mah Ayip teh pupuhu hiji penerbit, nu kaitung kakoncara. Inget we, di antara panalek Yoseph teh aya kalimah ,”Wantun henteu akang nerbitkeun buku-buku Sunda, pan eta mah proyek rugi” cenah. Basa kuring nanya, ”Kumaha pamendak Akang, kahirupan sastra Sunda ayeuna (taun 70-an),” Ayip ngajawab, “Teu merhatikeun sacara epektif” Cenah.
Ti harita kuring jeung Yoseph sagulung-sagalang, mindeng diskusi, gogonjakan, dan inyana tuluy jadi staf redaksi Mangle. Taun 1979, 20 urang pangarang dalaftar jadi mahasiswa sastra Sunda Unpad, kaasup kuring, Yoseph, Karno Kartadibrata, Usep Romli HM, R.Hidayat Suryalaga, jsb. padahal Yoseph keur kuliah di ATPU, Tk. 3. Inget we, basa waktuna kudu mayar uang kuliah, heregistrasi, Yoseph teu bogaeun duit, nginjeum mah anti. Nya datang ka Wapemred Abdullah Mustappa, lapur deuih. Tungtungna make surat katerangan ti Abdullah, Yen Yoseph can narima gajih, paling minggu hareup. Memang enya can waktuna gajihan. Ahirna eta surat diasongkeun ka pagawe Bank BNI 46 di Unpad. Ditarima.
Kuliah karek sa-smester, Yoseph ngaharewos, yen asa teu beubeunangan kuliah teh, euweuh elmu anyar, cenah. Kalah aktip we di sababaraha kolompok drama, nulis naskah drama. Memang eta salah sahiji kaahlianana. Malah tuluy milu kuliah di FPBS IKIP Bandung, eta pangalaman dicaritakeun ka dosen, di rohang kuliah, inget we harita nu ngajar teh Pa Idat Abdulwachid (salahahiji murid sastrawan moyan MA Salmun), ceuk Yoseph, “Resep Pa di FPBS IKIP mah, aya mata kuliah nulis carpon, maca carpon” Cenah. Kalawan wijaksana Pa Idat ngajelaskeun bedana kurikulum. Di Unpad mah teu nyitak guru sastra, tapi ahli sastra/panalungtik. Ahirna dina tungtung smester, Yoseph, Usep Romli, jeung Karno parindah ka IKIP. Yoseph jeung Karno ka jurusan sastra Indonesia, Usep Romli HM ka jurusan sastra Arab. Di Sunda Unpad tinggal kuring jeung R.Hidayat Suryalaga, kolot na teh. Kuring jeung kang Hidayat, cicing soteh boga alesan sewang-sewangan, kuring manggih elmu aksara Sunda Ratu Pakuan, Dewanagari, jeung basa Sunda kuno, kang Hidayat ge sarua, leuwihna teu pindah ka IKIP teh, loba dosen di Sunda IKIP, babaturan wungkul, (Agus Sur, Karna Yudibrata, jsb) kagok, cenah. Yoseph kungsi ngadongeng yen pamajikanana teh urang Pagaden - Subang, adina bentang film Yatti Octavia, harita keur meujeuhna tenar.
Taun 1981 PP-SS diondang ka bumi Edi Tarmedi, SH ,suargi (budayawan nu nalungtik/nulis Wangsit Siliwangi) di Panawangan Ciamis. Nu indit 12 urang (Aam Amalia jeung rengrengan Mangle, Rahmat M.Sas, Eddy D.Iskandar, jeung kuring,make mobil Mangle, Hi-Ace.
