Salaka Edisi Online

Pasang Surudna Pramuka Di Kota Bandung

Catetan pikeun Kakwarcab Kota Bandung, Drs. Edi Siswadi, M.Si
Ku: Djodi Prihatna, S.Bk *)

Sanggeus kemah bakti Pramuka di Tegalega dina raraga HUT Pramuka, masih tacan karasa nambahanana jumlah anggota. Mudah-mudahan ku kagiatan Lomba Kreatifitas tanggal 18 September dina raraga mapag HUT Kota Bandung, impian para pembina sangkan pramuka ngaleuya deui teh bakal cumpon. Samemeh dibagi rapor bulan Juli 2004, kuring meunang beja ti guru honor, yen engke dina waktu pere ahir tahun baris diayakeun perkemahan. Satadina mah bungah hate teh, lantaran tangtu kemah nu rek diiluan ku barudak teh nya eta perkemahan nu biasa diayakeun ku Pramuka. Da memang kitu kuduna atawa waktuna pikeun pramuka ngayakeun perkemahan mah dina waktuna pakanci. Apan pramuka teh salasahiji kagiatan keur ngeusian waktu pere sanggeus dibagi rapor.

Tapi kacida ngarasa hanjeluna barang ngadenge beja tambahan, yen anu rek ngayakeun perkemahan teh geuningan anggota Paskibra. Naha bet kitu? Malahan nu jadi luluguna oge pembina paskibra, pembina osis jeung pks kesiswaan. Sanajan akhirna mah memang eta kagiatan teh teu tulus dilaksanakeun lantaran masih keneh loba pagawean nu tacan rengse, nya eta tugas-tugas para pks jeung para staf salila pere.

Handeueul puguh oge! Di sakola kuring mah pramuka jadi anak tere. Sabab kagiatan ekstrakurikuler ayeuna geus dieusian ku mangpirang-pirang kagiatan. Salian ti pramuka teh aya paskibra, pmr, pencasilat, karawitan, karohanian, ditambah deui ku kagiatan anyar nya eta maen bal jeung basket.

Anu tadina mah pangajaran penca silat teh kaasup kana mulok, dirobah. Keur barudak kelas II jeung III mah angger mulok, tapi keur kelas I jadi ekstra. Hartina ayeuna mah di SMP teh geus asup organisasi penca. Sedengkeun paskibra anu baheula mah syaratna teh kudu anggota pramuka heula, kiwari jadi organisasi di luareun pramuka. Anu padahal ngan perelu sababaraha urang, ayeuna mah diwenangkeun neangan saloba-lobana anggota. Karawitan anu cenah pangajaran (mulok), dina seuhseuhanana mah lantaran meunang ngayakeun kagiatan, nya bisa bae robah jadi organisasi. Ari geus kieu kumaha?

Naha lain Pramuka?

Leuwih ti handeueul, waktu nongton televisi loba barudak sakola nu kemah di gunung atawa tempat sejenna. Ari pek lain dipake pikeun kagiatan anu positif. Anggur barobogohan. Malah loba kabejakeun nu mabok-mabokan. Aya deui kabejakeun anu leungit, kapanggih geus jadi mayit. Lantaran pangaweruhna ngeunaan kemah jeung naek gunung masih kurang, kalengkepan perkemahanana oge basajan pisan. Malahan ampir teu aya persiapan, boh pikeun naek gunung, kemah atawa perjalanan (lintas alam).

Dina nyanghareupan MOS (Masa Orientasi Siswa) taun ieu karasa pisan bedana. Mun taun kamari kuring masih keneh dibere hanca pikeun ngayakeun MOS make jadwal khusus keur pramuka. Taun ieu mah MOS diayakeun poe Senen nepi ka Rebo, Kemisna cenah ngayakeun kunjungan wisata, kakara Jumaah diteruskeun meuting nepi ka Saptu isuk, eta bagian ekstrakurikuler cenah. Eukeur mah pramuka teh geus dikurangan porsina ku ayana ekstrakurikuler sejenna tea. Nu akhirna mah pramuka dianggap sabagian tina ekstrakurikuler.

