Surabi Imut, Tina Kadaharan Tradisional Dimodifikasi Jadi Kadaharan Modern Pikareueuseun
Tina bahan poko nu sarua nya eta tipung beas, kalapa jeung uyah, dimodifikasi bae eusina, nya jadi Surabi Imut. Aya nu eusina coklast kiju, coklat susu, kiju susu, jeung rea-rea deui. Pikeun kadaharan tambahanana aya pisang bakar jeung colenak. Nu matak reueus lantaran Surabi Imut kapilih ngeusian konsumsi pikeun ondangan di Istana Negara dina raraga Mieling HUT Kamerdekaan RI tanggal 17 Agustus 2004.
Baheula zaman nu nulis masih ngora mun hayang surabi kudu indit subuh keneh ngajugjug jalan Sawah Kurung. Lamun henteu Subuh pasti wae telat, kaburu loba manten nu antri mani ngagimbung. Tukang surabina geus tengah tuwuh, dibantuan ku budak lalaki nu ngasur-ngasur kai laleutik kana hawu taneuh minangka komporna. Atuh haseupna ge mani mulek, lantaran sangkan tambah hurung teh ditiupan make songsong awi. Demi masakna teu pati loba, paling dina sakali masak antara 4 surabieun. Nu matak ngagimbung teh lantaran nu meuli loba, sedengkeun masakna saeutik-saeutik. Malum nyieun surabi masih keneh tradisional.
Ayeuna lamun urang jalan-jalan Subuh geus rada carang nu ngajual surabi. Sanajan henteu leungit pisan ge. Tapi masih tetep aya ari nu ngajualanana mah. Saperti di Perumnas Sarijadi atawa di Lengkong masih keneh aya. Ngan teu pati loba cara baheula. Kitu deui di sababaraha perumahan heubeul masih keneh aya hiji dua tukang surabi anu masakna make cara tradisional.
Tapi di jalan Setiabudi mah beda deui. Nyicingan hiji ruangan nu lumayan lega, di jalan Setiabudi no. 175 aya tulisan “Surabi Imut”. Panasaran nu nulis asup ka rohangan nu pinuh ku tatamu, rereana barudak ngora. Aya karyawan, lolobana mah mahasiswa. Sanggeus alak-ilik sakeudeung, nu nulis langsung tumanya ka nu bogana.
Campuran antara tradisional jeung modern
Riana Rismawati (28 taun) kaasup pangusaha ngora anu ulet. Bareng jeung salakina Hendra Saputra, S.Sos (30 taun) ngabaladah usahana teh ti mimiti taun 1998. “Saleresna mah ieu teh pausahaan kulawarga. Ngawitanana mah waktos krisis moneter ku Apa dipiwarang bisnis ical galeuh daging, sedengkeun abdi sareng pun lanceuk milih bisnis angkot”, cek Riana.
Tapi rupana bae ieu dua bisnis teh henteu jalan alias bangkrut. “Abdi sareng pun lanceuk stres oge waktos bangkrut teh. Dina kaayaan labil kitu ningal seueur warung-warung tenda. Mung aricalanana teh kitu tea bangsa steak, hamburger. Akhirna kaemut hayang nyobi icalan anu rada benten.”
Lantaran harita ari nu ngajual surabi ti beurang nepi ka tengah peuting mah euweuh, inyana hayang nyoba nyampurkeun antara surabi nu tadina kadaharan tradisional make rasa nu modern. Dicoba ngamodifikasi eusina. Da ari bahan pokona mah pasti sarua jeung surabi nu ilaharna, nya eta: tipung beas, kalapa, uyah. “Komposisina mah rahasiah pausahaan”, cek Riana bari imut. Enya meureun nu matak dijadikeun ngaran pausahaanana Surabi Imut oge, da nu ngajualna sok arimut bae.
