Babasan Jeung Paribasa
Ungkara basa nu geus matok make harti injeuman. Biasana dina wangun kecap kantetan. Ungkara basa nu geus matok, saeutik patri, mangrupa siloka lakuning hirup. Biasana dina wangun kalimah.
Babasan
Ungkara basa nu geus matok make harti injeuman. Biasana dina wangun kecap kantetan.
Adil palamarta: Kacida adilna
Atah warah: Kurang pangwarah, teu bageur
Asa bucat bisul: Ngarasa lugina sanggeus ngarengsekeun pagawean nu beurat, atawa lesot tina kasusah
Bosongot gede amprotan: Pikagimireun, pasemon jagoan
Bedah bendungan: Kalah wowotan ku gogoda nu pohara pisan
Bengkok tikoro: Teu kabagean kadaharan istimewa sabab teu datang, atawa kaburu beakeun manten
Cape gawe teu kapake: Hanas cape tapi hasilna dicawad ku nu nitah
Ceuli lentaheun: Sadenge-dengena, padahal lain dengekeuneun
Cukang tara neangan nu ngising: Nu hayang ditulungan sapantesna datang ku maneh
Dibejerbeaskeun: Dieceskeun sacerewelena, dijentrekeun
Daharna sakeser daun: Daharna mindeng pisan
Haseum asa cuka bibit: Kurawed haseum, teu mere budi
Huap hiji diduakeun: Ngirit sagala kaperluan sapopoe supaya bisa nyumponan kapentingan saha bae nu perlu dibelaan
Jelema teu baleg: Jelema teu bageur
Jadi cikal bugang: Pangheulana kasambut di pangperangan
Kawas kedok bakal: Goreng patut pisan
Kawas beusi atah beuleum: Geuneuk rupana, kacida ambekna
Ngarah sahuap sakopeun: Usaha leuleutikan, neangan rejeki saharitaeun
Nyeri beuheung sosonggeteun: Geus lila ngadagoan nu kuduna datang
Pait daging pahang tulang: Mulus awak teu katerap ku kasakit
Saherang-herangna cibeas: Jelema nu geus meunang kanyeri, hatena moal beresih pisan, sanajan di luarna hade
Tiis ceuli herang mata: Ngarasa sugema taya kahariwang
Urang curug ngebul: Jalma dusun, jauh pisan ka dayeuh
Paribasa
Ungkara basa nu geus matok, saeutik patri, mangrupa siloka lakuning hirup. Biasana dina wangun kalimah.
Adat kakurung ku iga: Kalakuan nu geus hese dirobahna
Agul ku payung butut: Jalma taya kaboga tapi mindeng nyarita yen manehna turunan menak
Alak-alak cumampaka: Niru-niru saluhureun
Anjing nyampeurkeun paneunggeul: Nyampeurkeun nu rek nyilakakeun
Beungeut nyanghareup ati mungkir: Henteu terus jeung hate
Banda tatalang raga: Leuwih hade ngorbankeun banda ti batan awak cilaka
Balung kulit kotok meuting: Henteu beresih pisan, hatena masih ngunek-ngunek
Cikaracak ninggang batu, laun-laun jade legok: Upama dileukeunan sagala rupa nu jiga hese dipigawena oge bakal babari
Dipiamis buah gintung: Disangka hade hate atawa bageur, ari pek sabalikna
Gindi pikir belang bayah: Resep nyilakakeun batur
Indung lembu bapa banteng: Turunan gagah, beunghar, menak ti indung bapana
Ka cai jade saleuwi, ka darat jade salogak: Lulus runtut sauyunan
Kahieuman bangkong: Siga beunghar lantaran katitipan barang batur
Ka luhur teu sirungan, ka handap teu akaran: Taya kamajuan atawa kamarasan (jalma doraka)
Kawas awi sumaer di pasir: Teu puguh tangtungan, luak-leok
Kudu ngukur ka kujur, nimbang ka awak: Sagala tingkah paripolah kudu luyu jeung kaayaan diri sorangan
Maung ompong, kareta kosong, bedil kosong: Sanajan geus pangsiun, ari urut gegeden mah sok aya keneh komarana
Murag bulu bitis: Teu resep cicing di imah, kahayangna udar-ider bae
Ngaliarkeun taleus ateul: Nyebarkeun kagorengan batur
Ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam: Berehan ka deungeun-deungeun, ka baraya sorangan pelit
Ngimpi ge dianggir mandi: Baraid teuing, kacida teu panuju
Paanteur-anteur julang: Nu tas nganteurkeun dianteurkeun deui ku nu nganteurkeunana
Piruruhan di katengah imahkeun: Nu dusun, kurang didikan, dibabawa ka pasamoan
Sadom araning baraja, sakunang araning wesi: Perkara anu bisa ngalantarankeun silaka sanajan teu pira
Saketek sapihanean, sabata sarimbagan: Sauyunan, lulus runtut, sakasuka sakaduka





