Salaka Edisi Online

Galindeng Kacapi Diri

Carita nyambung Dyah Kania Pitaloka

Jalan hareupeun Kampus Universitas Salakanagara macet, horeng mahasiswa keur demo. Rupa-rupa komentar panumpang angkot, aya nu nyalahkeun mahasiswa, pedah kabeurangan digawe da kahalangan demo, aya nu satuju kana ketak mahasiswa. Aya oge nu cicing, manyun. Ari manehna, ngadenge nu ngomentar teh ukur mesem. Jrut manehna turun, leos ka hareup ngomong ka supir, bebeja engke balik deui. Supir unggeuk. Manehna seselendep kana sela-sela mobil, nu ngentep tilu baris. Tuluy luncat kana trotoar, laju muru tenda leutik hareupeun universitas.

“Dupi Ayi, korlap (koordinator lapangan)?” pokna ka lima mahasiswa nu dariuk dina bangku.
“Muhun Pa, dipercanten ku rerencangan. Dupi Bapa ti media mana?”
Teu dijawab, manehna ngodok saku song nembongkeun kartu pers. Barang geus ditaliti, Korlap mahasiswa teh unggeuk.
“Sabaraha jam demo teh Yi?”
“Ah paling dugi ka jam 2, Pa” Ceuk Korlap.
“Naha?”
“Da tabuh satengah tilu aya ujian”.
“Ooh,” pokna. Manehna reueus, cacakan nyanghareupan ujian nu nangtukeun nasib maranehna, mahasiswa masih keneh sempet mikirkeun kapentingan umum. Kabaca tina poster jeung spanduk nu ditancebkeun dina dreum di tengah jalan: Tartibkeun Kapentingan Umum. Aya deui: Kamana duit waragad Tramtib? Gantung Koruptor! Aya deui: Beurit nu meakkeun duit rahayat, kudu dicekek. Jeung rupa-rupa wirahmana nyeceleh pamarentah, nu dianggap teu bisa ngurus rahayat, pedah jalan hareupeun kampus, satengahna beak dipake ku nu dagang. Nepi ka keur mobil mah ngan kari sameter.
“Saleresna,” ceuk Korlap teh, “Tos aya lahan kanggo ngadamel jongko nadah padagang kaki lima.”
“Di mana?”
“Di Cileutik, aya lahan dalapan rebu meter, kawitna tanah eigendom. Tapi ayeuna teh kalahka bade diwangun Mall. Pasti diajangkeun kanggo konglomerat. Pan ari rahayat leutik mah sidik moal kabagean deui wae.”
“Ke, ke, aya bocoran, Yi?”
“Muhun”.
“Ti urang lebet?”
“Nara sumber abdi tiasa dipercanten.”
“Upami ku akang dikonfirmasi, tiasa dipertanggelwalerkeun?”
“Tiasa, mangga, sumber abdi mah, kapabel. Malih saleresna, waragad tina APBN teh tos cair, kanggo ngadamel pasar teh. Saurna tos meh sataun.”
“Eta ge bocoran?”
“Muhun”.
“Ari ieu waragad demo ti mana?”
“Ah ieu mah abdi saparakanca iuran we.”
“Dupi nu demo ayeuna, BEM (Badan Eksekutif Mahasiswa) atanapi senat fakultas?”
“Ieu mah senat Fakultas Tehnik wungkul, Pa.”

