Pagelaran Wayang Golek Ku Basa Inggris
Pangalaman Kang Iwan nyebarkeun budaya Sunda di Australia.
Ku : DR. H.Iwan Natapradja.
Dina bulan ka genep, mahasiswa nu diajar Karawitan teh geus kacida tapisna dina nabeuh gamelan teh . Atuh dina palebah pangaweruhna oge sarua majuna, boh dina bagbagan elmuning dasar karawitan, boh Sunda, Jawa atawa Bali.
Ari tugas kuring lain ngan wungkul ngajar nabeuh gamelan, tapi oge elmu budaya musik sadunya nu disebut Ethnomusicology tea. Da memang kuring mah “qualified” (memenuhi syarat) sabab kungsi sakola di Institute of Ethnomusicology tea (UCLA). Salah sahiji sabab kuring diondang ngajar di Ustrali oge sabab kuring ngantongan ijazah eta. Da geuning di lembur sorangan mah “teu dihargaan”. Basa balik kalembur ngantongan eta ijazah bet dibere tugas the ngajar suling, teungteuingeun!
Pangajaran nu dibikeun ku kuring diantarana pngaweruh musik India, Cina, Korea, Jepang, Thailand, Afrika jsb. Geus tangtu ari pangaweruh karawitan jeung musik Indonesia mah teu kaliwat. Numatak dina nabeuh gamelanna oge mahasiswa Ustrali teh kacida pisan dariana jeun alusna sabab dibekelan jeung elmuna.
Kitu deui dina bagbagan nabeuh gamelan keur mirig pagelaran wayang golek, barudak teh dibekelan leubeut pisan, ti mimiti nabeuh gending kawitan, karatagan, rengong gede, renggong alit, murwa jsbn.
Ari kuring teh harita nganjrek di Asrama Mahasiswa nu disebut “International House” (IH) sabab kulawarga kuring can didatangkeun ka Sydney, jadi kuring kapaksa nganjrek di asrama heula, minangka nunggu anak-pamajikan nu can datang.
Dina raraga ngawanohkeun jeung nampa mahasiswa anyar, di IH teh sok diayakeun pagelaran kasenian. Tangtuna oge kasenian bangsa Ustrali, sarupaning nabeuh gitar, piano, biola, ensemble jsbn. Kusabab aya beja yen kuring salaku guru Ethnomusicology jeung boga grup gamelan, Direktur IH teh jorojoy bae aya ide hayang mintonkeun kasenian Sunda di IH teh.
Manehna ngadatangan kuring nepikeun pamaksudanana. Atuh ku kuring oge dipalire kalayan daria pisan. Kocapna mah sanggeus poe pagelaran ditangtukeun, kuring jeung grup geuwat latihan jeung nyiapkeun acara kesenian Sunda tea. Nya ari sabangsaning kacapi-suling, calung, nabeuh gamelan mah geus siap, da latihan teh ampir unggal poe. Ngan aya kereteg kuring teh hayang mintonkeun wayang golek.
Der bae latihan, ngan kuring teh boga “kendala” nyaeta teu boga wayang nu lengkep. Nu aya teh ngan Gatotkaca, Arjuna, Cepot, Dawala jeung Rahwana. Sedengkeun keur magelaran hiji adegan teh kudu puguh saha-sahana. Apan ari Gatotkaca jeung Arjuna mah teu nyambung jeung Rahwana. Oge teu boga gugunungan nu sakitu pentingna dina pagelaran wayang teh.
Solusina, ari gugunungan mah kuring bisa nyieun tina daluang kandel, dicet bae ku sarupaning gambar nu ilaharna aya dina gunungan, atuh Rahwana oge “diganti” bae ngaranna jadi salah sahiji raja Rakesesa. Cindekna mah ngarang bae ngaaranna jadi Prebu Balambangan. Keun bae da nu lalajo mah teu nyahoeun saha Rahwana teh, jeung jaman mana hirupna – anggap bae teu nyahoan bedana jaman Ramayana jeung jaman Mahabharata.
Ari “ngawayang” teh lain pinuh salalakon, tapi adegan bae, nyaeta adegan pelebah Arjuna manggih laporan ti si Cepot yen di pasisian Amarta aya bancang-pakewuh jalaran aya hiji Raja Raksesa nu ngamuk rek ngajajah nagari. Adegan kadua Arjuna manggil Gatotkaca, dibere tugas ngamankeun. Adegan ka tilu si Cepot jeung Dawala katut Gatot Kaca miang ka pasisian, Adegan kaopat Gatotkaca panggih jeung Prabu Balambangan, perang pendekna mah. Panutup Gatotkaca Laporan ka Arjuna yen nagari geus aman deui. Tah kitu bae pagelaran teh.
