Salaka Edisi Online

Dodol Ganas Subang

Ti kota Bandung, kasohor ku peuyeumna, ti Sumedang oleh-olehna tahu, kitu oge ti kota Garur kasohor dodolna the.Sabenerna kaolahan dodol the , lain ti kota Garut bae, tapi ti Kabupaten Subang oge kasohor ku dodol ganasna, Rasana ngeunah bari karasa ganasna, kusabab dijieunna oge tina ganas.

Dina taun 1997 ibu-ibu anus ok melak ganas di pakarangan imah atawa di kebon, nu ngagabung ka Kelopok ibu=ibu PKK Mekarsari Desa Tambak Mekar, ngariung, lantaran diber “ penyuluhan “ ku Dinas Pertanian Jalan Cagak Kabupaten Subang, sangkan ganas nu ngaleuya di Kabupaten Subang , ulah mubazir, tapi kudu dijadikan kaolahan sejenna.

Tah, harita the ceuk Ikeu Kartika Sari , Ketua Kelompok Ibu-ibu PKK Mekarsari Desa Tambak Mekar,Kecamatan Jalan Cagak Kabupaten Subang, Ibu-ibu PKK the ku pihak Dinas Perindustrian Kabupaten Subang, dibere cara-carana pikeun ngolah ganas sangkan jadi kaolahan nu bisa didagangkeun, dijadikan dodol ganas.

Sanggeus dibere “penyuluhan” ibu-ibu PKK nu tadina sok melak ganas wungkul the,ayeuna mah boga kagiatan nu sejenna deui, salian ti melak ganas the sok nyieunan dodol ganas.

“Kelompok nu ku abdi di kokolakeun the sadayana aya duapuluh urang.” Ceuk Ika Kartika ngajentrekeun ka SALAKA.

Mimitinamah dodol ganas hasil kaolahan Ibu-Ibu PKK the ditampung ku Ika Kartika, tuluy didagangkeun ditokona nu aya disisi jalan kota Subang. Nu mareuli dodol ganas,lain bae urang Subang, tamu-tamu ti luar daeah nu datang ka Subang ge, sok ngahaja mareuli dodol ganas keur oleh-oleh, bawaan ka imahna.
Tapi ceuk Ika mah, kusabab nunyieun dodol the lain dijieun ku sorangan, tapi ku lobaan,masingh dijieunna tina ganas jeung resepna sarua oge , rasana mah beda-beda, teu sarua.

“Ari nu meser mah, kahoyongna the nuraos bae, “pokna deui.

Pikeun ngajaga rasa, ulah beda-beda deui, ngahaja Ika Kartika the teu narimaan deui dodol ganas ti Ibu-ibu PKK sejenna, tapi husus ngadagangkeun dodol ganas buatannana. Tepi ka ayeuna , ari ngaranna mah sarua, tapir asana bae nu beda the. Kabehanana oge sarua dodol tina ganas , cenah.

Lain Si madu

Ganas ti Subang nu kasohor, ganas si madu , salian ti rasana amis the loba caina. Lamun ganas si madu dijieun dodol, pasti rasana bakal ngeuna pisan, moal aya rasa haseum. Ngan ari keun nyieun dodol mah ceukIka ngajentrekeun ka SALAKA, lain tina ganas si madu, tapi tina ganas biasa nu sok didagangkeun di pasar-pasar.

“ Kumargi upami ganas si madu didamel dodol mah, moal kaberik ngicalna, moal gaduh untung,”pokna bari imut.

Saban poe sok nyieynan dodol ganas mah, iwakl ti Ika Kartika, tina sapoena the nyieun dodol aya kana opat katelna.
“Dina sakatel aya 12 kilona.” Ceuk Nani nu geus opat taun jadi tukang ngolah dodol ngajentrekeun ka SALAKA.

Buruh keur nyieun dodol, dina sakatelna the Rp. 10.000 rebu Ari ngolahna , ceuk Nani deui, lilana antara tilu nepi ka opat jamna.

“Alhandulillah, ari Rp.400 rebu mah sasasih mah aya,” pokna deui bari tungkul ngucek-ngucek dodol dina katel.

Nurutkeun Ika Kartika mah, keur ngolah , mungkus dodol jeung keur ngepakna, ngabogaan 13 urang pagawe.Ari modalna mah, kaasupberdikari, cenah. Mimitina mah ngan saukur boga modal Rp.600 rebu, tuluiy dibere injeuman Rp.100 juta.enah.

“Ayeuna parantos lunas,kantun modal nu nyalira.” Pokna deui.

Hese masarkeunana.

Nurutkeun Ika Kartika, ku tayangan dina TV Swasta ti Jakartanu ngapromosikeun dodol ganas buatan Subang, dodol ganas the kiwari dipikawanoh deui. Ngan hanjakal pokna the, tepi ka kiwari dodol ganas hese pisan masarkeunana, utamana mah ka luar daerah.

“Ari ngan saukur di kota Subang mah moal tiasa ngaronjat.” Enah.

Padahal dodol ganas oge , sarua jeung dodol Garut, bisa kuat nepi ka opat bulanna , cenah. Tapi kusabab teu bisa masarkeunana, dodol ganas mah ngan saukur tepi ka daerag Bandung jeung Jakarta, tacan nyebar ka daerah sejenna.

“Dina masarkeun dodol ganas ieu, peryogi pangrojong ti pamarentah.”pokna deui.

Dina sual “kemasan” sabenerna mah , moal eleh –eleh teuing cara dodol Garut. Kitu oge dina sual harga, ampir sarua, sakilona Rp.12.500,-.cenah. (Wan)

Deherba