Salaka Edisi Online

Nu Paralid

Carpon: Damayanti.

Duka naon pibasaeunana, keuheul, nyeri hate, hanjakal jeung rupa-rupa deui nu matak nyelekit kana hatena, nu teu puguh rasakeuneunana. Nunung teu bisa ngabendung cipanonna nu ngagarajag maseuhan pipina.

Masih ngajelengeng keneh kekecapan wali kelasna basa pangumuman lulus ujian jeung nyanghareupan testing asup ka SLTP.

Anu lulusna kalebet rangking lima besar mah tos teu kedah marudah, teu kedah mangmang, pasti tiasa katampi di SLTP Negeri, “ cenah.

Kantenan putu ibu mah, kapan kagungan saderek di SLTP Negeri ongkoh. Piraku henteu tiasa dititipan,” ceuk wali kelas Eulis ka Nunung.

Numawi, pun adi mah tos waleh ti ayeuna keneh. Moal tiasa nulungan, upami teu lulus testing mah. Margi paling tiasa nulungan soteh upami anak kandung. Lian ti eta mah teu tiasa. Punten pisan sanes henteu hoyong nulung. Nanging ayeuna teh kapan sistim anyar, sakola-sakola teh nuju disorot ku masarakat. Abdi mah alim katotol awon, midamel nu dilarang ku aturan.” Kitu sangem pun adi teh. Wali kelas Eulis imut.

Kanggo anu ngaraos peunteun ujianana paspasan, siap-siap bae kanggo daftar ka sakola swasta. Ambeh henteu kedah kaluar waragad seueur. Nanging upami tea mah aya nu bade nitip ka pribados, sayagi bae tilu jeti kanggo ka sakola paporit, hiji satengah jeti kanggo ka sakola negri biasa.” Kolot murid carolohok.

Aeh, ketang……, makad teh, mending nempuh jalan nu wajar bae, da kikituan mah henteu dilereskeun ku aturan oge. Nyarios kitu soteh, supados kaupahan bae anu kenging peunteun awon dina ujianana.,” pokna bari alangah-elengeh bangun rada kaeraan, dumeh geus kaboloksok nyarita.

Kitu soteh ceuk itungan diatas kertas, da geuning buktina mah, dua cewir keretas ti dua sakola negeri nu dipikahayang tur dipiluan testing ku Eulis, duanana oge eusina sarua, ngajeblag ku aksara gede wungkul : TIDAK DITERIMA. Hasil testing Eulis henteu nyumponan passing grade.

Rek daftar ka SLTP Swasta, teu kuat ku leuleus, asa taya tangan pangawasa. “Isukan we ah !” cepikir Nunung. Eulisna mah geus puguheun bangun anu geus kaleungitan sumanget hirup. Bangun sagala hoream. Rek teu kitu kumaha atuh, dikelasna sok jadi pananyaan, purah ngeusian buku ulangan kelas jeung rupa-rupa tugas, kari-kari ayeuna bet palid ti dua sakolaan pilihanana.

Isukan oge basa rek daftar, Eulis mani harese naker diajak indit teh. Jam sapuluh kakara tepi ka sakola swasta nu dituju. Aula nu sakitu gedena teh , pinuh ku nu rek daftar. Nu bakal ditarima opat ratus urang siswa keur sapuluh kelaseun. Harita Nunung kabagean nomer pendaftaran tiku ratus dalapan puluhan. Geus nember pisan.

Barang rek mayar pendaftaran jeung uang bangunan katut lianna, Nunung ngajenghok deui bae. “ Teu tiasa sapalih heula, kedah lunas sadayana, “ ceuk panitia netelakeun.

“Mung ngabantun satengahna, enjing bae nu sakirangna mah, “ Nunung nyoba-nyoba ngolo. Kasieunan incuna teu bisa katarima di eta sakola. Mangkaning Nunung geus nyipta-nyipta, keun we teu asup ka negeri ge, asal bisa asup ka sakola eta, anu ketat disiplinna, pikir Nunung.