Dina derna poe pagelaran, aula IH teh geus pinuh ku mahasiswa nu nganjrek di eta asrama. Aya kana dua ratusna. Ditambah ku ondangan khusus, diantarana Dekan ti Jurusan Musik, jurusan sastra, jurusan tari , kitu deui para “inohong” kampus loba nu diondang. Teu kaliwat wawakil ti Konsulat Indonesia oge aya hadir ngaluuhhan.
Sababada biantara ti panitia jeung Direktur IH, der bae pagelaran dimimitian. Harita di embarkeun yen pagelaran peuting eta beda ti samemehna, nyaeta mintonkeun kasenian Sunda nu samemehna can kugsi dipintonkeun. Pendekna mah der bae kuring jeung mahasiswa teh manggung.
Pagelaran dibagi ku dua bagian, bagian kahiji ku rupa-rupa kasenian dibuka ku tembang dipirig ku kacapi suling, mintonkeun rupa-rupa lagu dasar kayanning Papatet, pupuh-pupuh Kinanti, Asmarandana jeung panambih saperti Budak Ceurik. Oge mintonkeun calung, kawih oge pangabisa barudak mahasiswa dina nabeuh lagu-lagu jeung gending karawitan.
Babak kadua nya eta pintonan wayang golek tea. Dina palebah janturan nu biasana dijieun tina gebog cau kuring teh aya kasusah deui bae. Sabab harita di Sydney can manggihan tangkal cau. Solusina nya nyieun bae ku “styrifoam” nyaeta bahan “kertas busa” nu biasa sok dipake ganjel bungkus barang elektronik, kayaning radio atawa tv. Teu burung alus panggung jeung janturan teh.
Torotok bae campala di tabeuhkeun kana kotak wayang (lain kotak wayang ketah da wayangna oge ngan 6 siki, ieu mah peti kai bae dijieun kokotakan) “ngawayang” teh dimimitian.
Gamelan ditabeuh, murwa dihaleuangkeun, ret ka tukang nu nabeuh bule kabeh, lieuk ka gigir, ka hareup, sabudeureun aula, nu lalajo mani daria pisan, pinuh euweuh korsi nu kosong, kabeh bule, curucud bae cipanon, beu ieu lalampahan, kacida pisan ngawayang di nagri batur. Panbeuh jeung nu lalajo kabeh bule, tangtuna oge teu ngartieun kana basa Sunda kudu kumaha kuring ngawayang? Ku basa naon sangkan kahartieun?
Lakadallah, geus beres ngigelkeun Arjuna jeung si Cepot mah, beres murwa ku Basa Kawi, kakawen tea, gorolang bae nyaritakeun kaayaan nagara Amarta harita nu keur bancang pakewuh ku Basa Inggris.
Bayangkeun bae, kuring ngadalang ku basa Inggris bari dipirig ku gamelan Salendro, tangtuna oge ngomong teh jadi “Inggris Nyalendro”, teuing kumaha kadengena kunu lalajo, sabodo teuing ah, padu ngarti bae kana lalakon.
Eta dina palebah Arjuna nanya si Cepot kieu prakprakana teh :” Cepot, please come forward, what is happening in the village”? (Cepot kadieu kahareup, aya kajadian naon di pilemburan?)
Cepot ngajawab: “Yes, your honour, please forgive me, there is a Vilain King trying to destroy our village, we need some help, kaulanun!” ( Sumuhun, juragan, hapunten abdi yen di lembur teh aya Raja Raksesa nu ngamuk, pribados neda pitulung, kaulanaun – palebah kaulanun teu diterjemahkeun, hese, da euweuh basa Inggrisna).
Tah kitu, saterusna mah ngadalang teh tamat nepi ka babak kalima ku Basa Inggris, kajaba kakawen jeun pelabah kekecapan nu teu bias ditarjamahkeun ku Bahasa Inggris.
“Ngawayang” teh teu lila, ngan sajam, tapi barang tamat “lalakon” geus tutup lawang Si Go Ta Ka, tanceb kayon, der dittutup ku gending Kebo Giro. Ger teh nu keprok mani euyah-euyahan, teu eureun-eureun. Aya meurueun 3 menit mah nu keprok teh. Alhamdulillah, salamet “ngaruat” asrama teh.
Mimitina mah teu karasa ku kuring teh, barang leos ka kamar ganti baju, kuring teh mani jibrug ku kesang, siga nu dibanjur ku cai bae, sihoreng ku gugup jeung sieun gagal eta kesang mani ngucur alah batan kahujanan, padahal harita teh musim “winter” anu teu samistina jelema kudu ngesang.
Kitu tah lalakon kuring ngawayang munggaran di Ustrali teh. Ti harita kuring loba nampi panggilan “ngawayang” di kampus-kampus. Nya harita mah katenaran kuring “mapakan” ki Dalang Asep Sunnandar mun ayeuna mah. Duka Asep tos ngawayang harita, wallohu allah.(***)





