Aki Satimi
Ku: Asep Hermawan Sanudin
Di lembur nyingkur jauh ti dayeuh hirup aki-aki nu pahatu lalis. Nyangkewok cicing dina sauung bilik nu geus dihakan ku rinyuh. Hateupna tina injuk. Hareupeun imahna aya bangku tina awi paranti ngadaweung. Tukangeun saung digedeg ku pager awi. Paranti ngukut hayam jeung meri. Saungna geus doyong. Mun aya hujan angin pasti rungkad kabawa. Di tengahna aya samak salambar, hawu paranti ngaliwet, jeung kendi wadah cai tina taneuh beureum.
Aki Satimi katelahna, aki-aki tujuh mulud umur geus ngagayuh ka wanci sareupna geus bau taneuh kuburan.
Warugana geus bongkok, buuk geus cetuk ku huis, lempang kundang iteuk. Pameunteuna bangun ngungun pinuh ku kasusah. Kulit geus pareot. Huntuna tawehwoh. Mun ngomong ngaheos teu puguh kadengena. Banda teu boga taya pisan pangawasa. Jauh ka sintung kalapa anggang ka baraya jauh ti dulur.
Estuning hirup ku panyukup gede ku pamere. Da tanaga geus teu rosa, komo mun usaha jiga batur nu ngarora. Jang nyambung hurip, manehna sok ngahajakeun nguriling ka unggal lembur bari ngamen make siter nu jadi pepende hirup nyorangana. Jentreng kacapina sakapeung mah sok ngahasilkeun, eta ge sok aya nu mere maweh. Si aki dibere kadaharan jeung beas. Tapi, loba oge nu ngadon narempo wungkul bari kutuk gendeng. Majar sora manehna teu sawirahma. Nu ngagimbung barudak leutik bari ngarengklak jeung kaleprok. Rengse ngamen nu nonton balubar.
"Teu meunang sapeser-peser acan poe ieu. Ek ngahakan naon? Di imah kadaharan geus ledis teu nyesa" aki Satimi ngagerendeng ngomong sorangan (bari nyusutan kesang nu renung dina tarangna).
Tuluy manehna leumpang ka tonggohkeun bari renghap ranjug. Ngaliwat ka kebon, ret manehna kana dapuran sampeu. Bari culang-cileung. Cag ngecagkeun kacapi. Pikirna euweuh nu keur nyerangkeun ka dirina. Satekah polah aki Satimi ugat-uget ngarabut tangkal sampeu nu maksud keur ganjel beuteung engke peuting. Teu kanyahoan ti tukangeun aya nu najong bobokongna.
"Jebrod!!"
"Aduh ieung....!!" si aki bari nahan kanyeri nyekelan bobokong bari ngagorentel kana taneuh.
Keur pepelengkingan kitu, kerewek baju ki Satimi nu geus teu mangrupa teh didudut ku hiji jalma nu kekerot nahan amarah.
"Aki-aki ngurus tunjung! Teu nyakola siah! Kunaon sia maling tangkal sampeu? Aing mah meunang hese cape melakan jeung muruhkeun ka batur. Sia ngeunah-ngeunah ngaringkidan?" ceuk eta jalma jangkung badag bari teu sirikna bahamna dideukeutkeun kana ceuli si aki.
"Hampura Jang, aki teh keur kalaparan. Di imah teu boga pisan dahareun...." tempas si aki ngeleper bari ngaluarkeun cimata kasedih.
Lain karunya ku ketak si aki, eta jalma nu katelah si Bewok teh teu antaparah deui ngan gampleng wae nyabokan ki Satimi nu teu walakaya. Atuh puguh ngan ukur humaregung wungkul teu bisa hojah ngayonan nu boga kebon nu keur kaentrepan ku ka keuheul dumeh dapuran sampeuna dirabut. Ki Satimi batina elih-elihan bari rambisak ku cimata. Beungeutna bengep pinuh ku panyiksa. Ngarasa keneh ambek, nu boga kebon langsung ngababetkeun kacapi si aki. Kacapi pegat senarna jeung beulah kaina. Bari tetenjrag, si Bewok tutunjuk kana cukang irung ki Satimi,
"Nyingkah siah buru-buru ti kebon aing, bisi aing ilang kasabaran!!" ceuk si Bewok (bari ngalugas bedog panjangna).
Ki Satimi teu sirikna acong-acongan menta dihampura ka si Bewok lantaran rumasa mipit teu amit ngala teu bebeja. Lain meunang pangampura, kalah ka meunang suku nu jebrag nyayang kana dadana.
"Jekuk!!" sora dampal suku kana angen ki Satimi.
Atuh puguh we, ditajong hulu angen asa teu bisa ngarenghap-renghap acan. Ceuk paribasana asa teu boga tai saking ku nyerina. Si aki ngadayagdag bari nyekelan dada tuluy nyokot iteukna bari rarampeolan indit ti kebon si Bewok.
Antukna, anjog oge ka saung butut nu aya lebakeun pasir. Singhoreng saungna teh ngarempet jeung imah tatanggana. Karek oge jol, geus aya nu nyalukan ki Satimi.
"Sampurasun..." ceuk nu nyalukan ti gigireun imah.
"Rampes...saha?" tembal ki Satimi.
"Ieu kuring, Eman" bari nyolongkrong sasalaman.
Eman teh tatangga nu dianjrekan ku ki Satimi, imahna pagigir-gigir.
"Sok atuh calik na bangku" ki Satimi bari nitah diuk ka semah.
"Kunaon aki eta geuning meuni barengep kitu?" ceuk Eman karek ningali beungeut si aki nu pinuh ku bared jeung bareuh.