Padahal baheula mah eta kagiatan ekstrakurikuler nu ayeuna mandiri teh sabenerna mangrupa kagiatan pramuka. Mun dina pramuka aya PPPK (ayeuna mah PPGD) apan sarua bae jeung organisasi PMR. Tata Upacara nu biasa diayakeun ku pramuka geuning ayeuna mandiri jadi organisasi Paskibra. Penca silat baheula mangrupa kagiatan bela diri (aya TKK-na) pikeun anggota pramuka, ayeuna mah jadi organisasi penca lantaran geus diasupan ku organisasi penca ti luareun sakola. Kitu deui nu ngaranna maen bal, basket, karohanian, karawitan, anu sabenerna mah eta teh mangrupa kagiatan, lain organisasi, pan ayeuna mah jadi organisasi ekstrakurikuler, jadi rivalna (saingan) pramuka deuih!

Sok inget jaman masih aktif jadi pembina gudep di SMP PGRI antara 1983-1986. Harita mah porsi pramuka dina MOS masih keneh gede. Saminggu lilana MOS dihijikeun jeung orientasi pramuka. Dituluykeun waktu jadi pembina gudep di SMP Negeri Cikaum, Kabupaten Subang taun 1987-1990. Sarua di ditu ge saminggu masa orientasi pramuka jeung osis, dituluykeun ku Persami (Perkemahan Saptu Minggu). Malahan kuring salaku pembina pramuka teh dibere jabatan di OSIS jadi anggota MBO (Majelis Pembimbing OSIS). Ari ayeuna? Taun 2004 dina ngabaladah taun pangajaran anyar, pramuka ngan jadi sabagian tina ekstrakurikuler nu lobana leuwih ti 6, sarta ngan dibere waktu pikeun tampil dina acara api unggun malem Saptuna. Teu dibere kasempetan ngenalkeun-ngenalkeun acan naon materi kapramukaan teh!

Leuwih jauhna deui, kuring sok asa hayang balik deui ka baheula, waktu masih jadi Pembina Penegak taun 1972. Harita mah lamun aya kagiatan teh, ti suklakna ti siklukna pramuka pada karumpul. Basa mieling Harkitnas taun 1972 nu bareng jeung Hari Siliwangi, kuring sabatur-batur ngayakeun gerak jalan ngurilingan kotamadya (ayeuna mah kota) Bandung. Barisan teh estuning loba. SMA BPI tempat kuring ngalatih ngirimkeun leuwih ti 80 urang penegak, STM jeung SPG Negeri mah dikerid sasakola bararis sarta kabeh ge anggota Pramuka.

Jumlah Pramuka beuki ngurangan

Beuki dieu karasa jumlah anggota pramuka beuki kurang. Jigana di kota Bandung mah ngan siswa SMP/SMA Pasundan atawa swasta sejenna wungkul anu unggal poe Saptu marake seragam Pramuka. Padahal di Kabupaten saperti di Subang, Indramayu, Sumedang, Tasikmalaya, Cirebon, nu marake seragam Pramuka teh ti mimiti murid SD nepi ka paguron luhur. Atuda basa kuring masih mancen tugas di Subang mah Ketua Kwarcabna oge Bupati sedengkeun Ka Mabicabna nya eta Ketua DPRD. Kuring wae anu mingpin Gugusdepan dibaturan ku pembina putra jeung putri leuwih ti opat urang. Anggota pramuka sakabeh siswa ti mimiti kelas I nepi ka kelas III anu jumlah-jamlehna aya kana 400 urang, sabab jumlah kelas ngan 9. Sedengkeun kiwari di salasahiji SMP di kota Bandung, kuring ngan dibaturan ku saurang pembina putri, demi anggotana teu leuwih ti 20 urang putra/putri. Padahal jumlah siswa aya 900 urang sarta jumlah kelasna bae aya 21 kelas. Kacida ganjorna, lin?