Peutingna teu sarare, padahal beurangna ulin macangkrama di kebon cengkeh kang Edi, suargi, sorena silaturahmi jeung masrakat jeung para inohong Panawangan. Iseng, kang Rahmat M.Sas. ngalungkeun kartu. Maen baladan, Ciwidey ngalawan Garut, cenah, kuring jeung Eddy D.Iskandar ngalawan Usep Romli jeung Yoseph, padahal Yoseph lain urang Garut. Pada embung eleh, ngarobah-robah angka dina tulisan. Lapur geus maen 2 jam teh teu puguh eleh meunangna, nu sidik mah susuguh we peren. Taun 1983-1985 bareng deui di Sundanologi. Yoseph dibawa ku Saleh Danasasmita. Sacara otodidak manehna diajar basa Sunda kuno, jeung transliterasi naskah-naskah Sunda kuno. Satuluyna Yoseph neuleuman sajarah Sunda. Taun 1987 manehna jadi narasumber dina Gotrasawala Sajarah Sunda di Unpas. Horeng Yoseph geus pindah kuliah ti IKIP ka Unpas, bari digawe di Lembaga Kebudayaan Unpas. ti Manglena eureun. Kungsi sakamar di puncak, basa kongres paguyuban Pasundan taun 1993.Tembong harita mah Yoseph diarajenan ku inohong-inohong Paguyuban. Saterusna cenah ngajar di Unpas. Pleng lila teu panggih aya 2 taunna. Malah kabejakeun maot sagala. Sihoreng ka Amerika, teuing jeung saha. Nu sidik di Universitas Yale, cenah ngababar ngeunaan sajarah jeung aksara Sunda kuno. Ku civitas academia Yale disarebut Professor. Yoseph lulusna ti jurs. bahasa Indonesia, FpBS Unpas . Balik ti Amerika,dihareupeun ngaranna make gelar Prof.Drs. Kuring milu reueus jeung bagja. Kajeun manehna geus jadi inohong, malah geus ka mancanagara, teu pindah pileumpangan, angger darehdeh, gepyak, jeng hirupna basajan. Buku-bukuna kaitung loba nu geus diterbitkeun. Malah nyusun sajarah Jawa Barat jeung suargina Prof.Dr.H.Edi S. Ekadjati (pupuhu Sundanologi manten).
Panggih panungtungan basa kuring keur jadi redaktur Koran Sunda Manggung, taun 2000, di imah Eka Santosa, ketua DPRD Jabar, kuring diondang ngahadiran hiji pajemuhan di dinya. Indit jeung Budi Rahayu Tamsyah. Horeng para gegedug budaya Sunda araya. Inget we, kuring diuk gigireun Teti Kadi penyanyi sohor nu jadi anggota DPRD Jabar. Ngariung jeung Wahyu Wibisana, Hasan, Abing (Taufik Faturohman), jeung budayawan sejenna. Harita aya beda tetempoan, nya eta Raff (Rahmatullah Ading Affandi) nganggo iteuk bangun teu damang, jeung Yoseph diuk lungguh teu loba ngomong cara biasana. Nu matak heran, Yoseph make dangdanan baju Baduy, mawa kaneron. Tapi cicingeun, leungit sikep kritisna, ka kuring ge ukur seuri, geus we. Panasaran disampeurkeun basa keur standing party, cenah manehna ayeuna mah di Banten, keur nyusun sajarah propinsi Banten. Nu anehna deui, Yoseph teu udud, ditawaran ge embungeun.
Pleng les teu panggih deui. Sugan enya we tuluy cicing di Banten. Ari kamari Senen tanggal 31 Maret 2008, ka kantor kuring aya sobat, Haji Arman Ma'mun, ngadongeng, cenah boga tatangga anyar karek 2 mingu, di Ujungberung, maot. Ngaranna Prof. Dr. Yoseph Iskandar. Puguh we kuring ngagebeg, barang ditanyakeun ciri-cirina jeung ngaran pamajikanana, akur jeung gambaran Yoseph Iskandar. Malah ceuk si Haji mah aya dina koran sagala, cenah dina PR mah, disebutkeun yen “masyarakat Sunda telah kehilangan satu lagi seorang budayawan, Yoseph Iskandar. Ceuk si Haji keneh, kahirupanana sederhana cenah, kawas jalma biasa teu jiga-jiga jalma linuhung. Innalillahi wa inna ilaihi roji’un, mugia Yoseph Iskandar nu maot dina umur 55 taun, batur, sobat, dulur, kuring, ginuluran rahmat Ilahi Rabbi, dipaparin tempat nu endah tur senang, di alam baka. Bral baraya, miang ka kalanggengan, kuring jeung nu sejen ge bakal nuturkeun. Muga bae, sabada andika miang, basa, sastra, jeung sajarah Sunda sing leuwih ajeg hirupna, hasil tina ngacak-ngebur tatanduran andika, nu moal poho, dicatet ku mangsi emas, dina lambaran sajarah sastra jeung budaya Sunda, nu mangrupa bagian tina sastra jeung budaya dunya. Cag.





