Pameran Buku Islami 2008
Kalawan dimimitian ku maca bismilah tanggal 29 April nu anyar kaliwat Pameran Buku Islami dibuka ku Dr. Edi Siswadi, M.Si, ngawakilan Walikota Bandung. Pameran make tema “Baca buku saleh qolbu” teh lumangsung nepi ka 5 Mei 2008. diiluan ku 90 penerbit ti Jakarta, Jawa Barat, Jawa Tengah jeung Jogyakarta. Ketua Panitia, Ir. H. Sumbodo, dina laporanana nyebutkeun yen Bandung Islamic Book Fair 2008 mangrupa pameran buku nu nuansana Islami nu mawa urang kana pencerahan jiwa jeung nebelkeun iman.
Dina hiji hadis Rosululloh SAW ngadawuh: “Dina raga manusa aya sagebleg getih, mun eta getih hade, bakal hade sakabeh ragana. Lamun getihna ruksak, bakal ruksak oge sakabeh ragana. Eta getih teh nya eta hate”. Hate manusa ibarat supir mobil. Hade gorengna manusa gumantung kana hate. Kahadean henteu ngan saukur lahiriah, lantaran hate identik jeung unsur batin. Hartina kahadean nu dipiharep, nya eta kahadean lahir batin. Ku kituna usaha meresihan hate bakal nangtukeun jalan nu bakal disorang. Tangtuna jalan nu keur disanghareupan henteu ngan saukur dina orientasi kahirupan dunya tapi nepi ka kahirupan aherat.
Salasahiji usaha sangkan jadi jalma soleh nya eta ku jalan neuleuman elmu kaagamaan. Agama mangrupa nutrisi pikeun hate nu bakal nyegerkeun nepi ka jadi pribadi anu soleh lahir jeung batin. Rasa soleh henteu ngan ukur ditembongkeun ku kahadean jeung kapadulian, tapi indit tina kasadaran kana pentingna tanggungjawab hareupeun Pangeran.
Nyarita masalah pangaweruh kaagamaan, buku jadi salahsahiji unsur nu teu bisa dipisahkeun. Rekaman buku ngeunaan khasanah kaelmuan Islam jeung efektifitas ajen inajen Islam ku pembaca mangrupa bukti nu geus dikukuhkeun bebeneranana ngaliwatan sajarah nu panjang. Kitu deui luhurna mobilitas manusa di era informasi kiwari, ngajadikeun buku hiji kabutuh nu teu bisa ditinggalkeun deui.
IKAPI sabage lembaga nu pangdeukeutna ka dunya buku nyawang eta hal sabage tuntutan moral pikeun digawe jeung partisipasi dina mere kontribusi positif pikeun ummat Islam. Aplikasi tina kapadulian teh mangrupa dilaksanakeunana Bandung Islamic Book Fair 2008 di Landmark Convention Hall jalan Braga 129 nu lumangsung kalawan gawe bareng jeung Pemkot Bandung.
Drs. H. Anwarudin, Ketua IKAPI Jawa Barat, ngarasa atoh ku beuki lobana penerbit nu jadi peserta pameran. Tina 130 stand nu aya, ditempatan ku 90 penerbit Islam jeung distributor buku nu aya di Jawa Barat, Jakarta, Jawa Tengah jeung Jogyakarta. IKAPI sabage wadah insan penerbitan salilana bakal ngalaksanakeun amanat UUD 1945 nya eta “Mencerdaskan kehidupan bangsa”, lantaran masih tetep yakin buku masih nyekel peranan anu penting tur strategis sabage sarana transfer elmu di tengah-tengah media informasi sejenna. Pasang surudna penerbitan buku di tengah-tengah kateupastian ekonomi global kiwari, henteu meunggaskeun harepan para penerbit, tapi tuluy usaha sangkan buku tetep eksis.
Saterusna Ketua IKAPI Jabar netelakeun yen Bandung Islamic Book Fair geus jadi kalender kagiatan unggal taun, sanggeus ngaliwatan sababaraha tinimbangan, diantarana: toko buku teu bisa nampung sakabeh buku nu diterbitkeun, pameran mangrupa sarana promosi nu penting pikeun para penerbit.
Sawatara kitu Ketua IKAPI Pusat, Setia Dharma Madjid, nitenan yen peranan buku enggoning ningkatkeun kasolehan kaum muslimin beuki gede. Sanajan kegiatan ceramah nu sok dipigawe ku para da’i loba didatangan, peran buku teu bisa dikagigirkeun. Ceramah mah ngan sakeudeung pangaruhna, jeung teu bisa dibalikan deui. Sedengkeun buku bisa dibaca sababaraha balikan, dibaca deui lamun aya nu poho. Ceramah masih umum sipatna. Lamun urang hayang leuwih eces tur jero neuleumanana, nya ku jalan maca.
