Pamingpin Nu Adil
Tatapakan konstitusi Indonesia kacida wewegna, nya eta kadaulatan aya dina leungeun rahayat. Tujuanana milih pamingpin nu adil. Dina frase adil geus kawengku : Binekas, wujaksana, bener, pinter, lega ambahan (futuristic). Mun neangan/milih pamingpin nu adil, teu kudu jauh nempo, bandungan we ketak awalna. Lamun ti awalna keneh geus dimimitian ku bohong, jalirj eung hianat, ulah dipiharep eta pamingpin bakal adil.
Jabaran tina tilu perkara eta. Loba rupana, di antarana nya eta money politics (MP). Lamun dina prakprakan kampanye, nawarkeun diri sangkan dipilih geus ngagunakan MP, rasa hese dipercayana eta pamingpin bakal adil. Sacara sekuler memang sok dipisahkeun, antara agama jeung kanagaraan, dalihna keun bae make MP ge da ieu mah urusan nagara, urusan dunya. Teu bisa kitu, sabab sagala niat, ucap rengkak jeung paripolah, bakal ditanya, Alloh rido henteu ? Beh dieuna, mun utang-itung tailutung sacara logika matematis ge, meureun duit nu geus dibagi-bagi teh, kudu kagantian.
Dina prungna milih, rahayat kudu boga tinimbangan, henteu asal , sabab keur rahayat mah ugeranana, kudu taat ka Alloh, taat ka Rossul, jeung taat ka pamarentah nu sarua jeung maranehna kabeh. Jadi dina milih pamarentah/pamingpin, kudu neangan nu sarua jeung maranehna. Dina harti sarua papada urang Indonesia, alus mun sarua agamana, atuh sarua tekad jeung tujuanana. Lamun hayang boga pamingpin nu adil (sarua jeung kahayang rahayat), tangtu we rahayatna ge kudu bener. Ulah ieu mah kakara daek milih lamun dibere saanu. Mun teu barangbere mah moal milih eta. Geus teu bener pan?
Ulah miharep boga pamingpin adil mun rahayatna ge sarua teu boga sikep adil(teu mibanda idealism). Ukuranana, keur awam mah, tilu we heula : Ngomong ulah bohong, janji ulah jalir, dipercaya ulah hianat. Insya Alloh ieu nagara bakal nepi kana baldotun toyyibatun wa robbun ghofur.
Adil ma’mur, ayem tentrem lalugina, tiis ceuli herang mata, towong rampog sepi paling bakal kaalaman, sakumaha janji Mahasuci nu moal nurunkeun siksa mun pangeusi nagri arariman. Sabab adil teh manifestasi tina iman.Keur pangeusi nagri bakal beunghar hate. Nu miskin hatena bakal ngarasa sagala kurang, sanajan ceuk batur beurat beunghar lubak-libuk harta banda.
Tapi lain hartina tumamprak bari teu usaha, keukeuh kudu wani nyanghareupan hirup (struggle for life) Mun seug ti mimiti presiden nu anyar 2009 – 2013, sakumna bangsa Indonesia, cekel deleg kana papagon, samiuk sabilulungan sarundeuk saigel sabata sarimbagan dina nangtukeun bener jeung adil, mangka bakal karasa boga pamadegan teh rohmat. Nu ulah poho utamana keur pamingpin, kabeh bakal kahontal lamun widang atikan dikokolakeun kalawan bener, sakumaha kasauran Imam Gazali, yen mun teu diatik/dididik dina wadah atikan anu hade bari bener, mangka ahlak jalma bakal kawas sato. Jadi pamingpin nu anyar (bupati/walikota,gubernur,nepi ka persiden) daek teu daek kudu merhatikeun widang atikan. Muga bae. (Redaksi)





