Parabot Imah Harirup Sorangan
Parabot imah, kayaning piring, gela pisin jeung nu sejenna, titingalian teh haliber. Naha bener titingalian teh atawa pedah keur lieur kitu? Tapi sanggeus panon digisik-gisik oge , angger bae piring jeung pisin teh kakalayangan. Padahal tadi mah geus dikumbahan, diteundeun dina rak piring deukeui kamar cai. Saha nu nyokotna tina rak piring? Ny.Yeni medarkeun pangalaman aher ka SALAKA. Ny.Yeni, 26 taun, urang Bandung, kawinna ka DIDI teh geus aya kana tilu taunna, boga anak awewe hiji, umurna tilu taun. Samemeh nyicingan imah di kampung Jelekong, kungsi nyewa heula di Banjaran aya kana sataunna, lantaran hayang boga imah sorangan.
Basa aya beja ti sobatna yen aya imah di kampung Jelekong nu cicilanana murah, salakina maksakeun maneh nyokot. Keun wae jauh-jauh oge ari imah sorangan mah teu nanaon, cenah. Tibatan imah jauh bari ngontrak-ngontrak mah.
Mimitina mah nyicingan imah teh beulah kidulna, aya meureun kana genep bulanna mah. Tapi kusabab teu betah, antukna menta ka nu boga perumahan sangkan pindah ka beulah wetanna, lantaran harita mah masih keneh loba imah nu kosong can aya nu mareuli, atuh pindah teh gampanmg pisan.
Pangna pindah , sabenerna lain teu betah-betah teuing, cek Ny.Yeni medar pangalamanana ka SALAKA, tapi lantaran unggal peuting tara bisa sare, sok diganggu bae ku mahluk halus.
Ny.Yeni ngarasa teu ngarti, naha mahluk halus teh bet aya di imah manehna, lain di imah batur. Naha kitu samemeh dicicingan ku manehna teh geus dicicingan kusabangsaning mahluk halus kitu ? Basa nyicingan imah nu Beulah kidul, cek Nyi. Yeni, aya kajadian-kajadian nu aheng, matak muringkak bulu punduk.
“Harita teh abdi parantos kukumbah, tewras di disimpen dina rak piring.” Ceuk Yeni ka SALAKA. Sabada ngumbah , tuluy masak di dapur. Basa keur masak teh , teu pupuguh make jeung hayang ngareret kana wadah nu aya dina rak piring tea, ny.Yeni mani olohok mata simeuteun barang nempo wadah nu geus dikumbahan teh loba nu ngalayang, siga haliber luhureun rak piring. “Duka ku naon deuih , bulu punduk oge bet ngadadak ting puringkak, rasa sieun oge.” Pokna deui.
Aya kana saparapat jamna parabot dapur ting kalayang. Geus kitu pisin, piriong, gelas lalaunan tarurun , arasup deui kana wadahna masing-masing. Parabot teh taya anu peupeus hiji oge, kawas nu apik neundeunna.
Kajadian aheng nu kaalaman ku Ny.Yeni teh teu dibejakeun kasalakina. Sieun pajarkeun akon-akon wungkul, disangka teu betah di imahna, padahal anu sabenerna mah kajadian aheng teh karandapan ku manehna sorangan.
“Eta kajadian teh saneh wengi, tapi sonten, kintenkinten tabuh opat.” Ceuk Yeni.
Lantaran ngarasa sieun cicing di imah sorangan, bari ngadagoan salakina dating ti pagawean, ti isuk nepi ka sore teh Ny.Yeni tara cicing di imah. Ngider natangga ka unggal imah. Kitu oge ka tatangga nu deukeut tara bebeja perkara kajadian nu ceuk rarasaanana mah aheng. Sabab kateuteuari ngomong ka tatanggana, bisi pajarkeun ngan saukur ekol hayang natangga wungkul. “Langkung sae disidem bae ku nyalira.” Pokna.
Sanggeus aya dua bulanna nyicingan imah teh, kakara kajadian nu aheng te kaalaman oge ku Didi , salakina. Tengah peuting, kira-kira tabuh sabelas, Didi keur anteng lalajo tivi di tengah imah, cai kean nu aya di dapur ujug-ujug ngagolontor, kawas keranna aya nu muka. “Pun lanceuk teh teras ka dapur mareuman kean, tos kitu ka tengah bumi deui neraskeun nongton tivi,” ceuk Yeni. Ngan teu sababaraha lila ti harita, dumadakan keran meunang maeuman teh caina ngocor deui siga aya nu muterkeun. Tapi saha numukakeun keranna, sabab taya jalma saurang-urang acan, nu aya teh iwal ti Ny.Yeni kadua anakna nu geus sare di jero kamar. Euweuh sasaha, piraku keranna geus dol mah. Tapi pan bieu geus pareum, cenah.
Sanggeus keran dipareumah kadua kalian, Didi diuk deui bari anteng lalajo tivi di tengah imah. Tapi, Didi ngajenghok basa ngadenmge aya budak leutik keur ceurik ngabangingik di dapur. Barang dating ka dapur euweuh sasaha. Puriding bulu kudukna muringkak, tuluy balik deui ka tengah imah mareuman tivi, leos ka kamarna, sare jeung pamajikanana. “Kajadian aheng teh sanes sakali dua kali , ampir unggal dinten,” ceuk Ny.Yeni.
Lantaran kajadian nu aheng tehj remen pisan kaalaman, boh ku Ny.Yeni boh ku Salakina,antukna maranehanana ngarasa teu betah nyicingan eta imah. Saterusna titirah ka imah mitohana, kolotna Didi di Ciparay Majalaya. Naha bener di imahna teh aya sabangsaning dedemit atawa jin ? Wallahu’alam.(Wanem)





