Salaka Edisi Oktober 2009

Pesta Buku Bandung 2008

Pesta Buku Bandung 2008 mangrupa kagiatan gawe bareng IKAPI Jawa Barat jeung Pemda Kota Bandung, realisasi ti salahsahiji program kerja IKAPI Jawa Barat pikeun ningkatkeun peranan buku dina kahirupan masarakat, hususna masarakat kota Bandung, umumna Jawa Barat. Pameran anu lumangsung 29 Januari nepi ka 1 Pebruari 2008 diiluan ku 80 Penerbit nu aya di Jawa Barat, Jakarta, Jawa Tengah, Jogyakarta jeung Jawa Timur. Lobana aya 130 stand, pinuh kabeh. Diramekeun ku acara penunjang saperti bedah buku, peluncuran buku, rupa-rupa lomba pikeun barudak, seminar.

“Rupa-rupa pesta bisa dilakukeun lantaran fungsina lega jeung penting dina kahirupan masarakat”, cek Ketua Panitia, Dra. Hj. Rema K. Sunandar. “Ti mimiti pesta tulisan nepi ka pesta audio visual. Lantaran buku kiwari henteu ngan mangrupa barang cetakan wungkul, tapi oge dina wangun CD jeung e-book. Ti mimiti buku barudak nepi ka buku dewasa, buku pangajaran SD, SMP, SLA nepi ka paguron luhur, buku umum jeung buku agama. Ti mimiti dibere diskon 20 % nepi ka diskon 50 %.” Singgetna, IKAPI usaha satekah polah nyumponan kabutuh masarakat pembaca anu karakter jeung minatna rupa-rupa, sarta miharep masarakat bisa ngamangpaatkeun ieu kagiatan.

Ketua IKAPI Jabar, Drs. H. Anwaruddin, dina sambutanana nyebutkeun yen pasang surudna dunya penerbitan buku di tengah-tengah kateu-pastian ekonomi global kiwari, henteu meunggaskeun harepan para penerbit, tapi tuluy usaha sangkan buku tetep eksis. Lantaran ayana kayakinan yen buku mibanda peranan penting pikeun “mencerdaskan kehidupan bangsa”. Pesta Buku Bandung geus jadi kalender kagiatan IKAPI Jawa Barat unggal taun, sanggeus ngaliwatan sababaraha tinimbangan, diantarana: toko buku teu bisa nampung sakabeh buku nu diterbitkeun, pameran teh sarana promosi nu penting pikeun para penerbit. Dina taun ieu pameran bakal dilobaan, nu tadina dua kali, rek diayakeun tilu kali.

Sawatara kitu Ketua IKAPI Pusat, Setia Dharma Madjid, nyarita yen unggal taun di Landmark lumangsung pameran buku. Ti mimiti taun 2007 pameran buku diayakeun dua kali dina sataun, hal ieu nembongkeun yen industri buku tumuwuh kalawan cepet di kota Bandung. Geus sakuduna urang muji syukur kana hal ieu. Tapi kudu dipertimbangkeun deui, naha dua kali sataun geus cukup atawa perlu ditambah deui? Panitia Pameran jeung pangurus IKAPI Jabar kudu ngaevaluasi pelaksanaan pameran, dipiharep bisa make standar nu sarua jeung konsisten sangkan tumuwuhna ti taun ka taun bisa kasawang kalawan jentre.

Setia Dharma Madjid nambahkeun, yen kota Bandung beunghar ku seni jeung budaya. Geus samistina kabeungharan seni budaya teh dibukukeun. Muatan lokal henteu ngan ditawarkeun sacara nasional, tapi bisa oge sacara internasional ngaliwatan Frankfurt Book Fair. Waktu IKAPI partisipasi di ditu taun 2007 buku-buku seni jeung budaya cukup meunang pangajen, hak ciptana dibareuli. Sangkan gampang pikeun calon pembeli, buku muatan lokal teh diterbitkeun dina basa Inggris. Paling saeutik dina wangun dummy sangkan bisa ditatawarkeun hak ciptana ka panerbit luar nagri.

Peran pamarentah sabage fasilitator kacida pentingna dina pameran buku, ku kituna inyana ngaharepkeun pamarentah kota Bandung merhatikeun penerbit lokal. Lantaran industri buku sacara teu langsung ngabantu tugas pamarentah enggoning ngagerakkeun ekonomi sakaligus ngurangan panganggur.

Penerbit pantes mere ajen ka pencinta buku. Program diskon gede-gedean perlu dipertahankeun pikeun stimulan ka langganan. Peluncuran buku anyar, diskusi interaktif jeung inohong perbukuan, pertunjukan seni jeung lomba-lomba, mangrupa wujud nyata pendekatan jeung pengenalan palaku industri buku ka masarakat, hal ieu sawadina terus dilakukeun.

Walikota Bandung, H. Dada Rosada, M.Si, nyarita yen profil kota Bandung anu jadi cita-cita warga sabage Kota Jasa nu Bermartabat, mibanda ajen jeung kareureus. Pikeun ngarealisasikeun harepan kasebut pamarentah geus netepkeun 7 program prioritas pangwangunan dina widang pendidikan, kasehatan, kamamuran, lingkungan hirup, senibudaya, olahraga, jeung agama. Ka-7 program ieu make 5 Gerakan: Gerakan Penghijauan, Hemat dan Menabung; Gerakan Cikapundung Bersih; Gerakan Udara Bersih; Gerakan Sejuta Bunga; Pembibitan, Penanaman, Pemeliharaan, Pengawasan Lingkungan Hidup (P4LH). Ditambah deui ku muatan lokal Lingkungan Hidup pikeun TK nepi ka SMP. Cita-cita ieu bakal jadi kanyataan lamun ditunjang ku sumber daya manusa nu berkualitas jeung berdaya saing. Ku kituna unggal individu diperedih sangkan mampuh nyumponan harepan kasebut, diantarana ku jalan loba maca buku sangkan nambahan kaweruh.

Buku teh salah sahiji sumber pangaweruh nu penting, sabab buku teh gudangna elmu. Hartina sagala anu aya patalina jeung elmu pangaweruh, seni budaya, jeung sawatara aspek kahirupan sejenna bisa kabaca dina buku. Kalawan saderhana bisa digambarkeun yen kamekaran elmu pangaweruh jeung teknologi urang tinggaleun dibanding jeung nagara-nagara sejen. Balukarna, tingkat pendidikan, kasehatan jeung daya beli masarakat relatif kurang. Salian ti eta daya saing masarakat oge masih dina posisi anu kurang nguntungkeun. Hal ieu aya patalina jeung kurangna minat baca, lantaran beuki gede minat baca, daya saing bakal ningkat. Beuki jauh urang tina buku beuki deukeut kana keterbelakangan.

Loba keneh pagawean nu kudu dilakukeun, kaasup ningkatkeun minat baca. Ieu henteu gampang, lantaran kudu ngarobah pola hirup jeung adat istiadat. Perlu ayana upaya nu sistematis jeung sinambung nepi ka urang beuki pinter maca lingkungan jeung ngawasa komitmen kuat pikeun ngangkat harkat jeung martabat urang. Salah sahji upaya ngadorong minat baca teh ngaliwatan Pesta Buku Bandung 2008, anu sahenteuna jadi sarana ngenalkeun buku ka masarakat, nepi ka jadi daya tarik geusan ningkatkeun minat baca. Dina giliranana, dipiharep warga kota beuki pinter, mibanda ahlak mulya, sajajar jeung masarakat atawa bangsa sejen. (Djodi Prihatna SA).***

Deherba