Ustad jeung mubaleg nu geus kamashur henteu ngan sakadar pinter ceramah. Maranehna geus ngarasakeun pentingna buku. Lantaran ceramah bisa didokumentasikeun mangrupa buku. Jadi bisa dibaca ku generasi saterusna. Loba ustad nu kamashur lantaran maranehna oge penulis buku.
Tarjamahan buku karya ulama nu mashur saperti Yusuf Qardhawi, Aidh Al Qaeni ngabantu pisan ka pembaca. Ku jalan maca, urang teu kudu ngahadiran ceramah aranjeunna di luar nagri. Cukup ku jalan maca, urang bisa interaksi jeung pamikiran anjeunna, iraha bae.
Sabage bangsa anu umat islamna panglobana, kuduna urang nerbitkeun buku nu bisa diangkat kana forum internasional. Salila ieu, lamun urang ka Frankfurt atawa Kairo, urang ngan jadi tukang meulian copyright ti nagara sejen. Ngaliwatan pameran ieu Ketua IKAPI Jabar nangtang ka para penerbit pikeun nerbitkeun buku-buku nuansa Islami, nu bisa dijual hak ciptana di pameran internasional. Dina hal pamikiran-pamikiran kaagamaan nu sipatna normatip memang urang teu bisa nyaingan. Tapi muatan lokal agama atawa potret ummat Islam daerah di Indonesia bisa jadi mibanda ajen leuwih pikeun panerbit Indonesia.
Minimal di Asia Tenggara buku-buku urang bisa ditarima. Sababaraha penerbit Indonesia geus aya nu barter naskah jeung penerbit Malaysia. Gawe bareng ieu mangrupa bisnis anu silih nguntungkeun.
Dina kasempetan ieu Ketua IKAPI Jawa Barat ngumumkeun rehna tanggal 18 Mei 2008 bakal aya acara pembagian 10.000 buku gratis ka sing saha bae nu hadir di plaza Balaikota Bandung, jeung aya acara palila-lila maca nu bakal diasupkeun ka Musium Rekor Indonesia (MURI).
Walikota Bandung, H. Dada Rosada, M.Si, dina sambutan tinulis nu dibacakeun ku Sekda Kota Bandung, nyebutkeun yen Bandung Islamic Book Fair 2008 mangrupa even taunan nu salawasna meunang sambutan ti pengunjung. Hal ieu teh lantaran beuki luhurna tingkat kabutuh masarakat kota kana buku-buku Islam. Malahan di era teknologi informasi jeung komunikasi anu nawarkeun rupa-rupa alat nu canggih, buku masih tetep jadi pilihan utama lantaran gampangna akses jeung hargana nu relatif kabeuli.
Hanjakalna buku hade tur kabeuli masih mangrupa barang langka. Ku kituna geus jadi kawajiban urang pikeun terus ngenalkeun, nyadiakeun jeung ngamasarakatkeun buku nu luhur kualitasna ka masarakat. Hususna buku-buku islami. Hal ieu mangrupa ihtiar anu kudu meunang dukungan ti saha bae. Lantaran ngaliwatan buku, masarakat bakal diajar pikeun nangtukeun sikep dina nyanghareupan hirup sacara leuwih arif jeung wijak, nu ahirna ningkatkeun kualitas kahirupan pikahareupeun.
Ihtiar IKAPI Jabar sacara rutin ngagelar pameran buku di kota Bandung, nembongkeun perhatianana kana peningkatan kualitas sumber daya manusa jeung elmu pangaweruh. Hal ieu mangrupa sumbangan anu gede pikeun akselerasi Visi Bandung sabage Kota Jasa & Bermartabat, dina raraga ngalaksanakeun 7 program prioritas pembangunan nya eta pendidikan, kasehatan, kamamuran, lingkungan hirup, olahraga, senibudaya, jeung agama, hususna dina ngahontal target Bandung Cerdas 2008 minimal SLA jeung Bandung Agamais 2008.
Sabada upacara pembukaan anu direuah-reuah ku sanggar seni Senada’s, diayakeun acara nyerahkeun buku wakaf ka Dewan Mesjid Indonesia (DMI) Kota Bandung. Diteruskeun ku Penandatanganan Kerjasama IKAPI Jabar jeung Pos Indonesia. Sarta salila 7 poe dijadualkeun sababaraha kagiatan nu ngadukung pameran, diantarana: diklat, lomba, seminar, pertunjukan seni budaya (Djodi Prihatna SA).***