Hal ieu tangtu beda jeung nu kaalaman ku guru-guru SD. Di SD mah anggota pramuka masih keneh loba. Kelas 4-6 teh paling saeutik aya kana 100 urang, kabeh wajib jadi pramuka. Ketang duka diwajibkeun, duka kasadaran sorangan. Atawa lantaran resep bae marake saragem pramuka unggal poe Saptu. Padahal eta teh geus dibagi jadi dua golongan nya eta Siaga jeung Penggalang.

Sanggeus ayana Keppres RI No. 238 taun 1961 tanggal 20 Mei 1961 pramuka ngadeg jadi hiji-hijina organisasi kapanduan, nu pernahna aya di antara sakola jeung imah. Hartina Pramuka teh hiji-hijina organisasi nu meunang ngayakeun kagiatan ekstrakurikuler di sagigireun OSIS, anu hiji-hijina organisasi intrakurikuler. Duka kumaha kabehdieunakeun asup organisasi penca, anu samemehna ngan meunang ngajarkeun wungkul ayeuna mah jadi nyieun cabang di sakola. Ditema ku pokalna PMI anu nyieun organisasi PMR, tuluy arasup ka sakola tingkat SMP. Padahal kagiatan PPPK (nu ayeuna PPGD) nu jadi dadasar PMR sabenerna ti baheula oge jadi salasahiji kagiatan pramuka. Ditema deui ku ayana organisasi Paskibra nu baheula mah mangrupa salasahiji kagiatan pramuka. Tambah deui ku kagiatan sejenna nu tadina sub pangajaran olahraga saperti maenbal, basket, renang, nu salin rupa deuih jadi organisasi ekstrakurikuler.

Departemen Pendidikan dan Kebudayaan (Depdikbud, ayeuna mah Depdiknas) baheula kungsi ngaluarkeun Keputusan Mendikbud anu eusina sangkan di unggal sakola aya gugusdepan (Gudep). Tah, hiji Gudep anu lengkep teh kudu diwangun ku hiji Perindukan Siaga, hiji Pasukan Penggalang, hiji Ambalan Penegak jeung hiji Racana Pandega. Sedengkeun Gudep anu sakolana wungkul SMP atawa SMA, paling ngan diwangun ku hiji Pasukan atawa hiji Ambalan. Pembinana mah tetep paling saeutik kudu aya dua. Ditambah deui ku misahna antara Gudep Putra jeung Putri. Jadi Pembina di hiji SMP paling saeutik kudu aya 4 urang, nya eta 2 lalaki jeung 2 awewe.

Umumna kapala sakola ayeuna loba anu teu ngarti kana struktur organisasi Gudep. Jadi weh keur hiji Gudep nugaskeun guru saurang. Guru sejen da teu meunang tugas tea, diajak sababaraha kali oge embungeun. Malahan loba kapala sakola nu teu ngarti yen nu mere bantuan finansil/moral ka Gudep teh nu mangrupa Mabigus, kudu aya sababaraha urang. Ieu mah cukup ngan ku anjeunna sorangan. Edas, naha kitu? Atuh dina waktuna rek menta diresmikeun, kakara tatan-tatan nyusun Dewan Mabigus jeung Dewan Pembina. Sedengkeun sapopoe mah angger mercayakeun ka guru anu saurang tea.

Jadi pantes lamun salasaurang Pangurus Kwarcab nu kungsi ngobrol babalagonjangan jeung kuring nyarita yen hade pisan lamun calon kapala sakola SMP/SMA Negeri kudu anggota pramuka. Tawa dina salasahiji persyaratan nu henteu tinulis dina testing calon kapala sakola kudu aya katangtuan, calon teh kudu jadi Pembina Pramuka! Panuju tah! Namung duka ketang, naha kinten-kintenna Pa Edi Siswadi ngawidian upami aya persyaratan kitu?

Mapag Lomba Kreativitas Pramuka

Tanggal 4 Agustus 2004 dina Musyawarah Cabang Pramuka Kota Bandung geus kapilih Drs. Edi Siswadi, M.Si, nya eta Kapala Dinas Pendidikan Kota Bandung , salaku Ketua Kwartir Cabang Kota Bandung periode 2004-2009. Sarta dina tanggal 15 Agustus 2004 Pangurus Kwarcab Kota Bandung geus diistrenan ku Kakwarda Jawa Barat. Demi tempatna di Tegallega dibarengkeun jeung acara Perkemahan Bakti Pramuka Kota Bandung tanggal 15-16 Agustus 2004 anu diayakeun dina raraga mieling Hari Pramuka jeung Proklamasi RI.

