SMK NEGERI 14 Bandung, Sakola Ungulan Nu Jadi Tujuan Wisata Pendidikan
Ku Djodi Prihatna SA
Salian ti jadi sakola unggulan dina widang senirupa mindeng jadi tujuan wisata pendidikan pikeun sakola sejenna, saperti: SMP Negeri 13 Kota Bandung, SMP Negeri 3 Lembang Kab. Bandung, jeung SD Al Farishi Kota Bandung. SMK Negeri 14 perenahna di kacamatan Margacinta. Alamat lengkepna Jl. Cijawura Hilir No. 241 Bandung, mangrupa sakola kejuruan nu jadi tujuan wisata pendidikan. Sakola nu nyicingan tanah legana 5 hektar teh ngahiji jeung SMK Negeri 10 anu jurusanana beda.
SMK Negeri 14 Bandung mangrupa SMK kelompok senirupa jeung kerajinan. Ngaran asalna teh Sekolah Menengah Seni Rupa (SMSR). Luyu jeung parobahan nomenklaturna tina SMKTA jadi SMK, ieu sakola robah jadi SMK Negeri 14, kalawan nomer Nomenklaturna 0135/1989 tanggal 14 Maret 1989. Di Jawa Barat mah sakola nu widangna sarua teh aya 2, nya eta SMSR di Bandung jeung SMIK di Tasikmalaya nu karek ngadeg taun 2002.
Dina awal ngadegna taun 1987 ieu sakola ngan boga 2 jurusan, nya eta: Grafis Komunikasi jeung Seni Kriya. Jumlah siswana oge ngan 45 urang. Kiwari geus aya 6 program kaahlian, nya eta: Kriya Kayu, Kriya Logam, Kriya Kulit, Kriya Keramik, Kriya Tekstil, ditambah mulokna Senirupa. Jumlah siswa kiwari 370 urang. Malahan dina taun ajaran 2004/2005 dumasar surat Direktur Dikmenjur Dikdasmen Depdiknas nomer : 1602/C 5.3/PP/2004 tanggal 23 Juni 2004 jeung surat Kepala Disdik Kota Bandung nomer: 421.5/2795-Dikmenjur/04 tanggal 2 Agustus 2004, ditambah deui ku 2 program kaahlian nya eta Teknik Bodi Otomotif jeung Teknik Informatika (Multi Media).
Visina: Sakola Unggulan
Visi jeung Misi ieu sakola kawilang hade. Visina nya eta: Jadi sakola unggulan. Sedengkeun Misina: Nyiapkeun tanaga unggulan dina widang senirupa, teknisi multi media jeung bodi otomotif anu mibanda wawasan profesional, produktif jeung mibanda budaya gawe, budaya tartib, budaya bersih, geusan jadi insan unggulan anu jujur sarta mandiri. Profil kompetensi ti lulusanana, nya eta : narjamahkeun desain, nyieun produk, nyiapkeun proses produksi, jadi usahawan.
Salila diajar di SMK Negeri 14 Bandung anu lilana 3 taun siswa dibere pangajaran normatif, adaptif jeung produktif, nu pelaksanaanana diatur sacara teori, sedengkeun praktek salian di sakola oge aya praktek kerja industri di pausahaan ngaliwatan model Pendidikan Sistem Ganda (PSG).
Cek Kapala Unit Produksi, Drs. Yulian TSK, pola atikan jeung latihan di SMK Negeri 14 teu leupas tina kawijakan link and match (keterkaitan dan kesepadanan) nepi ka siswa bisa milu pelatihan di industri. Pikeun ngajamin lulusanana gancang-gancang meunang gawe, SMK Negeri 14 ngabogaan bursa kerja khusus sarta ijin ti Depnaker nomer Kep/563/W.9/K-19-1998 kalawan jaringan kerjasama jeung dunya industri. Institusi pasanganana aya kurang leuwih 47 pausahaan jeung industri. Diantarana di Bandung: 1. Parta Porte Indian Leather Craft, 2. PT Caladi 59, 3. PT Pramanik Art Glass, 4. CV Inatex, 5. PT Lamy, 6. PT Sidarto, 7. Bangkit Studio, 8. Krani Studio, 9. PT Granesia, 10. PT Al Ikhsan, 11. PT Bismi, 12. PT Serbalaras, 13. PR Artic, 14. RB Komik, 15. Nuansa Keramik, 16. PT Seni Dyasa, 17. PT Java Creation, 18. CD Screen Printing, 19. Suhuf Kertas Seni, 20. PT Salam Prima Media, 21. PT Kharisma Citra Lestari, 22. Panasia, 23. PT Mangle Panglipur, 24. Sanggar Pramanik, 25. PT Omny Architecture, 26. Studio Keramik Edem, 27. Cindar Bumi Studio, 28. PT Wekerr, 29. Animik World, 30. PT Mitra Bisnis, 31. Yayasa Agape Karya Lestari, 32. Universitas Widyatama, 33. Pusat Pendidikan Desain, 34. Red Rocket, 35. Studio 1221, 36. LIPI, 37. Balai Besar Tekstil, 38. TVRI Bandung. Sedengkeun di Tasikmalaya: 1. Batik Tulis H. Achep. Di Majalaya: 1. CV Purnama Tekstil. Di Solo: 1. PT Batik Keris. Di Jogyakarta: 1. Top Galery, 2. Balai Penelitian Batik, 3. PT Ardiyanto. Di Jakarta: 1. Mopcca Digital Post 3D Animasi, 2. PT Gates Animasi, 3. TVRI Pusat.