“Kieu bae atuh,” ceuk Nunung. “ Bade nitip heula artos nu sapalihna sareng serat-serat, Ibu bade wangsul heula ngabantun kirangna. Engke wangsul deui ka dieu, ngalunasan,” ceuk Nunung bari ngasongkeun duit dua ratus lima puluh rebu. “Nyuhunkeun tawis panampian bae, supados engke kantun masihkeun tambihna.”
“Mangga , sae,” tembal panitia bari ngagutrut nulis dina kuitansi.
“Tabuh sabaraha tutupna ?” Nunung nanya.
“Tabuh dua, Ibu. Manga diantos,” ceuk panitia sopan.

Datang ka imah kasampak indungna Eulis keur nguprek masak. Biasa, masak kabeuki salakina. Rek nyampakkeun nu rek mulang ti luar kota.

“Nanan, teu meunang sawareh-sawareh duit pendaftaran teh, kudu kabehanana ayeuna. Pajar teh , seueur keneh anu antri, anu henteu katampi. Numawi, saha anu wantun nedunan sarat-sarat kalawan enggal, eta nu bakal kenging tempat,” Ceuk panitia .

Heueuh munasabah lebah dinyana mah. Teu munasabah soteh dina lebah teu mikirkeun kaayaan kantong batur. Kapan aya nu sadia, aya nu henteu, kudu nyadiakeun duit sakitu teh.

“Ari urang , nya daek teu daek . Kari milih. Aya duit sakitu, budak bisa katarima, ari henteu mah wayahna, tong hayang sakola di dinya.”

“Kumaha atuh Ema, da abdi mah henteu nyepeng. Bapana si Eulis paling nembe wangsul engke wengi,” tembal Nanan. Nunung bingung. Tapi teu kapetolan, gancang we nginjeum ka warung tatanggana.

Sanes teu bade maparin nambut. Sanes teu percanten deuih. Nanging abdi mah tara nyimpen artos. Kekengingan teh , enjingna sok enggal dilebetkeun ka bank. Dibantunna deui teh upami bade balanja. Artos tea atuh, teu kaop katingal, sok hoyong bae meserkeun. Nya ari saratus lima puluh mah aya bae. Kekengingan dinten ieu.”

“Muhun atuh ditambut heula,” ceuk Nunung. “Engke sonten diwangsulkeun deui.”

“Mangga. Mung punten we teu tiasa ngahaturkeun sakumaha pamundut.”

“Sakieu oge , nuhun pisan. Mani asa ditumbu umur,” tembal Nunung.

Kurang saratus rebu deui yeuh, ceuk pikir Nunung. Ret ka beulah kulon. Aya hiji deui warung teh. Bageur deuih . Unggal rek lebaran teh kudu we mere oleh-oleh. Sanajan warungna leutik, teu pohoeun mere kabungah keur nu ngalakonan ibadah puasa.

“ Punten, Neng. Cik Ibu nyuhunkeun tulung. Kanggo daftar pun incu kirang saratus rebu deui. Bade nambut bae heula manawi kagungan. Engke sonten diwangsulkeun ” Nunung togmol. Kabereg ku waktu atuda, sieun sakolana kaburu tutup.

“Euh, kaleresan aya. Mangga anggo, kaleresan saratus mah tos aya. Ari kasebatna kango pendidikan mah, kedah dipayunkeun, “ pokna ngarti.

“Alhamdullilah,” ceuk Nunung bari nampanan duit.

Ku ngalarti jeung balageur atuh tatangga teh. Ngarti kana pentingna pendidikan jeung ngarti kana kasusah ulurna saikhwan.

Geus meunang mah gancang Nunung balik deui ka sakola nu dipikayangna. Nu ngarumpul masih keneh loba, sanajan henteu saloba tadi. Nunung ngasongkeun kuitansi panarimaan jeung duit kurangna. Manehna ngarenghap jero, tandaning ngarasa geus lesot tina bangbaluh.

“Keun bae di swasta oge, da diajarna mah sarua. Boa leuwih alus ti batan negeri, lamun disiplin diajarna dijaga mah. Tatakrama dipake, akhlak siswana tetep ditalingakeun jeung ditungtun. Muga-muga bae incu aing ulah nepi ka kabawa sakaba-kaba.” Kitu harepan Nunung.

