Salaka Edisi Online

Kaulinan Urang Lembur

Ayeuna mah lamun barudak kota ulin ka kampung, ngan bisa nempo pamandangan wungkul. Henteu loba nu bisa dicaritakeun ku maranehna lamun geus balik deui ka kota. Teu cara barudak desa lamun arindit ka kota, balikna teh loba bahan picaritaeun ka dulur-dulurna. Eta teh ku jaman global. Jadi sagala tibalik. Nu tadina teu nyaho, jadi nyaho, nu tadina nyaho jadi bodo. Kasenia urang kampung nu baheula loba kacaritakeun kiwari geus lawas taya nu nyaho. Saperti Kaulinan Urang Lembur nu kungsi jadi tongtonan pikaresepeun, malahan jadi bahan panalungtikan para ahli. Hiji kasenian anu sabenerna teu kudu make instrumen, iwal biwir asal kuat bae gogorowokan. Kaulinan Urang Lembur nu mangrupa kakawihan barudak teh biasa ditongton dina waktu panen, sanggeus pare diala. Barudak tuluy karakawihan di tegalan. Di handap ieu runtuyanana:

  1. Jaleuleuja
    Jaleuleuja ……
    atulak tujaeman …. gog
    seureuh leuweung …. bay
    jambe kolot …… bug
    ucing katinggang songsong ….. ngek !
  2. Nanggerang – Nanggorek
    Yu batur urang ulin ka Nanggerang
    ah embung sieun lila teuing beurang
    keun atuh ambeh umur urang panjang
    nu panjang Nini Aki Balangantrang
    Leuleui leui leuleu leuleuyang aya mojang geulis pisan
    Yu batur urang ulin ka Naggorek
    ah embung Nanggorek mah lila poek
    keun atuh ambeh seubeuh ngeleketek
    leketek embung sieun bareuh kelek
    Leuleuileuyang aya bujang teu uyahan
  3. Tokecang
    Tokecang tokecang
    Meuli kendil tosblong
    angeun kacang angeun kacang
    sapendil kosong
  4. Rayak-rayak
    itu saha nungtun munding
    digantelan saputangan
    itu saha ginding teuing
    sihoreng teh popotongan
    aha ehe aha ehe leuh kacida teuing
    Aya listrik di masigit
    caangna ka pabrik kina
    aya istri jangkung leutik
    karangan dina pipina
    aha ehe aha ehe leuh kacida teuing
  5. Cingcangkeling
    Cingcangkeling manuk cingkleung cindeten
    plos ka kolong bapa satar buleneng
    cingcangkel manuk cingkleung cindet
    plos ka kol bapa satar bulen
    cingcangkelkel manuk cingkleung cindetdet
    plos ka kolkol bapa satar bulenlen
  6. Galah Ginder
    Galah ginder galah ginder
    adelerder dut ndutan
    cle ka pangaclekan
    clo ka pangaclokan
    jleg ka pangajlegan
    Ganggonggo gangbengbe
    atoli toli mas marino
    plang atilingtingplang bule
    sarpa’i lonyod penyon
    boga rupa jiga embe
    karesep nyonyoo kohkol
    emh nyonyoo kohkol
    emh nyonyoo kohkol
    emh emh nyonyoo kohkol
    emh emh nyonyoo kohkol
  7. Ningningnang
    Ningningnang ningningnang
    doli ndot blem
    dalem sumping dor bajidor
    tutunjuk kembang malati
    ya ole ole ombang
    terongna ting belenong
    adu riri siri pinyong
    inyong inyong mas muria
    tukang gandek raja belang
  8. Tuktukbrung
    Tuktukbrung tuktukbrak
    buntut lutung panjang rubak
    dikenyang-kenyang barudak
    barudak salawe widak
    nyed em nyed em
    nyed em nyed em
    nyed nyed em nyed em
  9. Nengnongnengjak
    Nengnongnengjak
    toroktok kuda janggotan
    pa kuwu kariaan
    laukna lauk bilatung
    kejona kejo gadung
    tangtung bedog rumpung
    tungtang bedog rompang
    het het kuda janggotan
    kelek monyet heheotan
    bangdung bangplak ndut em
  10. Eundeuk-eundeukan
    Eundeuk-eundeukan lagoni
    meunang peucang sahiji
    leupas deui ku nini
    beunang deui lku aki
    leupas deui ku nini-nini
    beunang deui ku aki-aki
    leupas deui ku ninina nini-nini
    beunang deui ku akina aki-aki
    leupas deui ku nini-ninina nini-nini
    beunang deui ku aki-akina aki-aki
  11. Surser
    Surser surser
    angeun waluh tacan asak
    disuluhan ku baketek
    baketek meunang meulahan
    meulahan ku peso petok
    peso petok gagang timah
    nalek tok anu di imah
    Surser surser
    amis cau amis kumbang
    jawadah tataleotan
    hileud si tataru ngambang
    ih tai manukan
    ih tai manukan
    ih ih tai manukan
  12. Sakentrung
    Sakentrung sakentrung
    sakentrung sakentrung
    pare hawara ti huma
    ditutu na lisung pondok
    trung dong dong trung eng
    trung dong dong trung eng
    trung dong dong trung dong eng
    Sakentrung taligung peci pecang
    tete tulak tete wondo
    dalem tulak raja sono
    kalisana dong ble
    kacang diraraweuy tembus keneh
    dodol sana dodol sana
    cir kuciplak doli ndot blem
    Siapa siatu siapa pegang ratu
    di depan pintu salah satu
    sakentrung taligung nyi mantri dalem
    mindrio mindrio tember mute
    hayam kate hayam kate
    dilulugem ta ehem ta ehem
    ta ehem ta em ta em
  13. Angkat Sampeong
    Angkat sampeong kujanggu jambaria
    hey bakaria bagus temen rupa nira
    si oyong oyong sawahepun si waru doyong
    sawahe si ujung eler sawahe si ujung etan
    solasi suling dami menyan putih pangundang dewa
    dewa dewa sukma widadari nu ngayuga
    panurunan sipatang puluh
    ning buri ana sasanga
    ning arep ana lilima
    panurunan sipatang puluh ala lauk
  14. Tatarucingan
    A: Yu batur batur urang tatarucingan
    B: Tarucing naon, tarucing tarucing naon ?
    A: Aya imah aya imah ngambang di lautan
    bisa leumpang bisa leumpang maju ku sorangan
    Naon cing naon, naon cing naon
    Mun kateguh meunang
    B: Kapal euy kapal, kapal euy
    A: Enya
    B: Enya euy enya, enya euy
    A: Kapal
    B: Budak leutik …..
    A: Jarum !
    B: Enya euy enya, enya euy
    A: Jarum
    B: Jarum euy jarum, jarum euy
    A: Enya
    A: …. (nunjuk wungkul)
    B: Ganas !
  15. Perepet Jengkol
    Perepet jengkopl jajahean
    Kadempet ….. jejeretean
  16. Paciwit-ciwit Lutung
    Paciwit ciwit lutung
    nu meunang pindah katungtung
    (bari mindahkeun nyiwitna)
(Hanca)

Deherba