Ngabingbing siswa SMP
Salian ti program keur siswa sorangan, SMK Negeri 14 mere bingbingan pikeun siswa sejen, nya eta SMP Negeri 13 Kota Bandung, SMP Negeri 3 Lembang Kab. Bandung. Malahan tahapan SD oge aya, nya eta kelas IV ti SD Al Farishi, Kota Bandung. Sedengkeun siswa SMKN 14 sorangan meunang bingbingan ti PPG Kesenian Jogya unggal taun 6 siswa. Program Grafis meunang bingbingan ti PPG Grafis Jakarta.
Akreditasi tanggal 11 Nopember 2003 kawilang hade. Pikeun kriya Tekstil, Kayu jeung Senirupa meunang peunteun A. Pikeun kriya Logam, Keramik jeung Kulit peunteunna B. Kelembagaan mah meunang akreditasi A.
SMK Negeri 14 ngalaman gunta ganti kapala sakola, di antarana kungsi dipingpin ku: Yaya Suharya, Uung Rohadi, Supriadi, Drs. Doni Drajat, Drs. Dedi hermadi. Sarta nu kiwari nya eta Drs. Husen.
Pikeun ngabantu kapala sakola aya Unit Produksi nu dipingpin ku Drs. Yulian TSK. Sedengkeun wakil kapala sakola (Wakasek) aya 4, nya eta : 1. Drs. Uus Kusnadi (Wakasek Bid. Kurikulum), 2. Drs. Deden Bambang (Wakasek Bid. Kesiswaan), 3. Drs. Agus Tarmana (Wakasek Bid. Hubin), 4. Drs. Suryanto (Wakasek Bid Sapra).
Kapala program kaahlian aya 6, nya eta : 1. Agus Rahmat, S.Pd (Kaprog Kriya Kayu), 2. Sukarno, S.Pd (Kaprog Kriya Keramik), 3. Drs. Agus Rahmat (Kaprog Kriya Kulit), 4. Drs. Aslan Afandi (Kaprog Kriya Logam), 5. Agus Edi, S.Sn ((Kaprog Kriya Tekstil), 6. Drs. Wahyu Nugraha (Kaprog Senirupa).
Jumlah guru/karyawan negeri aya 49 urang, nonorerna 7 urang. Diantara staf pengajar nu kungsi diajar di luar negeri nya eta Drs. Yoyo Suhendi, anu milu pelatihan kerja di Australia taun 1992.
Prestasi nu nyongcolang
Pikeun siswa ni boga prestasi nyongcolang aya program beasiswa, diantarana: Beasiswa Supersemar, KB Lestari, PT Tivico (Jepang), jeung Jaring Pengaman Sosial (JPS).Sedengkeun prestasi nu geus dicangking siswa aya 2 rupa, mangrupa intrakurikuler jeung ekstrakurikuler. Di antarana:
- Prestasi dina widang intrakurikuler: Juara 1-2 Promosi Kompetensi Siswa tk. Nasional taun 1999, Juara Harapan 1 Promosi Kompetensi tk. Nasional taun 2000, Juara 1 Promosi Kompetensi Siswa tk. Nasional taun 2001, Juara 1 Promosi Kompetensi Siswa tk. Nasional taun 2002, Juara 1-2 Lomba Kompetensi Siswa tk. Propinsi taun 2003, Juara 2 Promosi Kompetensi Siswa tk. Nasional taun 2003, Juara 1-2 Lomba Kompetensi Siswa tk. Propinsi taun 2004, Juara 2-3 Promosi KompetensiSiswa tk. Nasional taun 2004.
- Prestasi dina widang ekstrakurikuler: Juara 2 Lomba Dance tk. Kodia taun 2000, Juara 2 Lomba Melukis tk. Kodia taun 2000, Juara 2 Lomba Enikki tk. Kodia taun 2000, Juara 1 Lomba Balap Sepeda tk. Propinsi taun 2000, Juara 1 Lomba Karikatur tk. Propinsi taun 2000, Juara Harapan 1 Lomba Komik tk. Kodia taun 2000, Juara 2 Pekan Komik Merdeka tk. Kodia taun 2000, Juara Pavorit Lomba Mading tk. Kodia taun 2000, Juara 3 Lomba Lukis tk. Kodia taun 2000, Juara 3 Lomba Syahril Quran tk. Kota taun 2001, Juara 3 MTQ Pusdai 3 tk. Kota taun 2001, Juara 3 Lomba Pidato tk. Kota taun 2001, Juara Harapan 1 Lomba Karikatur (UPI) tk. Umum taun 2001, Juara Harapan 1 Lomba Lintas Alam tk. Kota taun 2001, Juara 1 Lomba Karakter Jepang (UPI) tk. Kota taun 2001, Juara Favorit Lomba Logo Capricone tk. Nasional taun 2002, Juara 1 Lomba Mading tk. Kota taun 2003, Juara 1 Lomba Komik tk. Kota taun 2003, Juara 3 Lomba Poster Roisap tk. Asia Pasific taun 2004.
Dina widang ekstrakurikuler pikeun ngamalirkeun minat jeung hobi siswa diayakeun kagiatan ekstrakurikuler, saperti: Pramuka, Paskibraka, Pecinta Alam, Basket, Lukis, Maenbal, Voli, Karate, Teater Rima, Hikmatul Iman, jsb. Jumlah siswa anu milu dina unggal kagiatan henteu sarua, disaluyukeun jeung kabutuh. Nitenan prestasi nu geus kacangking salila ieu, gede harepan kana kamjuan ieu sakola, anu beuki dieu beuki atra kaunggulanana. Hayu urang padungdung! (Djodi Prihatna SA).****