"Teu kunanaon Jang, aki tadi tikusruk basa keur nikreuh lempang. Dasar geus kolot. Nempo tunggul disangka jalan. Tuluy aki labuh" tembal ki Satimi nyumputkeun kaayaan nu sabenerna.
"Baruk? Karunya teuing aki." ceuk Eman ngaregepkeun si aki.
"Aya naon, Jang Eman?" ceuk ki Satimi.
"Punten ieu teh ki, tumorojog tanpa laratan ti anggalna. Abdi sakulawargi teh bade ngalih ka Garut. Kaleresan ieu tanah satapak peucang teh tos pajeng diical. Hapunten pisan, sanes abdi ngusir aki. Nanging, dina waktos saminggon aki teh kedah ngalih." Eman nandeskeun.
Aki Satimi ngahuleung ngaraga meneng bangun anu bingung. Sabab rek kamana nyangsangkeun badan jeung nitipkeun diri, teu boga sanak teu boga baraya. Duduluran aratah anjang teuing kamarana. Bari ngarahuh ki Satimi nyarita,
"Nuhun atuh Jang Eman tos masihan terang." Ki Satimi bari ngeluk.
Geus kitu mah Jang Eman pamitan sabab geus sore. Tinggal ki Satimi nu ngalamun sorangan di bangku bari nangkeup tuur. Matana carindakdak. Ras inget ka si jenat nu geus ninggalkeun manehna dua taun katukang. Euweuh pisan batur pakumaha, hirup sangsara kadungsang-dungsang.
Keur kitu manehna ngimpleng naon-naon nu kaalaman manehna mangsa keur ngora. Mangsa keur jaya, Satimi boro-boro inget kanu jadi kolot. Hirup jauh ka bedug. Tunggul dilarung catang dirumpak. Manehna kawentar pangbeungharna di kampungna. Rek teu beunghar kumaha. Harta titinggal bapana diaku kabeh ku manehna. Adi-adina hirup saparan-paran. Indung teges sorangan ge ditundung ti gedong singgrongna.
"Mantog sia teh, montong cicing wae di imah aing! Meakeun hakaneun jeung bau hangseur sia teh!" ceuk Satimi ngahoak ka indungna nu geus rerempo euweuh alaeun.
"Hirup sia moal jamuga, kaluhur moal sirungan ka handap moal akaran!" ceuk indungna bari inghak-inghakan.
"Montong nyupata ka aing, moal teurak aing mah deuleu. Nyingkah buru-buru bisa direcah ku aing!!" ceuk Satimi.
Indungna ngan mawa endong wungkul indit nuturkeun indung sukuna. Teuing kamana. Lain ti eta, Satimi keur ngora katelah nyandu ngadu, mabok jeung resep ka awewe. Lain ceuk beja, awewena teh unggal pengkolan. Parawan jeung randa dihakan kabeh ku Satimi mah. Ari geus baroga budak ditinggalkeun teu dibayuan. Matak kakoncara Satimi si tukang ngencrat-ngencret anak. Teu ka tatangga teu ka dulur, hawek teh dibeakeun ku karep. Satimi lir kena ku owah gingsir. Sok mindah-mindahkeun wates taneuh batur, tepi ka jadi gentreng pacengkedan. Cekcok tiap poe jeung batur teh geus jadi kailaharan. Manehna jadi bahan kacapangan, sabiwir hiji katelah jalma doraka ti indung, mokaha jeung hirup hayang meunang sorangan. Ngeunah ehe teu ngeunah eon. Ngeunah di dirina teu ngeunah di batur.
Hiji mangsa, gedong sigrongna kahuruan tepi ka beak jeung eusi-eusina. Mobil Satimi aya nu maling. Pamajikan nu ngorana bangor jeung dibawa kabur ku tatangga. Usahana ditipu. Barang dagangan Satimi beak dianjukeun ka batur, bari teu ditauran. Antukna, manehna ngageyeget banda nu aya. Hampir kabeh tanahna erep dijual keur nyumponan pangabutuhna. Katambah manehna sok katarajang ku panyakit mengi. Atuh puguh we duitna beak siga sakiceup. Sagara oge ari ditawuan unggal poe mah bisa saat. Hirupna reumbeuy ku hutang. Unggal poe aya nu nagih.
"Satimi! Satimi!" sora nu gegedor kana panto imahna tarik pisan.
Bareng geus dibuka, nu nagih marawa bedog bari muncereng.
"Ari sia rek mayar moal? Hutang geus sagede gunung! Ti mimiti ayeuna imah sia ieu nu sagede peuti, ku aing disita! Ingkah sia bisi ditigas genggerong teh!!" ceuk titahan rentenir garang pisan.
Wirang di kolong catang, Satimi ngejat ti lemburna keur nyingkahan omongan jalma nu rangeng teu pararuguh. Katambah hutang ka jalma rea nu pamohalan bisa katebus. Ras inget ka indungna nu diusir. Kalakuan poya-poya jeung adigung adiguna ka papada jalma mangsa keur beunghar. Manehna hanjakal. Kaduhung nu sagede gunung boga kalakuan doraka ka indung. Indung nu ngandung nu ngageudekeun teh teu dimumule. Kalah ka kumaha oge ari kaduhung tangtu di tungtung. Aki Satimi ngagebeg lamunana kagareuwahkeun basa ngadenge sora adzan Magrib ti tajug lebakeun saungna. Manehna kudu tatan-tatan rek neangan tempat pisaungeun pageto sugan aya nu ridoeun ngampihan aki-aki rigog.
Qatar, 14 September 2010.