Di antara menu nu mangrupa surabi aya 27 rupa, nya eta: 1. Surabi oncom, 2. Surabi manis, 3. Surabi coklat, 4. Surabi coklat susu, 5. Surabi coklat susu keju, 6. Surabi pisang coklat susu, 7. Surabi pisang kiju susu, 8. Surabi pisang coklat kiju susu, 9. Surabi kacang coklat susu, 10. Surabi kacang kiju susu, 11. Surabi kacang coklat kiju susu, 12. Surabi kiju susu, 13. Surabi telor spesial, 14. Surabi telor oncom, 15. Surabi telor oncom spesial, 16. Surabi sosis spesial, 17. Surabi ayam spesial, 18. Surabi sosis ayam spesial, 19. Surabi telor sosis spesial , 20. Surabi telor ayam spesial, 21. Surabi telor sisis ayam spesial, 22. Surabi telor sosis ayam oncom spesial, 23. Surabi oncom ayam spesial, 24. Surabi oncom sosis spesial, 25. Surabi oncom ayam sosis spesial, 26. Surabi oncom spesial, 27. Surabi vla coklat. Hargana divariasikeun di antara Rp.1.000,- nepi ka Rp. 5.000,-
Pikeun menu tambahan nu dijualna nya eta: 1. Colenak biasa, 2. Colenak coklat susu, 3. Colenak kiju susu, 4. Colenak coklat kiju susu, 5. Pisang bakar coklat susu, 6. Pisang bakar coklat spesial, 7. Pisang bakar keju susu, 8. Pisang bakar kiju spesial, 9. Pisang bakar coklat kiju susu, 10. Pisang bakar coklat kiju spesial. Ieu oge variasi hargana antara Rp.2.500,- nepi ka Rp.3.500,-
Sedengkeun pikeun inumanana aya es buah, Susu coklat, Coffe mix, Cappucino, Teh manis, Lemon Tea, Teh botol, Coca cola, Susu soda, jeung lian-lianna anu hargana ge divariasikeun antara Rp.1.000,- nepi ka Rp.3.500,-
Jadi ti mimiti bulan Agustus 1998 Riana jeung salakina muka warung Surabi Imut teh. Mimitina mah di hareupeun SMP Negeri 12 Bandung. Nu mareulina oge tadina mah karereaanana siswa SMP Negeri 12 tea. “Ngawitan mah unggal wengi teh ngan seep 2 kg tipung beas. Tapi ayeuna parantos dugi ka nyeepkeun 50 kg sawengi”, cek indung ti dua budak teh. Memang harita targetna oge ngajual pikeun barudak sakola, tapi ayeuna mah targetna ka umum. “Ningal nu meser unggal wengi tiasa katangen 80 persen barudak ngora, mahasiswa , sedengkeun 20 persenna deui sepuh”, cenah.
Unggal peuting lantaran per meja make nomer, biasana nepi ka 250 nomer, terkadang sok leuwih nepi ka dua kali lipet. Ieu warung nu bukana ti mimiti tabuh 1 beurang nepi ka tabuh 12 peuting teh tatamuna sok leuwih loba lamun poe pere atawa antara poe Saptu jeung Minggu. Sedengkeun ngalaman kurang tatamu lamun dina waktu puasa. Sabab apan dina bulan puasa mah beurang teh henteu barangdahar. “Sasih siam mah pinuhna teh dina wengi bae”.
Meunang penghargaan ti Istana Negara
Teu nyangka geuningan kadaharan tradisional nu dimodifikasi teh nepi oge ka Istana Negara. Dina raraga mieling HUT Kamerdekaan RI tanggal 17 Agustus 2004 Sorabi Imut meunang penghargaan ti Presiden Megawati. “Kangge ngajamu tatamu ondangan, sorabi oge dipidangkeun di Istana”, cek Riana. Satadina mah putri ka 1 ti 5 sadulur, pasangan Bapa Ating Supardi jeung Ibu Nunung teh rada mangmang waktu ngajukeun rekanan ka Istana teh. “Wartosna rada sesah margi seueur saingan. Biasana anu sok ngajamu ondangan teh pasakanana ti Hotel-hotel mewah. Sedengkeun ieu mah apan katuangan tradisional nu parantos lami kahihilapkeun”, cenah. Tapi alhamdulillah pengajuan teh bisa katarima . “Malihan mah ayeuna tos disuhunkeun supados unggal taun tiasa ngiring ngajamu tatamu di Istana Negara. Ari panuhun mah dina unggal aya kagiatan kanagaraan we tiasa ngiring, sasieureun sabeunyeureun midangkeun kreasi anak bangsa”, cek Riana.
Salian ti istana negara, Surabi Imut oge kungsi milu ngeusian dina hajatan sejenna. Saperti di hotel Hyat Regency taun 2002, jeung acara milangkala Rano Karno dina taun anu sarua.
