Salaka Edisi Oktober 2009

Ngajar Gamelan Paburantak

Pangalaman Kang Iwan Natapradja nyebarkeun budaya Sunda di Australia

Bulan Februari 1974 nincakeun suku di Bandara Kingford Smith Sydney teh, sorangan bae da pamajikan jeung anak nu kakara 4 bulan can dibawa, masih keneh mangkuk di Bandung. Sanajan masih keneh musim panas, tapi karasana teh rada nyecep, malum kuring mah dating teh ti nagri tropis.
Sydney mangrupa poseur dayeuh nagara bagian New South Wales salah sahiji nagara bagian Australia, nu lobana dalapan nagara atawa naratas jalan pangajaran Karawitan Indonesia di Jurusan Musik. Pondokna mah sabada kuring merenah di kampus jeung geus panggih jeung Profesor Peart salaku Dekan Musik der bae ngagarap tugas nu dibikeun ka kuring.

Poe Senen munggaran kuring dibawa ka hiji kelas, nupinuh ku gamelan. Ari bray teh pantone dibuka ku salah saurang pagawe, breh bae tumpukan waditra gamelan. Lain bungah hate teh manggihan gamelan kumplit di nagri batur, tapi kalahka sedih. Kunaon sababna ? Da enya atuh eta gamelan teh ari katingalina mah gamelan, tapi barang diilik-ilik, jauh pisan tina kaayaan anu sakuduna, disebut gering oge henteu.Waditra teh boh saronna, gambangna, demungna katut kendangna estuning paburantak pisan. Bru dijuru bro dipanto teh lain ngagambarkeun kabeungharan ieu mah, tapi estuning kitu kaayanana, waditra teh patulayah di mana-mana, bari teu puguh tumpukanana. Acakna, ampun pikawatireun pisan, disagigireun cetna geus kuleuheu teh tali-talina geus paregat, wangunanana geus rareyod, panakol teu hiji-hiji acan. Pondokna mah paburantak bae.

Antukna nu dina pikiran kuring bisa ngamimitian ngajar minggu eta teh jadi gagal. Kapaksa singkil, ganti baju ngayakeun pamariksaan kana gamelan ‘nu gering” tea.

Tapi kusabab geus siap gawe pikeun nyebarkeun kasenian Sunda, wah eta panangtang teh dianggap lengkah munggaran nu kudu disanghareupan kalawan daria.

Dina sajero saminggu kuring bisa hasil “ngubaran” gamelan. Mimiti ngumpulkeun waditra, misah-misahkeun wilahan saron, demung, kenong, gambang jeung nusejenna. Terus digunduk-gunduk nurutkeun ukuranana masing-masing. Geus kitu kakara ngomean ancak-ancakna, boh makuan atawa ngeleman nu rareyod. Pamungkas , mulaskeun cet sangkan jadi “kasep” katingalina. Alhamdullilah dina dalapan poe gawe gamelan teh geus “jiga “ deui.

Ngalaras gamelan ku peremen karet.

Tilu poe kuring musatkeun pikiran pikeun ngalaras, da geuning sumbang pisan. Ngan bingung , kudu kumaha ngalarasna, da puguh di Ustrali mah euweuh tukang gamelan. Ari gambang mah babari pisan, da bahanna tina kai, jadi bisa diserut ku peso seukeut. Atuh kendang, teu jadi masalah. Ngeunaan wilahan saron jeung demung kapaksa diprekprek ku palu beusi. Ngan eta dina palebah boning jeung kenong, kuring teh bingung da eta euweuh paparabotan tea. Indit ka Sidney teh lain rek jadi tukang nyieun gamelan, tapi rek ngajar nabeuh.

Teu kurang akal, dasar turunan “Si Kabayan” kuring mikir kumaha sangkan ieu boning jadi benar sorana, akur jeung nu sejenna dina laras salendro. Kuring nyoba kuditempelan peremen karet dina ponclotna, sigana teh hasilna alus. Lamun peremen karetna saeutik sora kenong teh robah saeutik, lamun dikandelan oge sorana robahna gesde. Ahirna kuring meuli peremen karet sadus, ngan teu digayem da pimanaeun ngagayem peremen karet 5 kilo, meureun nyei huntu. DFiakalan bae ku Blender dicampur cai. Alhamdullilah si kenong jeung boning teh robah sorana ditempelan ku peremen karet dina ngalaras jeung ngakurkeun sorana.

Dina palebah panakol, ah kapaksa bae meli suku meja nu geus dibubut dijieun panakol boning, panakol goong dijieun ku karet busa dibungkus ku kaos kaki, atuh panakol kendang mah loba, meuli bae panakol “drum stck” di took musik. Kitu deui kawat kacapi jeung rebab bisa meuli ku bahan kawat hitar jeung biola. Beres weh.

Kabuktian yen eta gamelan teh gamelan salendro nu baheulana kungsi dipake kubudayawan bangsa Walanda nu kungsi diajar karawitan di Tatar Sunda. Nyaeta Bernard Eiyserdraat anu ganti ngaran jadi Suryabrata. Eta gamelan teh mimitina didatangkeun ka kota Perth, poseur dayeuh nagara bagian Australia Kulon (Western Astralia). Antukna dibeuli ku Universitas Sydney sabab Suryabrata geus teu ngawulang deui di Perth. Teuing taun sabaraha jeung geus sabaraha lilana eta gamelan aya di Ustralina teh, teu aya catetan anu pasti.

Atuh dina minggu ka dua kuring aya di Sydney teh geus bisa ngamimitian ngajar gamelan ka mahasiswa Tk I di jurusan musik. Lobana aya sapuluh urang, lima awewe, lima lalaki.

Samemeh der nabeuh teh kuring dibere heula mukadimahna tina bagbagan elmu karawitan urang. Kacida pisan ngaregepkeunana palajaran teh, atuh dina prakna diajar nabeuh kacida pisan kuring bungahna sabab hasilna teu goring-goreng teuing.

Tah kitu pangalaman munggaran di Sydney teh. Keun jahareup urang sambung deui kumaha “pait peuheurna” dina nyebarkeun budaya urang di mancanagara. Tapi mamanisna oge teu kurang. Cag

Deherba