Salaka Edisi Online

Mekarna Diri Rumaja

Manusa teh mahluk sosial nu hayang terus mekar, sangkan bisa nyaluyukeun diri jeung lingkunganana. Kamekaran diri pikeun manusa teh sangkan hirupna leuwih boga harti jeung sangkan bisa nepi kana tahapan ideal luyu jeung kapasitas sewang-sewangan. Ngamekarkeun diri dipilampah ti leuleutik keneh. Kolot miboga peranan anu penting dina raraga kemekaran diri budakna. Waktu geus ningkat rumaja, tugas kolot teh mimiti dicekel ku dirina sorangan, sanajan kolot jeung lingkungan masih boga peranan nu nangtukeun.

Pikeun usaha pamekaran diri diperlukeun interaksi sosial, utamana pikeun ngeusian kabutuh, saperti kabutuh ayana babaturan, kabutuh sangkan omonganana didenge, nyarita jeung ngaluarkeun pamadegan. Tangtu bae teu gampang jadi relasi nu bisa ngagumbirakeun. Dipibutuh kaparigelan khusus anu ngan dipibanda ku jalma nu daek mekarkeun dirina. Nya eta ngalatih kompetensi pikeun ngabina hubungan antarpersonal, ku cara muka diri, narima diri jeung nu lian, ngawangun suasana silih percaya, mere pangrojong ka batur samangsa-mangsa dipikabutuh, ningkatkeun komunikasi, kamampuh ngarengsekeun masalah.

Aya dua faktor nu mangaruhan usaha rumaja enggoning ngamekarkeun dirina, nyaeta percaya diri jeung asertivitas.

Percaya diri

Rasa percaya diri mangrupa sikep positif hiji individu pikeun ngamekarkeun ajen positif boh pikeun dirina atawa lingkunganana. Tapi lain hartina dina ngalampahkeunana sosoranganan. Rasa percaya diri anu hade nyaeta manehna ngarasa boga kamampuh lantaran ayana pangalaman, potensi aktual, prestasi jeung harepan nu realistis.

Jadi percaya diri padeukeut jeung hasil evaluasi diri, mangrupa bagian tina konsep diri. Konsep diri mangrupa tetenjoan rumaja ngeunaan saha dirina teh, naon peranan manehna dina lingkunganana sarta naon nu dipikahayangna.

Ciri rumaja nu boga rasa percaya diri, nyaeta:

  • Percaya kana kamampuh diri teu miharep pujian, pangakuan, rasa hormat ti nu lian;
  • Teu nembongkeun sikep konformis sangkan ditarima ku kelompok; Wani narima panampikan ti nu lian; Mibanda kadali diri nu hade; Henteu gampang sumerah kana nasib sarta henteu gumantung ka batur; Mibanda pandangan nu positif keur dirina jeung nu lian; Mibanda harepan nu realistis sanajan teu kawujudkeun tetep nempo ieu hal kalawan positif.

 

Ciri rumaja nu kurang percaya diri, nya eta:

  • Nembongkeun sikep konformis sangkan meunang pangakuan ti kelompokna; Boga kasieun ditampik; Susah narima kakurangan diri; Pesimis, lantaran sieun gagal, ngajauhan resiko jeung teu wani masang target pikeun hasil; Nampik pujian anu tulus iklas; Mimindengna hayang pangpandeurina dina sagala hal, lantaran ngajenan dirina sorangan teu mampuh.

Asertivitas

Aseritivitas teh hiji kamampuh ngomunikasikeun naon nu dipikahayang, dirasakeun, dipikirkeun ka nu lian tapi bari tetep ngajaga jeung ngajenan hak jeung perasaan batur. Dina ieu sikep diperedih kajujuran boh keur dirina, jeung jujur ngekspresikeun perasaan, pamadegan sarta kabutuh sacara proporsional tanpa maksud ngamanipulasi, ngamangpaatkeun atawa ngarugikeun batur. Ieu kamampuh hadena dipiboga ti leuleutik, lantaran ngabantuan rumaja nembongkeun sikep nu pas dina nyanghareupan situasi naon bae.

Tapi kahade sikep asertif lain agresif. Lantaran agresif mah ngabela diri bari ngarugikeun batur. Prilaku agresif karereanana ditembongkeun ku cara ngahukum kalawan kasar, nyalahkeun, nuntut, ngancem.

Naon sababna kaom rumaja embung asertif ? Lantaran sieun teu dipikaresep atawa sieun ngaraheutkeun perasaan batur. Padahal lamun rumaja sadar, dina kaayaan kudu nembongkeun sikep asertif teu dipilampah, bakal ngarugikeun hubungan jangka panjang antara rumaja jeung nu lianna.

Jadi miwanoh diri sorangan. Mekarkeun kamampuh komunikasi, nya eta ayana kontak mata jeung sikep awak nu terbuka jeung rineh waktu ngayakeun komunikasi jeung nu lian. Ekspresi beungeut luyu jeung pesen nu rek ditepikeun, sora nu anteb sarta milih waktu nu hade. (Djodi)

Bahan: Yoranitha Caprindari, S.Psi “Pengembangan Diri Remaja” Training Fasilitator Kesehatan Reproduksi Remaja Usia 10-14 Tahun MCR-PKBI-Kwarcab Pramuka Kota Bandung 2004.

Deherba