Tabuh dua kurang sapuluh, barudak mahasiswa nungtutan arasup ka buruan kampus, sawareh beberes, nilepan poster. Spanduk mah diantep we da diteundeun dina pager kawat buruan kampus. Kaayaan mimiti maju ka reuhreuy, hiji dua mobil geus mimiti jalan. Manehna ngingkig nyampeurkeun angkot nu tadi. Gek diuk dina urutna. Panumpang nu tadi kukulutus, rembes kesang tina tarangna. Taksiran napsu kapegung. Ceuk urang mah kacape-cape, memeak energi, naon make ambek-ambekan. Da moal ngadadak kosong jalan teh. Mending cicing we bari syukuran yen aya keneh sakolompok jalma intelek, nu merhatikeun kapentingan rahayat leutik. Nepi ka imah, beres mandi, manehna ngahuleng milih pilakueun. Uteukna ngacacang, ka jalma-jalma nu nyekel kalungguhan di pamarentahan, anu ku manehna rek didatangan, wawancara. Di mana geus aya kacindekan tina hasil konfirmasi kakara rek ditulis. Manehna boga tanggungjawab jurnalistik, mun nulis kudu puguh sumberna, dicek jeung ricek. Manehna embungeun mun nulis ukur sumber tina isyu, sabab bakal nyababkeun kaayaan nu harengheng, balukarna bakal silih tuding. Najan kitu peta teh ku babaturanana mah dianggap jurnalis kuno. Tapi ajen obyektifitas demi prestise jeung prestasi, ku manehna dicekel deleg. Manehna sadar yen kahormatan jurnalis, ngancik dina kode etik jurnalistik. Teu saeutik ku peta kitu teh aya babaturanana nu nyebut jaim (jaga imej). Tapi keur maranehna mah imej atawa citarasa teh, kaasup perkara anu kudu diperjuangkeun. Rengse nulis rarancang, awakna ngalageday dina korsi hoe butut. Implenganana ngalayang, ka lembur. Bray bae beungeut Ika, mojang kadeudeuh nu teu kungsi kacangking, nembongan. Belenyeh kalangkang Ika teh imut kareueut, manehna nyeblak. Leungeunna ngaragamang ngusap beungeut bari istigfar. Da kiwari mah Ika geus aya nu boga. Tapi salambar katineung nu salawasna nganteng hese leungitna. Matak nepi ka poe ieu manehna can kawin, asa moal manggih deui wanoja nu kawas Ika. Keureut beungeutna nu ngadaun seureuh, sirah nu ditutup jilbab bodas, numpang dina awak nu sampulur, mawa watek leumpang ngalanggeor lir macan teunangan, estu deungdeuleueun. Nu jadi hahalang harita, pangna manehna teu wani menta Ika ka indung-bapana, pedah manehna can cekel gawe. Malah teu saeutik tatanggana nu manghanjakalkeun, lebar cenah, meunang sakola, sakitu kolot bebeakan, geus jadi sarjana, ahirna ngaligeuh. Kakara sanggeus manehna indit ningalkeun lembur, mawa watek bisa tulas-tulis, meunang gawe di salah sahiji media cetak. Manehna cengkat tina korsi, leungeunna ngaragamang kana termos nu geus coplok panyekelna, muka tutup termos, nyicikeun cai, rek nginum. Saat. Geuning termos teh kosong. Hoream-hoream ge kapaksa nyeungeut kompor naheur cai. Bari ngadagoan cai asak, manehna nyieun daftar panalek keur tanyakeuneun ka pajabat Pemda. Isukna, ti jam satengah tujuh geus campego dina teras kantor Pemda, hayang pangheulana nepungan pajabat nu rek dikonfirmasi, samemeh semah sejenna rabul. Manehna nyaho, semah ka pajabat eta mah meh tara aya suwungna, da puguh kalungguhanana kaitung penting, jeung jalmana fair.

“Nu mana tea ieu teh, Yi?” Ceuk Pa Dudung, pajabat nu ditepungan tea, sanggeus diuk pahareup-hareup.
“Nu tos diajangkeun ku Pemda, naha leres parantos janten kaputusan, bade ngadamel pasar kanggo nadah padagang kakilima?” Ceuk Manehna.
“Leres, malih parantos aya kasaluyuan legislatif, mung sacara tinulis, serat kasaluyuan teh teu acan lungsur”.
“Sanes parantos aya sataunna, Pa, naha asa leuir-leuir teuing?”
“Ah, teu acan. Rarancang, ngalihkeun padagang kakilima mah leres tos ti taun pengker, mung sacara resmi prosesna paling nembe opat sasih.”
“Dupi waragadna, tina APBD, atanapi langsung tina DAU?”
“Tina DAU, mung apan kedah dirarancang, disawalakeun, ngalarapkeunana kedah proporsional, sareng kasaluyuan legislatif tea. Rada panjang prosesna. Ayi panginten langkung uninga”.
“Kinten-kinten di palih mana lahan nu diajangkeunana, Pa?”
“Aya dua alternatif. Nu hiji tanah eigendom di wewengkon Cileutik, atanapi tanah aset Pemda, nu kawitna ti departemen nu dilikuidasi, di wewengkon jalan Cihurang.”
“Nu disaluyuan ku DPRD, nu mana?”
“Duanana diasongkeun, nganggo parameter untung rugel, mangpaat-madarat. Nu parantos didongdon ku legislatif nembe nu di Cileutik. Kedah ditalungtik heula panginten”.
“Janten teu acan aya kacindekan mana-manana?”
“Dugi ka danget ieu mah teu acan, mung hawar-hawar, pihak legislatif condong ka Cileutik”.
“Rupina, waragadna mah tos lungsur?”
“Tos ti Februari keneh. Upami taun ieu kacindekanana leuir, nya nganggo waragad kintunan taun payun”.
“Waragad nu tos aya moal nyaliwang?”
“Insyaallah moal. Kekep pisan ayeuna mah, Yi. Paling dilarapkeun kana widang nu langkung peryogi tur tiasa dipertanggelwalerkeun. Di alam reformasi kieu mah, eksekutif teu tiasa sagawayah, peran legislatif nangtoskeun pisan”.
“Mugi legislatifna amanah, nya Pa? Sami sareng eksekutifna, teu ngantengkeun tali kolusi”.
“Leres, mugi-mugi we”.
“Sateuacan dugi ka nu dimaksad, tarekah naon nu dipilampah ku Pemda, kanggo ngungkulan implikasi padagang, nu ngamacetkeun jalan?”
“Tah, palih dinya sesahna teh. Diajak tartib malar tong daragang dina trotoar sareng awak jalan, teu ngagugu. Ditartibkeun sacara persuasif ku Satpol PP, ngaralawan. Ieu hal dilematis pisan. Di sapihak, patalimarga teu kenging kaganggu, di pihak sanes, padagang perelu hirup. Sanaos Perda mah pan tos aya, nanging nerapkeunana sanksi-sanksi, teu digarugu ieuh. Diantep janten masalah, digarap numuwuhkeun masalah. Serba lepat. Ti sasih kamari tos dicaketan, sangkan ulah dagang di jalan, teu aya tapakna. Pageto bade dicobian ditartibkeun deui, moal ku Satpol PP wungkul, kordinasi sareng pihak kapulisian. Duka kumaha ke hasilna. Padahal nu daragang teh saleresna mah sanes padumuk pituin, hartosna seuseueurna mah, padumuk siang. Uninga panginten, padumuk wengi 2 juta urang, padumuk siang kalebet nu daragang 2,5 juta urang”.