Sanggeus diistrenan jadi Pangurus Kwarcab nepi ka kiwari tacan tembong kagiatan naon bae nu rek diayakeun ku para pangurus Kwarcab teh. Ngan dina tanggal 28 Agustus kuring meunang bocoran yen di Tegallega bakal diayakeun kagiatan Lomba Kreativitas Pramuka anu dijejeran ku Dinas Pendidikan Kota Bandung. Sarta surat geus disebarkeun ka unggal sakola. Ieu kagiatan bakal diayakeun dina tangal 18 September 2004 mapag HUT Kota Bandung. Dipiharep bakal diiluan ku 2000 anggota pramuka tingkatan Siaga, Pengalang jeung Penegak. Materi lombana: Siaga lomba ngalukis, Penggalang mah lomba Tata Upacara, sedengkeun Penegak lomba nyieun menara/jembatan.

Antara atoh jeung heran, kuring narima ieu warta. Atohna, lantaran impian jeung implengan kuring jeung batur-batur nu ngarasa tunggara ku kaayaan Pramuka di Bandung kiwari, bakal kaupahan. Sabab salian ti pamenta nu tinulis ngeunaan ieu lomba, ngaliwatan para PKS Kesiswaan geus dipiharep ku Dinas Pendidikan sangkan Pramuka mimiti dibere tempat nu hade. Dina harti, paling henteu jumlah anggota Pramuka kudu dilobaan ulah nepi ka leungit pisan. Malahan kudu aya perwakilan ti unggal ekstrakurikuler anu jadi anggota Pramuka, sarta engke dina ekstra masing-masing mere pangaweruh ngeunaan Pramuka. Ieu teh duka kabijakan ti Dinas, duka persepsina ti PKS. Ngan tibatan loba teuing ngadu prinsip, saheulaanan kuring ngaheueuhan bae. Da ari dina seuhseuhanana mah tangtu bakal beda kahayang kuring salaku pembina enggoning ningkatkeun jumlah anggota, dibandingkeun jeung kahayang nu lain pembina pramuka.

Demi anu jadi kaheran kuring saparakanca nya eta ieu Lomba Kreativitas teh kunaon bet diayakeunana ku Disdik (Dinas Pendidikan) lain ku Kwarcab? Tapi teu pati lila kaheran teh meunang jawaban. Hal ieu memang geus katitenan ti samemehna. Nya eta ti mimiti kagiatan Perkemahan Bakti Pramuka anu panitiana lain ti pangurus Kwarcab anyar, lantaran da ieu mah hajatna Ka Mabicab, nya eta Walikota Bandung. Kwarcab anyar daratangna peuting dina waktuna rek pelantikan, geus kitu mah baralik deui bae. Jadi jelas, euweuh gawe. Aya oge sababaraha urang nu ngarobrol jeung kuring di tenda, da kabeneran kuring meunang pancen jadi lurah perkemahan putra.

Ayeuna, dina waktuna rek diayakeun Lomba Kreativitas Pramuka nu tempatna oge di Tegellega, ampir teu aya pangurus Kwarcab anu jadi panitia. Anggota panitia Pelaksana ti penegak/pandega nu aya di lingkungan paguron luhur saperti UPI, IAIN jeung UNLA. Kacindekanana, pangurus Kwarcab oge teu aya gawe. Atawa embung babarengan gawe?

Sabenerna aya 2 solusi anu bisa dilaksanakeun sangkan pramuka di Kota Bandung hayang nambahan, atawa maju deui dina widang kuantitas. Kahiji, pangurus Kwarcab jeung Kwarran kudu daek “turba” ka gudep-gudep. Ayakeun pasamoan-pasamoan jeung kapala sakola boh SD, SMP, SMA/SMK atawa paguron luhur. Lain wae ku kursus orientasi Mabigus atawa KMD/KML. Eta ge penting tapi kudu diteangan jalan sejen nu leuwih keuna. Perelu-perelu teuing mah atuh silaturahmi ka Mabigus-mabigus. Jadi kacindekanana, pangurus lain ngan sakadar datang dina acara pelantikan, atawa cicing di tukangeun meja.

