Sapoe di Demak, Kudus jeung Muria
Ku : Djodi Prihatna SA
Ngayakeun kagiatan wisata, naek jeung turun gunung memang matak cape, tapi kajurung ku rasa hayang nyaho, sagala kacape sirna. Geus lila ieu perjalanan teh direncanakeunana. Aya kana sataun mah. Ngan bapa/ibu guru katut kulawargana wungkul nu arindit teh. Tema nu dipake nya eta dina raraga mieling Hardiknas nu kabeneran ragrag dina tanggal 2 Mei 2004 . Jadi sakabeh staf pengajar SMP Negeri 29 Bandung anu ngagabung kana grup pangajian Al Furqon ngayakeun kagiatan wisata rohani . Demi tujuanana nya eta ngadongdon masjid Demak, masjid Kudus, jeung makam Sunan Muria.
Jumlah rombongan oge teu loba teuing, ngan aya 45 urang. Luyu jeung jadual perjalanan, isuk-isuk rombongan kumpul di lapang KPAD Gegerkalong. Lain teu hayang kumpul di sakola, da mobilna teu bisa asup ari ka jalan Geger Arum mah. Kapaksa kumpul di lapang KPAD.
Samemeh miang rombongan dipotret heula hareupeun beus pariwisata Sinar Pasundan. Bral miang tabuh tujuh ngaliwatan komplek Sarijadi nuju jalan Tol Panci. Keluar ti jalan tol mobil terus laju ka wetan ngaliwatan Sumedang, Kuningan jeung Cirebon, tuluy ka Brebes, Banyumas, Tegal. Sajajalan teu eureun-eureun hareureuy. Malum sanajan geus karolot ge ari kangaranan ulin mah sok dibarung ku garogonjakan. Komo deui saderek Ketua Komite tukang heureuy dihaminan ku ibu-ibu anu resep banyol, estu nyekrup we.
Nepi ka Gucci di wilayah Tegal wayah Asar. Rombongan eureun pikeun dalahar, solat Ashar, terus marandi di cipanas. Geus reureuh kana dua jamna, rombongan neruskeun perjalanan. Nepi ka kota Semarang geus peuting, sare di mess Angkatan Laut nyaeta mess Yos Soedarso. Kuring mah teu pati sare. Ngadon catur jeung Pa Amas nepi ka tabuh tilu isuk. Sare sakeudeung, geus diguyahkeun deui keur solat Subuh.
Isuk keneh rombongan geus miang deui, ngajugjug Demak. Perjalanan teu pati lila, tabuh salapan geus cunduk ka masjid Demak. Rombonganb tuluy arasup ka masjid, ngadaroa di jero masjid tuluy alak-ilik di sabudeureun pakarangan masjid. Hanjakal teu bisa motret tihang agung panyangga masjid, lantaran teu meunang. Ngan ukur meuli buku weh ngeunaan Walisanga, dipotret bareng dukeut makam nu aya di tukangeun masjid, tuluy dalahar di warung nu aya deukeut masjid. Tabuh sapuluh rombongan ninggalkeun masjid Demak nuluykeun lalampahan ka Kudus.
Kira-kira tabuh sabelas, rombongan geu nepi ka masjid Kudus. Di dinya rombongan ngadaroa deui hareupeun makam Sunan Kudus. Solat Lohor di masjid Kudus, ari batur mah loba nu solat qoshor, supaya engke waktu Ashar teu kudu solat deui. Kuring mah henteu, solat Lohor wae berjamaah di masjid Kudus. Geus beres sarolat mah rombongan miang ngajugjug gunung Muria.
Tabuh tilu rombongan datang ka lapangan parkir beus sarta bral miang ka makam Sunan Muria nu pernahna di puncak gunung. Jalanna naek terus ngaliwatan taneuh anu geus diwangun kawas tangga. Mun di Taman Juanda, Bandung mah anu disebut tangga seribu tea geuning. Sawareh mah henteu laleumpang, tapi naek ojeg nepi ka makam. Lumayan oge tarifna Rp.4.000,- saurangna. Lamun anu laleumpang tea di tengah perjalanan mopo, bisa naek ojeg. Ngan hargan Rp.4.500,- lantaran ojegna kudu turun heula ngaliwatan jalan nu di handap. Jadi muter deui. Di dinya rombongan nepi ka tabuh lima sore. Geus kitu mah rombongan balik deui ka Bandung.
Teu kawas waktu indit anu rame ku balakecrakan jeung gogonjakan, waktu balik mah rada sepi. Rupana bae ku cape leumpang naek gunung Muria anu sakitu tarahalna. Jadi salila perjalanan balik mah loba nu ngabaretemna ti batan ngarobrol teh. Tengah peuting rombongan nepi ka daerah Comal, eureun di rumah makam Pring Jajar. Tah, harita aya bewara ti pangurus rumah makan, yen lamun anu poe harita ulang taun bisa ngadatangan pangurus. Kuring dibejaan ku pamajikan teh langsung bae ngadatangan pangurus. Sarta harita keneh lagu Panjang Umurnya disadakeun bari diimplik-implikkan pikeun ngawilujengkeun ka kuring. Atuh tamplok bae guru-guru teh ka meja tempoat kuring dahar, pada ngawilujengkeun. Geus beres dalahar mah, rombongan bral deui neruskeun lalampahan balik ka Bandung.