Mulang ti dinya manehna langsung ka kantorna, rek nyieun berita keur terbitkeuneun isuk. Datang ka kantor, teu bisa jol-jol gawe, sabab komputer ngan aya tilu, ari wartawan aya sapuluh, atuh kapaksa ngadagoan batur rengse, sakali ewang. Rek digawean dina mesin tik, hoream, jaba ti gandeng teh, kudu dikalkarim ku tip eks mun aya nu salah. Jeung asa tinggaleun jaman, wayah kiwari wartawan make keneh mesin ketik. Sabot ngadagoan, manehna ngaleos ka kantin, kakara inget ti isuk can kararaban remeh. Kasampak Dadang, batur salemburna, keur cacaleuhakan we ngadahar colenak. Barang ngareret ge, manehna geus digupayan, ngarah diuk gigireunana.
“Den, geus lila teu balik ka lembur, nya?” Ceuk Dadang.
“Ah, bulan tukang balik, ngan teu lila, nganteurkeun duit wungkul, keur waragad sakola adi kuring”, tembalna. “Ente ti lembur, kitu?”
“Kamari euy, meunang dua poe. Aya nu aneh siah, geus nyaho can?”
“Wah, naon anehna lembur. Asa teu aya robahna ditinggalkeun taun-taun teh”.
“Yeeeh, lain fisik lemburna, jelemana ieu mah.”
“Naon nu robah, angger we rutinitas monoton. Ngan hawa angger beresih, cai harerang, tabuh genep geus arindit ka kebon, ka sawah, bedug lohor rame deui. Unggal malem Juma’ah salawatan di masjid. Euweuh anehna”.
“Lain jelema nu eta”.
“Nu mana atuh?”
“Nu nanyakeun ilaing”.
“Nanyakeun………..?”
“Si Ika, pendul. Balik, randa haneut siah. Kamari panggih, nanyakeun ilaing. Neda dihapunten, cenah. Jeung salam deuih, haturan ilaing.”
Ngadenge kitu hatena ngajedud, pangacianana langsung aya di lembur bari kebek panalek, enya kitu ingeteun keneh? Naha bet papisah jeung salakina? Sakitu jadi kareueus indung-bapana teh. Najan teu pati percaya kana omongan Dadang, teu burung aya rasa nu nyeleket mulen atina. Cinta munggaran nu hese dipupusna. Wirahma endah nu kungsi ngancik, ngagalindeng mulangkeun deui panineungan. Dada nu kungsi gudawang asa ngadadak lipur, kasurung harepan ngagedur hese pareumna. Balik kitu isuk ka lembur? Tapi naon alesanana? Manehna ngarenghap panjang, renghap nu susah dihartian. (Hanca).

Deherba