Kumaha ari Guru Basa Sunda?
Ku: Djodi Prihatna, A.Md.Pd-MG
Perda Jawa Barat No. 05 Taun 2003 perlu dibuktikeun ku diangkatna guru basa Sunda, sabab nepi ka kiwari masih keneh loba sakola nu teu aya guru basa Sundana. Asa hayang seuri puguh ge basa narima fotokopi Perda Propinsi Jawa Barat No. 05 Taun 2003 ngeunaan Miara Basa, Sastra jeung Aksara Sunda, sabab nepi ka kiwari asa can nempo di mana bae, boh di jalan pasampangan atawa di sakola-sakola aya tulisan aksara Sunda. Sanajan cenah baheula kungsi dialajar aksara, anu tetela singhoreng aksara Jawa (Hanacaraka tea). Tina seuri bet jadi asa hayang ceurik, nitenan kaayaan kiwari.
Enya teu hayang ceurik kumaha, sedih, nalangsa, ketir, inggis, jeung rupa-rupa deui kasieun nyampak di diri kuring. Sedih lantaran mindeng kadenge, jalma-jalma pituin urang Sunda tapi tara nyarita ku basa Sunda. Nalangsa lantaran kaayaan basa Sunda nu keur sakarat, masih keneh loba nu ngajejeleh. Ketir geusan nyanghareupan poe isukan, dina enggoning ilubiung ngamumule basa Sunda naha loba keneh nu daekkeun? Inggis nyanghareupan tumuwuhna basa deungeun nu beuki rosa ngelehkeun kalungguhan basa urang.
Leuwihna ti kitu, naha geuning beuki dieu teh beuki kurang bae guru basa Sunda di sakola-sakola. Geus sabaraha rebu IKIP (UPI ayeuna mah) ngaluarkeun sarjana jeung program D.2 atawa D.3 jurusan Basa Daerah. Geus sabaraha rebu deui UNPAD ngaluarkeun sarjana Basa jeung Sastra Sunda. Tapi naha bet kurang keneh?
Di kota Bandung bae aya sawatara SMP nu nepi ka kiwari teu aya guru basa Sundana. Malahan anu leuwih lucu, aya sarjana jurusan Basa Daerah IKIP anu nepi ka kiwari masih keneh sukwan, sedengkeun guru basa Sunda di eta sakola keneh teh lulusan Filsafat Pendidikan. Di Banjaran oge aya guru basa Sunda anu lulusan Tata Boga. Jigana ngan di SMP Pasundan wungkul anu sapopoena marake basa Sunda teh, luyu jeung ngaranna. Tapi da guru basa Sundana mah tacan tangtu lulusan jurusan basa Sunda, padahal loba lulusan IKIP jurusan basa Sunda nu teu cekel gawe jadi guru. Aya nu jadi Penerbit, ngurus bal bae aya, lolobana mah jadi pangarang jeung redaktur.
Anu jadi kasedih jeung kakeueung teh nya eta kumaha bisana ngamumule basa, ngajarkeun aksara, lamun lain ahlina? Komo di SD mah asa can kadenge aya guru basa Sunda anu lulusan jurusan basa Sunda, iwal ti Kapala SD-na bae (saderek Asep Idjudin), kabeh ge rata-rata taya nu lulusan basa Sunda. Onjoyna deui aya guru nu ngajarkeun basa Sunda bari asalna ti Jawa.
Sakaca-sakaca dibaca deui eusi Perda, mimiti leungit kasieun jeung karempan teh. Saeutik ka saeutik sirung harepan datangna. Sugan enya sugan enya, kanyaah jeung pangriksa ti pamarentah kana upaya ngamumule basa Sunda teh karasa nyampakna. Ari nitenan Bab II ngeunaan tujuan miara basa, sastra jeung aksara daerah, jeung sasaranna mah asa kudu reueus kana tekad pamarentah Jawa Barat teh.
Kabudayaan hiji bangsa mangrupa indikator jeung ciri luhur-handapna ajen jeung martabat eta bangsa. Kabudayaan Nasional diwengku ku sababaraha kabudayaan daerah nu beda-beda warna jeung sipatna nepi ka mangrupa kumpulan anu harmonis jeung dinamis. Tapi dina seuhseuhanana basa jeung sastra daerah meunang “perlakuan” anu kurang merenah. Boh dibandingkeun jeung basa Indonesia atawa basa deungeun. Naha dina widang atikan atawa dina hirup kumbuh. Padahal, aksara minangka lambang jeung ciri sajarah masarakat Jawa Barat, mibanda ajen estetika nu luhung, nu matak kudu dimumule jadi kareueus daerah.
Bab III ngeunaan wewenang jeung tanggung jawab gupernur, disebutkeun yen gupernur miboga wewenang jeung tanggung jawab geusan miara basa, sastra jeung aksara daerah. Dina ngalaksanakeunana didelegasikeun ka Dinas Pendidikan (Disdik) jeung Dinas Kebudayaan dan Pariwisata (Disbudpar). Pasal 5 netelakeun yen wewenang jeung tanggung jawab gupernur teh mangrupa ngayakeun pelatihan/penataran basa, sastra jeung aksara daerah. Netepkeun basa daerah minangka basa panganteur di sakola, luar sakola jeung di masarakat. Basa daerah dijadikeun basa resmi kadua di sagigireun basa nasional, dina pelaksanaan tugas pamarentahan, sarta ngabantu medalna buku pangajaran atawa modul basa daerah. Kitu deui gupernur bisa ngangkat pagawe nu ahli sarta ngawasa basa jeung sastra daerah pikeun ditugaskeun di lingkunganana luyu jeung aturan nu lumaku.
Enya karasa pikareueuseunana mah, lamun tea mah kitu. Ayeuna mah tinggal nempo kanyataanana wae, lin? Sabaraha ratus sakola nu perlu ku guru basa Sunda. Sedengkeun jumlah guru basa Sunda nu diangkat (pagawe nagri) aya sabaraha puluh? Tah, dumasar kana program pamarentah kiwari anu cenah rek ngangkat guru/pagawe nagri nu panyeepanana taun hareup, taya deui ngaliwatan ieu tulisan dipiharep, sangkan gancang-gancang ngangkat guru basa Sunda. Sangkan kasieun, karisi, karempan, kasedih, jeung sajabana, ngeunaan hirup jeung paehna basa Sunda teh kagantian ku rasa reueus, atoh, gumbira. Mudah-mudahan.