Ditanya ngeunaan jalan hirupna, Riana nyarita yen tadina mah teu kapikir bakal jadi wirausahawati. Tadina mah hayang teh jadi pagawe biasa bae di kantoran. Cita-citana baheiula hayang jadi ahli kimia, tapi duka kumaha sakolana mengkol ka SMEA padahal tadina mah ieu lulusan SMP Negeri 15 teh hayang asup STM Kimia.
Salila sataun satengah mah ku lantaran ngaranna ge usaha kulawarga, jadi ti mimiti pingpinan nepi ka pagawena teh estuning sadulur-dulur. Ibu, bapa jeung lima anak. “Saparantos sataun satengah nembe nampi padamel, ari kulawarga mah janten pingpinan bae”, cenah. Jumlah karyawan m imitina aya 8 urang. Kiwari geus boga karyawan/karyawati 20 urang. Diantara karyawanna oge aya nu adi lanceuk sadulur.
Di antara tatamu nu datang, rereana mah nyebutkeun yen surabi jualan Surabi Imut mah ngeunah. Yuni (20 taun) karyawati butik “La Rimon” nyebutkeun tempatna asik, rame, cenah. Inyana nu geus 4 taun digawe di Bandung, da asalna mah ti Wonosobo, kakara 2 bulan jadi langganan tetep Surabi Imut. Sedengkeun baturna Ade (20 taun) karyawati restoran Sederhana tadina mah sok pesen wungkul ngaliwatan babaturan. Lila-lila inyana kataji hayang milu dahar langsung bari nangkring di warung Surabi Imut. Zuklfikar Andre mahasiswa UPI jurusan Akutansi, nyebutkeun hebat, suasanana rame, “khozi” cenah (istilah barudak). Nu jadi saeutik hanjakal teh nya eta ku lantaran surabi sok gancang tiis, sedengkeun nu meuli mah apan hayang nu masih keneh panas. Tapi ayeuna mah hal eta geus bisa diakalan ku jalan ngalobaan alat masakna. Suluh geus tara dipake, tapi make areng nu hade. Panasna oge angger.
Cabangna di Jakarta
Ieu pausahaan kulawarga teh geus boga cabang di Jakarta. Perenahna di Jl. Tanjung Duren Raya 24 Grogol, Jakarta barat. “Salami ieu mah cabang di Jakarta dicepengna ku Apa”, cek Riana. Sedengkeun nu di Bandung dipingpin ku Riana jeung adi-adina. Rencanana taun ieu bakal muka 2 cabang deui di Bandung. Nu hiji di Bandung Selatan, nya eta di daerah Kopo. Ari nu hiji deui di Bandung Timur, nya eta di Buah Batu.
“Upami teu aya pamengan mah taun payun bade muka cabang deui di Serang, Banten”, cenah. Kabeneran nu boga pokal rek muka cabang di Serang, nya eta Ibu Sulastri (52 taun) milu mairan dina wawancara jeung nu nulis.
Jadi tetela sanajan kadaharan tradisional oge, ari geus diropea boh rasana atawa eusina mah geuning ngeunah bae. Nepi ka kajojo ka mana-mana. Sanggeus muka usaha ieu, Riana oge geus boga dua buah hate nu keur meujeuhna kembang buruan, nya eta Febi Fitriana (9 taun) jeung Sawa al Zena (9 bulan).
“Milari padamelan atanapi usaha mah teu kedah nu abot-abot. Geuningan abdi oge nu satadina hayang jadi ahli kimia. Malah usaha nu sapertos kieu, nu teu kaemut ti tadina, alhamdulillah tiasa majeng. Ieu kangge conto, terutami ka generasi anom”, cek Riana mungkas wawancara.
Leres, memang kedah kitu. Rejeki mah diudag-udag dugi ka Arab, geuningan TKW oge seueur nu balik ngaran atawa dibui. Hayang hebat jadi pilot, luhur teuing ngapungna akhirna ragrag. Kabuktosan deui ku kulawarga Riana nu tadina ngajalankeun bisnis angkot, geuning nu sukses mah ieu tah: Surabi Imut ! Mugia sukses salalamina. Cag. (Linggahiang).****