Mun taun 1975-1985 masih keneh sok aya perkemahan Pitaran Pembina, nu ayeuna disebut Karang Pamitran, naha masih keneh sok diayakeun? Karasa pisan, kurangna papanggih antar Pembina jeung Andalan teh nimbulkeun rasa males pikeun ngamajukeun organisasi.

Solusi kadua ngaliwatan birokrasi. Ieu geus mimiti dilaksanakeun ku ayana Perkemahan Bakti di Tegallega. Ditambah deui ku ayana Lomba Kreativitas nu tempatna oge rek di Tegallega (da jadina mah di Taman Pramuka, panulis). Sarta nu jadi harepan pikahareupeunana Tegallega dijadikeun Bumi Perkemahan pikeun Pramuka Kota Bandung (najan nepi ka ayeuna can bukti). Wilujeng sakali deui ka Drs. Edi Siswadi, M.Si nu kersa janten Kakwarcab, namung tangtos bakal seueur padamelan dina widang Pramuka nu teu acan kagarap ku rengrengan kapungkur, mugi tiasa dibaladah ku Saderek saparakanca. Kuring minangka anggota Pramuka nu hayang ningal kamajengan pramuka kota Bandung, taya kendatna miharep boh ka Pa Wali atanapi Kakwarcab supados merhatoskeun kamajengan pramuka boh tina segi kuantitas sareng kualitasna. Pami tea mah anggota pangurus Kwarcab anu nembe diistrenan, salami 3 sasih teu katingal gerak lengkahna, keur naon dipertahankeun. Langkung sae revisi sateuacan janten cucuk pikapayuneunana, sanes?

Parandene kitu, ieu tulisan lain nganaha-naha kana kagiatan di luareun Pramuka. Hal ieu mangrupa unek-unek nu karek kaluar ayeuna, lantaran geus lila teuing dipendemna, geus lila nu nulis nempo kaayaan anu beuki dieu lain hayang ngamajukeun organisasi Pramuka tapi malahan siga-siga hayang sangkan Pramuka tinggal ngaran. Kitu deui kaprihatinan nu nulis nempo ayana deui organisasi kapanduan heubeul diadegkeun, nya eta Hizbul Wathan (HW) nya eta organisasi pandu di lingkungan Muhammadiah. Kungsi deui aya beja ngadegna Pandu Kaadilan di lingkungan Partey PKS. Padahal apan taun 1961 oge geus eces, yen sakabeh organisasi kapanduan ti mimiti 14 Agustus 1961 dilebur jadi hiji nya eta Gerakan pramuka!

Muga-muga bae ieu tulisan bakal kapikir ku sadaya insan kapanduan, yen geus mangsana ti mimiti Agustusan ditema ku Septemberan urang bareng ngamajukeun deui Gerakan Pramuka, Gerakan Pendidikan Kepanduan Praja Muda Karana.****

*) Djodi Prihatna SBK:
Pembina Gudep di Kota Bandung. Mimiti ancrub di kepanduan taun 1960, eks anggota KBI (Kepanduan Bangsa Indonesia). Tanggal 11 Maret 2004 meunang TPOD mangrupa Lencana Pancawarsa VII ti Kwarda Gerakan Pramuka Jawa Barat.

Catetan Tambahan:
Ieu tulisan geus dimuat dina Majalah SALAKA No. 2 terbitan bulan September 2004. Jabatan ahir nu nulis (Djodi Prihatna, A.Md-MG), nya eta Ketua Kwartir Ranting Kec. Sukasari Kota Bandung periode 2005-2008, ku Kwarcab dibere pancen jadi pamingpin redaksi Majalah Gladian Kwarcab Kota Bandung, sarta 14 Agustus 2007 geus dileler TPOD mangrupa Lencana Darma Bhakti ti Kwartir Nasional.

Deherba