Sunan Demak (Raden Patah)
Raden Patah katurunan raja Majapait nyaeta Prab u Brawijaya V ti selir nu jenenganana Dewi Dharawati. Raden Patah kagungan saderek misan anu oge jadi guru dina widang agama nya eta Sunan Ampel. Sanggeus taunan jadio murid tembong parobahan jiwana. Leuwih dewasa dina mikir sarta heunteu gagabah mun rek nyieun kaputusan. Tuluy anjeunna ngadeuheus ka ramana pikeun nyaritakeun saha dirina sarta ngajak ramana asup agama Islam.
Prabu Brawijaya kakara terang sarta tuluy ngaku ka putra, ngan kana ajakan asup agama Islam mah teu kersaeun. Saterusna Raden Patah dipaparin kabebasan nyebarkeun agama Islam jeung dipaparin wilayah di Glagah Wangi, nu ayeuna disebut Dermak. Nya Raden Patah ngadegkeun karajaan Demak dibantu ku para wali nu aya di pulo Jawa.
Raden Patah ngawangun masjid Demak dibantu ku Sunan Giri, Sunan Bonang, Sunan Gunung Jati jeung Sunan Kalijaga. Tihang agungna aya opat anu diameterna 1 meter. Waktu rek nancebkeun tihang, aya hiji tihang (anu dibawa ku Sunan Kalijaga) leuwih pondok ti nu sejenna. Sunan Kalijaga teu beakeun akal, tatal jati urut popotongan tilu tihang deui disambungkeun jeung tihang nu hiji tea. Jadi ayeuna mah sarua panjangna. Cek beja Masjid Agung Demak teh rengse dina waktu sapeuting. Wangunna joglo hateupna tilu nu nyilokakeun sareat, hakekat jeung tarekat. Diwangunna poe Kemis malem Jumaah Legi taun 1479 Masehi.
Sunan Kudus (Raden Jafar Sidiq)
Cek salah sahiji sumber Sunan Kudus teh putra Raden Usman Hajji nu gelarna Sunan Ngudung ti Jipang Panolan. Pernahna Jipang Panolan teh beh kiduleun Blora. Dina Babad Tanah Jawa disebut Sunan Ngudung kungsi mingpin pasukan Demak Bintoro ngalawan pasukan Majapait. Sunan Ngudung salaku senopati Demak nyanghareupan Raden Husain atawa Adipati Terung ti Majapait. Dina pangperangan kalawan silih kaluarkeun kasakten Sunan Ngudung gugur sabage pahlawan. Kalungguhanana digantikeun ku Sunan Kudus anu oge jenenganana Raden Jafar Sidiq. Pasukan Demak ampir eleh. Tapi ku siasat Sunan Kalijaga jeung bantuan ti Raden Patah, kakuatan pasukan Demak jeung Majapait imbang.
Sunan Kalijaga (Raden Said)
Geus seueur nu terang Sunan Kalijaga nu oge jenenganana Raden Said teh putra Adipati Tuban nu jenengan Tumenggung Wilatikta atawa Raden Sahur. Sanajan turunan Ranggalawe anu agamana Hindu tapi Raden Sahur mah geus ngagem agama Islam.
Ti leutik keneh Raden Said diajar agama Islam ku guru agama di kadipaten Tuban. Tapi ku lantaran ningal kaayaan lingkungan anu kontradiksi jeung kahirupan rayat, jiwana barontak. Jasa Sunan Kalijaga teu bisa diitung ku seueurna. Anjeunna teh mubaleg , seniman, budayawan, filosof, ahli tata kota.
Sunan Muria (Raden Umar Said)
Anjeunna teh putra Sunan Kalijaga ti Dewi Saroh. Saperti ramana dina dakwah anjeunna ngagunakeun cara lemes, ibarat ngala lauk, caina herang laukna beunang. Kaalungguhanana di gunung Muria nu salah sahiji puncakna diaranan Colo. Pernahna di beulah kiduleun kota Kudus. Sasaran dakwahna padagang, pamayang, jeung rahayat. Anjeunna hiji-hijina wali nu tetep mertahankeun kasenian gamelan jeung wayang pikeun alat siar Islam. Nya anjeunna nu nyiptakeun temnag Sinom jeung Kinanti.
Sunan Muria teh wali anu sakti, kuat fisikna nu dibuktikeun ku ayana padepokan di luhur gunung. Nurutkeun panalungtikan jumlah anak tangga ti handap nepi ka makam Sunan Muria aya kana 750 meterna. Kacipta henteu lamun Sunan Muria, istrina atawa muridna unggal poe kudu naek jeung turun gunung pikeun nyebarkeun agama Islam?
Tah, urang oge sanajan kudu naek jeung turun gunung, tapi lantaran kajurung ku hayang nyaho mah, kacape teh sirna.





