Salaka Edisi Online

Buruh Pabrik

Carpon, Japar Sidik

Hawa nu biasana tiis téh poé éta mah asa teu béda jeung di Jakarta, panas bayeungyang kitu nu karasa ku Ubéd harita. Manéhna geus méh aya sataunna di Bandung, buburuh di pabrik Tisu. Tisaprak kaluar sakola és ém pé Ubéd milu gawé ka dulurna di Jakarta, dipabrik roti, meunang meureun kira-kira dua taun mah, tuluy pindah ka pabrik textile dikawasan Berikat Nusantara, Cakung.

Lila didinya mah aya kana tujuh taunna, hanyakal kaayaan ékomomi nagara keur goyang usum krisis. Pikeun Ubéd mah teu, teu ngarti teusing naon ari krisis global téh, nu puguh mah alatan éta cenah manéhna di PHK. Cicing dilembur jeung anak pamajikan mingkin lila karasa eungap, buburuh tani kalah timbul daki, nyobaan dagang kalah timbul hutang, da puguh ayeuna dikampung ogé geus loba toko modern nu labelna maké mart, kayaning Indomart, Yomart jeung réa-réa deui, antukna daék teu daék kudu ingkah deui ka kota, ngadon buburuh. Kaparengan meunang gawé di Bandung

Balik gawé Ubéd saperti sasari tara supang simpang kamamana, tuluywé ka kontrakan Haji Udi tempat manéhna cicing, ngontrak kamar ukuran dua katilu. Sanggeus cucul-cucul gék diuk dina kasur lépét, ceg kana gelas plastik nu aya caian kénéh, regot di inum, keur kitu diluar kadéngé aya nu gogoroan
"Béd, boga udud ?" Cenah, bari kulutrak muka panto kamar, lol sirahna nolol.
"Roko timendi, nyao keur boké. Barinagé haram ayeuna mah" tembal Ubéd. Horéng Suma urang Jampang, sarua ngontrak didinya, gawéna béda divisi
"Lain, di lembur geus kabagéan tabung gas jeung kompor can?" cenah bari tetep nolol na lawang
"Meunang cenah kamari pamajikan nga sms, naon kitu" ceuk Jaéd
"Tadina mun can meunang nudéwék rék di jual, embungeun maké pamajikan mah. Paur cenah"
"Lah moal nanaon, maenya pamaréntah gé nyilakakeun. Aéh isuk ék darémo nya ka Gedong Saté?" Tanya Ubéd
"Nyao ceuk saha énté?" Suma malik nanya
"Ceuk Pa Yudi, ék milu didinya, Ma?" Tembal Ubéd ditungtungan ku naya. Kuniang hudang nyampeurkeun Suma nu nongtot na lawang panto "Halik tong ngahalangan, nongtot jodo geura" cenah
"Baé déwék mah da geus boga indung Si Itok ieuh, ahaha" tembal Suma bari ditungtungan ku seuri, gék duanana dariuk na bangku butut harupeun kamar kontrakan.
"Eta kumaha isuk téh, asa timbul deui euy harepan téh, maénya anggota déwan baé nu naraék gajih téh, ari urang nu ngagajih maranéhna kalah kah ringsek" ceuk Ubéd bari nepak reungit nu nyongcong dina pipina
"Heuh padahal anggota déwan mah gawéna loba mangkir jeung korupsi cénah, tapi waduk lah, moal milu aing mah, kantun kacapé, euweuh hasilna" tembal Suma ngabalieur
"Har pan ayeuna mah aya serikat pekerja, pokona urang kudu memperjoangkan hak" Ubéd daria.
"Kumaha nyanéh wé lah, tapi ari ceuk dék mah mending montong, komo manéh pan can diangkat jadi pagawe tetap, masih transisi tatéh" tembalna bari ngagaroan tu’urna nu mencos kawas obéng kembang
"Heuh lah kuma isuk wé. Asa lapar euy, ka pengkolan heula ah arék nganjuk sangu." Jung nangtung, léos indit muru ka warung Bi Iti nu aya di pengkolan.

Isukna benerwé gerbang pabrik pada ngagedoran nitah bijil milu démo, satpam paciweuh tipopolotot jeung serikat buruh.
"Pa montong megatan hak buruh, cing sayah ménta perwakian tipabrik ieu duapuluh urang" ceuk pamuda nu maké saragam serikat tipeupeuleukeuk, titukang réang pating gorowok
"Dobrak mun teu ngijinan mah euy!"
"Hidup buruh!" Patinggorowok barung jeung sora lakson disaradakeun.