Kari ngagenjot diajarna. Ulah diantep. Unggal ngapalkeun kudu dibarengan, diaping jeung diterangkeun sangkan ngarti. Ku kitu barudak bakal resep kana diajar. Ngapalkeun jeung nyieun PR teh moal ieuh jadi bangbaluh. Tapi bakal jadi karesep anu pikareueuseun, lamun dipariksa bari jeung peunteunna nyugemakeun.

Geus kaciptaeun ku Nunung, incuna bakal asup ka kelas I atawa J, lantaran nomer pendaftaranana oge geus cueut ka leuirnakeun. Pasti kelasna oge meunang kelas pangbocetna.

Pas dina waktuna diumumkeun pembagian kelas, Nunung ngahuleng deui be, lantaran incuna kaasup kelas I A. Naha, ongkoh daftar ampir pangpandeurina, tapi asupna ka kelas A. Moal salah kelas A mah pastina oge kelas unggulan. Kelas nu siswana petingan, nu peunteun ujianana harade, kaasup Eulis nu peunteun rata-rata ujiannana, dalapan kurang saeutik. Reugreug we hate Nunung teh, lamun teu rek disebut sugema oge. Teu asup ka negeri oge, incuna bisa asup kelas unggulan.

Acara ospek geus dimimitian. Nunung nganteur Eulis lantaran melang kakara hudang gering. Sihoreng lain Eulis wungkul nu dianteur teh. Meh kabeh siswa kelas hiji mah dialanteur ku kolotna. Teu beda we ti keur mimiti asup TK. Ti barang datang ditungguan , nepi ka balikna dibarengan, teu ditingalkeun pisan. Kituna tea mah saha nu teu nyaah ka anak. Kabeh oge melangeun ngadenge ospek-ospek kitu mah. Geuning loba pisan kabejakeun nu cilaka dina keur ngajalankeun ospek.

Kolot-kolot siswa anyar, awewe lalaki, ngaronom luareun pager sakola. Kabeh ge niatna sarua, pada-pada nalingakeun barudakna nu keur dipeuseuh di lapangan basket di buruan sakola. Nunung oge keur anteng nejokeun Eulis bari nangeuy gado, basa aya nu noel ngajak nyarita teh. “Jajap saha, putra?” manehna nanya. Dilieuk ku Nunung. Horeng ibu-ibu indungna babaturan Eulis nu sarua kaasup kokojona di kelasna. Mun Eulis teu weleh jadi rangking dua, anak si Ibu mah sok jadi rangking katilu.

“Naha teu katampi di SLTP Negeri ?” Geus pok deui nanya.

“Numawi, pun incu teh kirang sae milikna panginten. Duka kirang pinter kitu. Buktosna, ka dua SLTP pilihannana, teu katampi,” tembal Nunung. Keur kitu solongkrong ibu-ibu jangkung leutik milu ngobrol.

Pun anak oge kapan ti kelas hiji teu weleh rangking ka hiji, dugi ka kelas genepna. Malah peunteun ujianana oge pangsaena di kelasna. Basa teu katampi di SLTP nu caket ka rorompok margi teu lulus testingna, abdi lah-lahan ngamplopan artos hiji satengah juta, supados pun anak tiasa katampi. Ari walerna teh , kirang lima ratus rebu deui. Upami dua juta mah nembe tiasa katampi. Abdi teh banget nyeri hate. Pangpangna mah wireh pun anak teh pinter. Tariking milik bae panginten teu tiasa katampi di negeri soteh. Cacak upami henteu gentos auran mah panginten moal kedah sesah-sesah, kantun gek bae. Peunteun ujian sakitu saena mah, tos teu kedah diragukan lagi kemampuannya.” Nyarita kitu teh semu dareuda. Da ceuk manehna oge unggal inget kana milik dirina, unggal kudu reumbay cimata. Komo barang anyaran nampa pengumuman teu ditarima mah, nepi ka les-les kapiuhan. Bakat teu nyangka jeung teu bisa narima kana kanyataan.

