Al Qur’an Mu’jizat Nu Langgeng Ka Nabi Muhammad SAW
Ku: Hj. Imas Kurniasih, M.Ag-MG
Allah SWT ngutus pirang-pirang nabi biasana dibarengan ku mu’jizat, nya eta kaahengan-kaahengan nu luar biasa nu teu beunang ditiru ku nu lian. Maksudna pikeun nguatan kanabianana, sangkan ummatna ulah deuk mangmang saeutik ge enggoning nuturkeun ajaranana. Sacara harfiah kecap “mu’jizat” nya eta hiji kaahengan nu dipaparin ku Allah SWT ka salasaurang nabi, anu bisa ngapeskeun musuh, sarta hamo aya nu bisa nurutan, nyaruaan atawa ngalawanan.
Misilna bae, teteken Nabi Musa a.s. lamun ku anjeunna dibalangkeun dadak sakala jadi oray nu bener-bener hirup tur pikasieuneun. Waktu anjeunna ngadu jajaten jeung tukang sihir piwarangan Fir’aon, eta oray nu asalna tina teteken teh ngaleglegan sakabeh oray ciciptan tukang sihir tea. Sakabeh tukang sihir piwarangan Fir’aon ngarasa kateter. Maranehna taraluk ka Nabi Musa a.s. sarta jadi jalma anu ariman.
Teteken eta kungsi deuih diteunggeulkeun kana cilaut, nepi ka nyingray tengah-tengahna, jadi jalan gede ngabulungbung tengah laut. Nya eta jalan pameuntasan Nabi Musa jeung kaom Bani Israil waktu diudag-udag ku Fir’aon katut baladna. Waktu Nabi Musa jeung kaomna geus salamet aya di peuntas, sedengkeun Fir’aon sabalad-balad masih keneh di tengah laut Merah, bek bae teteken teh diteunggeulkeun deui kana beungeut cai. Dadak sakala leb bae cai laut teh bedah deui. Atuh Fir’aon sabalad-baladna kerem di jero laut.
Mu’jizat lianna nu dipaparin ku Allah ka Nabi Musa diantarana panangan anu tengen lamun dilebetkeun kana pesak jubahna, mun dikaluarkeun deui eta panangan teh ngagebur cahayaan. Upama dilebetkeun deui kana jubahna, pananganana teh sabiasa deui taya cahayaan.
Kalayan kabijaksanaan Allah Taala, mu’jizat nu dipaparinkeun ka para nabi teh saluyu jeung kaayaan jaman harita. Jaman Nabi Musa anu keur mashur di kalangan urang Mesir nya eta elmu sihir. Singsaha nu pinunjul elmu sihirna bakal diajenan ku balarea. Nu matak harita Nabi Musa dipaparin mu’jizat nu bisa ngelehkeun elmu sihir. Sedengkeun di jaman Nabi Isa a.s. nu keur mashur teh elmu tabib (elmu kasehatan, geusan nyageurkeun). Anu matak Nabi Isa mah dipaparin mu’jizat elmu katabiban nu aheng. Di antarana bisa nyageurkeun nu boga kasakit corob (belang), nu lolong ti barang dijurukeun bisa awas. Punjulna deui kalayan widi Allah Taala, bisa ngahirupkeun deui nu geus maot. Nabi Isa kantos ngadamel manuk tina taneuh liket, sarta sanggeus jadi eta manuk teh hiber.
Nabi Muhammad SAW mah diutus dina pajamanan resep ngulik kasusastraan. Singsaha nu bisa nyieun naskah biantara, ngarakit karangan boh dina wangun ugeran (puisi) atawa wangun lancaran (prosa) baris diarajenan ku balarea. Diugung-ugung dianggap jalma luhung. Jaman harita mah geus maranti ngayakeun pasar malem nu sok dijarugjug ku para ahli basa jeung sastra ti sakuliah nagri. Maranehna bakal mintonkeun karya sastrana dina panggung musabaqoh. Pasar malem atawa pekan raya sok diayakeun di pasar ‘Ukaadz, Dzul-Majaaz, Dzul Majannah, jeung lian-lianna.