Satpam teu bisa kumaha, gancang nepunga staf ménta barudak duapuluh urang, Ubéd kabeneran kapilih jadi perwakilan démo. Saméméh indit Pa Robét salaku ménéjer wanti-wanti yén ké mun geus pawai dijalan,omat kudu ngabalicet mabur ulah tuluy milu démo.
"Inget, tong milu démo nepika Bandung, urang keur mengejar target produksi, kumaha jadina mun waktu urang béak paké démo, padahal saingan urang mingkin loba, pajeg kudu di bayar, acan pungutan liar merajaléla, tambah deui tarif listrik naék, jaba maranéh ogé tiap taun kudu naék gajih, jadi wéh ongkos produksi mahal, pan lieur. Pokona nungarempak bakal aya sangsi tegas" kitu amanat Pa Robét ditungtunan ku ngancam sagala.

Enyaan nu darémo téh loba pisan, malah jalan ogé nepika macét. Tepi ka Gedong saté nu darémo dipegat ku Satpol pp jeung pulisi, der atuh ribut, nu démo nyéréd ménta paamprok jeung Pa Gubernur, rék nepikeun aspirasi, atuh pulisi tetep teu ngidinan antukna kaayaan jadi harénghéng, pager dioyag-oyag, pulisi teu cicingeun gancang némbakeun témbakan cai, atuh buriak nu démo nyinglar bari pating gorowok, kumaha ari Ubéd, manéhna sabenerna mah arék mabur moal tuluy milu démo, ngan hanjakal manéhna kaparengan dititah mawa bendéra ku korlap, atuh lapur teu bisa kabur.

Isukna poé Rebo Ubéd teu bisa gawé da sukuna bareuh akibat ditajong pulisi, mangkaning ku sapatu jangkung téa atuh. Poé kemis kakara bisa asup, can gé nunda tas kana loker karu Jana ngagoroan.
"Kamana kamari teu asup Béd? Tuh Pa Robét nanyakeun, ayeuna ka kantorna cenah" pokna daria
"Gering Kang, suku bareuh balas dijejek pulisi, Aya naon kitu kang? Palangsiang gara-gara démo yeuh" témbal Ubéd reuwas.
"Teuing,. Jung wé tepungan, sabari bikeun surat katerangan sakit ti dokter"
"Nyéta Kang teu ka dokter, teu boga duit" tembal Ubéd
"Kapan maké Jamsosték" ceuk Karu Jana bari ngarangsodkeun calana nu rada morosot
"Ih puguh kuring mah can boga Jamsostek" jawab Ubéd bari ngaléos.

Sangges keketrok tur geus asup Ubéd diuk tungkul hareupeun Pa Robét.
"Ubéd nya ngaran téh? Bagéan packing?" ceuk Pa Robét papariksa
"Leres, betul pa" témbal Ubéd ngomongna direumeuy
"Kamu tau kenapa dipanggil" bari mecrong
"Henteu Pa" tembal Ubéd geumpeur. Késang mimiti renung dina irung

Pa Robet narik napas, tap kana gelas cikopi, regot di uyup bangun nikmat. Ubéd neureuy ciduh.
"Kieu Béd, saya geus ngingetan yén ulah milu démo nepika Bandung, tapi kamu tetep milu, malah nu leuwih parah isukna kamu teu asup gawé, bari euweuh katerangan nanaon, akibatna produksi kahambat, paménta Customer teu kacumponan. jadi sangsina kamu saya kasih és pé tiga, surat peringatan" diselang ku nguyup deui cikopina nu tinggal satengah deui. Ubéd teu nembal, pok Pa Robét nyarita deui
"Jadi mun sakali deui ngalanggar aturan, pasti kamu dieureunkeun tina gawé. Ogé ngeunaan pengangkatan jadi karyawan tetap téa, jang samentara dibatalkeun" kitu harita téh, kaituna mah teuing asa malaweung, rék némbal ogé moal guna pasti nu meunang manéhna. ngan bati haténa wé nu peurih mentegeg.

Satengah opat Ubéd geus aya di kontrakan, da kabeneran gawéna kabagéan shift hiji, ti jam tujuh nepika jam tilu. Keur cucul-cucul torojol Suma nyampeurkeun.
"Béd, tadi aya telepon ti lemur, ti mitoha manéh, nelepon ka imah Haji Udi, da kana hapé manéh teu nyambung waé cenah" ngomongna daria pisan
"Nyéta euy kartuhna kamari pisan hangus teu kapulsaan, aya naon cenah?" potong Ubéd ditungtungan ku nanya.
"Eta cenah manéh geura balik ayeuna kénéh, pamajikan jeung anak manéh di rumahsakit, teuing kapuluk teuing moal" can gé tamat Suma nyarita, Ubéd motong kalimah
"Astagbirulloh. Kunaon cenah Sum?" sorana ngageter
"Eta cenah basa keur masak, tabung gas elpiji jeung kompor pambagian téa bitu, ancur cenah imah gé"

Ngadéngé kitu bumi alam asa tungkeb, ngan rumpuyuk baé Ubéd kapiuhan

Basa istirahat gawé, Cimareme 26 Juli 2010.

Deherba