Naha ari kamari-kamari, saparantos tetela nu katampi di sakola negeri eta seueur nu ngundurkeun diri, nu kapungkur keukeuh-keukeuhan nyebat kirang lima ratus rebu teh dongkap deui ka rorompok.”

Langkungan dua ratus bae tina jumlah pendaftaran nu umum, mangga putra tiasa ditampi,” cenah. Diwaler ku abdi teh , “Bujeng-bujeng dua ratus, lima puluh rebu oge teu hoyong,” waler teh.

Atuda kacicda teuing. Kena-kena urang keur butuh, mani teu beunang dikoet ku nu keked ceuk paribasa.
“Sami pun anak oge kapan ti sakola paporit. Di kelasna kalebet lima besar. Tapi da kanyataanana teu katampi ka SLTP Negeri nu dipikahoyongna. Matak teu ngarti puguh ge. Naha lepat lebah manana. Naha memang mutu pendidikan anu morosot ? Naha memang praktek tatap-titip teh angger keneh aya ?” ceuk bapa-bapa nu ngajanteng deukeut Nunung.

“Heuheuy …..deuh ! Pikarunyaeun puguh urang teh. Geuning urang teh sanasib, nu paralid dina testing. Bari jeung sarua deuih, anak urang teh kojojo –kojojo nu goreng milikna. Keun lah , teu kudu dipake nyeri hate. Ngan nu teu weleh jadi kapanasaran teh , naha naon gunana atuh peunteun ujian anu dina seuhseuhanana mah teu aya pangaruhna saeutik-eutik acan. Keur naon ngahambur-hambur waragad kudu ujian heula ? Atuh langsung bae testing. Meureun dina teu lulusna teh moal nyeri hate teuing, da teu kungsi aya tanda pangakuan nu mangrupa STTB nu netelakeun undak-undakan kapinteran barudak.” Ibu-ibu nu salirana subur jeung dangdananana perlente milu ngomentaran. Nunung ukur milu seuri koneng.

Teu karasa waktu teh ari dipake ngobrol mah. Barudak nu karumpul di lapangan geus paburencay. Geus diidinan balik. Eulis ge teu kanyahoan geus aya di gigireun Nunung.

“ Nini, urang ka sakola Eulis heula nya, uihna. Hayang tepang jeung pa Odjo, wali kelas Eulis, “ ceuk budak. “ Hayu , “ tembal Nunung. Hatena bungah boga incu teu mopohokeun guruna.

Rada seseleket jalan ka tukang, ambeh henteu nguriling teuing. Pas ngaliwatan rohang Pramuka, kadenge aya sora gegerendengan. Nunung ge apal pisan eta teh sora pa Odjo, guru Eulis.

“Nu teu katarima di negeri mah bongana bae teu beunang dibejaan. Ti keur pangumuman pelulusan oge kapan geus dibewarakeun, bisi aya nu rek nitip, tarifna sakitu. Tapi dasar teu salurti, dibejaan teh hare-hare. Samarukna heureuy. Geus kieu mah baronganna bae, henteu terus ngadeukeutan jeung tatanya. Kena-kena geus lain guruna deui, cul we dipopohokeun.”

Nunung ngarandeg. Niatna hayang nepungan, nganteur incuna, ngarengkog deui. Naha enya masih aya praktek-praktek di luar aturan? Naha hal eta kitu nu ngalantarankeun barudak nu gede peunteunna teu katarima, atawa kumaha ?.

Pananya anu rajol teh ukur mulek dina sirah Nunung. Sirahna karasa beurat. Sora surak ambal-ambalan nu kadengena ukur ku lelembutan Nunung sorangan, Palid ! Palid ! Palid ! Geus palid mah enggeus we teu kudu neangan paneumbleuhan sagala !, ceuk sora ayeuh-ayeuhan.

Urang uih, yu !” Nunung nungtun Eulis, ngajak buru-buru ninggalkeun sakola nu kungsi jadi almamater incuna. ****

Deherba