Jadi mu’jizat nu dipaparinkeun ka Nabi Muhammad SAW mah bisa ngungkulan ahli sastra jeung ahli biantara. Sedengkeun mu’jizat nu langgeng pikeun saendeng-endeng nya eta Al Qur’an. Sakabeh ahli basa jeung sastra harita ngareungeu bacaan Al Qur’an pada hemeng, rumasa katitih jajaten dina sagala-galana. Malahan ku Al Qur’an ditangtang pisan, bisi aranjeun mangmang kana bebeneranana Al Qur’an anu diturunkeun ka abdina Allah, tegesna Nabi Muhammad SAW, heg geura jieun hiji surat bae nu saperti Al Qur’an, sarta lamun aranjeun teu sanggup pek menta bantuan ka para kanca aranjeun, ari ngarasa anjeun bener (surat Al Baqoroh : 23)
Mu’jizat nu dipaparinkeun ka Nabi Musa a.s. ayeuna geus leungit tanpa lebih ilang tanpa karana, teu nyaho di mana ayana. Baheula kungsi diampihan, diteundeun dina Tabut, nya eta peti pusaka kaom Bani Israil. Tapi eta peti oge ayeuna geus leungit, taya nu bisa nuduhkeun. Kitu deui mu’jizat Nabi Isa ayeuna geus hese dibuktikeunana, sabab eta mu’jizat ngiring kacandak waktos anjeunna diangkat ka langit. Tah, ari mu’jizat Nabi Muhammad SAW mah tetep aya di urang. Disarimpen di unggal imah kaom muslimin, jadi bukti langgengna mu’jizat Nabi. Hiji mu’jizat anu diturunkeun ka Nabi anu ummi (teu tiasa nulis jeung maca). Hal eta dihaja ku Allah Taala pikeun nolak sangkaan jalma nu nuduh yen Al Qur’an beunang nganggit Nabi Muhammad SAW, anu pajah beunang nukil tina Taurat jeung Injil. Henteu tiasa maca jeung nulis teh estu jadi cacad pikeun kaom muslimin. Anu matak maranehna diparentahkeun sangkan bisa maca jeung nulis. Mungguhing keur Nabi Muhammad mah jadi saksi kamulyaan, sabab jadi alesan anu kuat yen Al Qur’an lain beunang nyutat atawa niron tina kitab sejen. Jeung lain pisan kitab karangan anjeunna, tapi estu pituin wahyu Illahi anu dijamin kaaslianana sarta moal kakeunaan ku robahan tina diraksa ku Allah Taala ku anjeun. Mu’jizat Al Qur’an teh lain ngan basana wungkul, tapi kum jeung eusi anu dikandungna. Loba kajadian nu baris kasorang anu diterangkeun samemehna kalayan jangji nu cocog jeung buktina, saperti anu kaungel dina awal surat Ar-Ruum.
Kaom muslimin nu aya di Mekah samemeh hijrah ka Madinah loba nu neundeun simpati ka urang Romawi, lantaran sarua pada nyekel kitab suci. Sabalikna kaom musyrikin Quraisy neundeun simpati ka urang Majusi lantaran sarua pada nyembah berhala. Ceuk angkeuhan, kaom musyrikin teh geuning urang Parsi anu ngagem agama Majusi. Musyrikin Quraisy ge nu lain ahli kitab tanwande baris ngelehkeun kaom muslimin anu ngagem kitab Al Qur’an.
Nya turun surat (30) Ar-Ruum anu nerangkeun yen urang Rum geus dielehkeun di tanah anu deukeut, tapi maranehna sanggeus ngalaman kasoran bakal pinanggih jeung kaunggulan dina sawatara waktu antara 3 nepi ka 9 taun.
Dina waktu urang Rum meunang kaunggulan, kaom muslimin teh milu bungah. Eta kajadian teh bukti sakumaha anu dieceskeun samemehna dina Al Qur’an. Malahan ku urang Indonesia oge hal sarupa kitu teh kaalaman dina perang kamerdikaan. Harita aya dua kakuatan gede nu keur tarung, nya eta Amerika (sekutu) ngalawan Jepang. Sekutu teh ahli kitab, ari Jepang kawilang Majusi. Mimitina Jepang ngagempur Teluk Mutiara, tuluy ngajajah sawatara nagara di Asia kaasup Indonesia. Dina waktu sajero 3 nepi ka 9 taun, persisna 3½ taun, pihak Amerika ngabales narajang anu dipungkas ku ragragna bom atum di Nagasaki jeung Hiroshima, anu balukarna Jepang narima eleh perang. Tah, harita oge bangsa Indonesia milu bungah, malah ngagunakeun kasempetan pikeun ngembarkeun kamerdikaan.
Dina surat Al Qashas ayat (85) Allah SWT ngajangjikeun ka Nabi Muhammad SAW, yen anjeunna bakal dipulangkeun deui ka bali geusanna ngajadi. Buktina, dina taun kadalapan, anjeunna katut para sahabat iasa lebet ka nagri Mekah, iasa ngajabel nagri Mekah tina cangkingan kaom musyrikin, sarta eta teh jadi tanda mu’jizat ka anjeunna, sakumaha nu kaungel dina surat Al Fath ayat (27), yen Allah bakal ngalaksanakeun impenan Rosulna, lebet ka Masjidil Harom dina suasana anu tengtrem, sabagian aya nu dicukur jeung sabagian aya nu digunting buukna.
Mu’jizat ilmiah euyeub pisan dina Al Qur’an, sarta ayeuna geus loba anu nungtutan kakoreh ku panalungtikan ilmiah jeung teknologi. Komarana Al Qur’an geus leuwih tiheula nyaangan jadi tuduh jalan pikeun elmu pangaweruh.





