Pangaruh Peradaban Islam Ka Eropa Jeung Dunya
Pangaruh elmu pangaweruh Islam ka Eropa geus lumangsung ti abad ka 12. Mimiti abad ka 14 muncul gerakan ‘kebangkitan’ (renaissance) pusaka Yunani nu disalametkeun dipiara tur dipiwanoh berkah tina tarjamah-tarjamah Arabna. Tina basa Arab, sakur karya-karya hebat ditarjamahkeun kana basa Latin. Tapi pangaruh kabudayan Islam ka Eropa ngalegaan utamana ngaliwatan masyarakat Islam Spanyol (711-1492 M) jeung Islam Sisilia (825-1091 M). Najan teu sakumaha gedena, tapi aya pangaruh Islam nu asup waktu perang salib.
Aneh sabenerna mah Eropa Kristen nu indit nyerang Islam, ari balik mawa pangaruh Islam. Kaum bangsawan Eropa ngahaja mawa proses nyieun gula Kristal ngaganti madu mangrupa mamanis memeh perag salib. Make apu dina proses nyieun gula, eta kreatifitas kaum Muslimin. Satuluyna urang Eropa balik perang mawa sabun, minyak seungit,kamper, alketif,balsem, nu urang Muslim. Malah aya nu teu dihaja kabawa, nya eta pangaruh rohani Islam. Samemehna urangb Kristen Eropa teu nyahoeun sabun, minyak seungit, jeung sabangsana.Maranehna ngan ngabalur awakna ku sabangsa tipung.Malah budaya mandi keur miara kulit,kakara apaleun.
Pangaruh ku kacida badagna ti Islam, mangrupa panangtang, nya eta digancangkeunana mekarkeun kota, jeung kajadian revolusi kota. Eta akibat tina dibebaskeunana kaum abid nu mulang tina perang salib I-VI (taun 1095-1229 M) luyu jeung jangji ka maranehna, samemeh maranehna arindit ka Palestina ku kituna kota (bourg, burgh, burg,burcht,grad) numuwuhkeun bourgeoisie (burghers,burgers) sabage kelas nu merdeka. Tumuwuhna bourgeoisie (borjuis), lain hasil gawe enteng.Lalauanan ngawasa ekonomi kota, malah kaum feudal loba nu kajiret hutang ka maranehna . Kitu lumangsung robahan struktur masyarakat Eropa, tina pangaruh Islam.
Hadirna Islam di Spanyol mere bahan banding ka urang Eropa. Issac Asimov ngagambarkeun banadingan ngeunaan Kurhthubiah, Paris jeung London, kieu: “Athena Kulon” ibukota Muslim Kordoba, di Andalusia, wewengkon Spanyol pangkidulna dina taun 900 M, boga pabukon /perpustakaan 400.000 buku, boga sababaraha mil jalan raya nu sisina dilapis beton, jeung padumuk satengah juta jiwa.Di Beulah kaler, Paris mangrupa hiji pulo nu dikuriling benteng, jeung London make baliwarti nu diwangun pikeun nahan serbuan kaum Viking (Book of facts h.316). Hadirna Islam di Spanyol jeung tembong ku panonna sorangan kumaha Islam di Palestina, mawa pangaruh hade ka urang Eropa pikeun ngalemeskeun ahlak jeung adat-istiadat maranehna.Kasaksian jeung kaalaman ku atawanan-tawanan Krsten, kumaha kaagungan budi jeung ahlak Sultan Salahudin al-Ayyubi (1137-1193 M) sumebar tutur tinular pabeja-beja nu ahirna direkan dina sajarah.(Salahudin marentah Surya jeung Mesir ti 1174 M nepi ka wafatna tanggal 2 Maret 1193 M) sanggeus lumangsungna musyawarah/damai jeung Richard Coeur de Lion tanggal 2 Nopember 1192 M.Kasohor kumaha Salahudim ngabebaskeun rebuan tawanan Kristen miskin nu menta sih piwelasna, sabab kulawargana bakal paeh kalaparan mun maranehna ditawan lila-lila. Dina kabudayaan Eropa samemeh wanoh kana Islam, kaum abid jeung wanita dianggap teu boga pribadi, maranehna tara asup itungan. Sedengkeun hukum Islam ngaku kana hak wanita pikeun mibanda/ngawasa barang-barang (gerak jeung teu gerak) saperti tanah jeung imah. Hak nolak dikawinkeun paksa, jeung hak papisah mun sanggeus dikawin salakina nyangsarakeun ku di antep, atawa salaki nganggap rendah teu ngajenan nepika milampah kawas ka bujang, atawa salakina nguciwakeun. Ayana polygyny/poligami (pamajikan leuwih ti saurang, nu dina kaayaan khusus mangrupa pangiwal) teu matak mupus kana hak-hak tadi. Hukum Islam teu meunang ngagantung awewe bari teu ditambang, maksudna teu meunang ninggalkeun pamajikan bari teu diurus lahir batina, sakumaha loba kajadian di nagara-nagara Katolik.Dina Islam kitu peta teh mangrupa dosa gede, pagawean ‘terkutuk’, eta sababna Protestanisme ngameunangkeun nyerahkeun,cerai, keur mupus eta kajadian, nurun tina hukum Islam.Katholisisme nepi ka ayeuna nyarek nyerahkeun,akibatna loba awewe nu digantung teu ditambang. Dina Islam najan nyerahkeun teh halal, tapi kaasup pagawean nu TEU DIPIKARESEP ku ALLAH, bisa dilaksanakeun kudu ngaliwatan proses geus teu bisa didamikeun, jeung geus dua kali ruju. Jadi dina Islam nyerahkeun’cerai’ dilaksanakaeun kalawan kapaksa, sanggeus usaha-usaha ngadamaikeun gagal. Perilaku nu leuwih adil jeung lemes ka wanita-wanita Eropa,akibat tina pangaruh Islam. Galanterie/galant jeung chevalrie sikep ngahormat kaum wanita dina ksatryaan, akibat pangaruh Islam di Andalusia. Aya sababaraha kasaksian:
Basa Wali Kurthubah (Kordoba) taun 1139M. ngepung kota Toledo nu dikawasa ku umat Kristen, Ratu Berengria, nu kakepung di jero kota, jendral Arab nu leber wawanen limpas pangabisa, hiji sinatrya/gallant, ngarasa teu pantes nyerang wanita, inyana mundur. Ratu diantep teu digunasika.Manehna ukur menta kahormatan pikeun nepikeun salam ka eta ratu. Pangarang Spanyol nu moyan,Blasco Ibanez (1867-1928 M) dina romanna nu judulna Dans L’Ombre de la Cathedrale (Dina kalangkang Katredral) Nulis:Dicontoan ku urang-urang Arab-Spanyol sumanget keksatryaan tumuwuh, tuluy diparake ku prajurit-prajurit perang Kaler,lir sifat-sifat anu khas milik bangsa Kristen. Urang metik hiji deui, pamadegan Dr.Le Bon:” Cara ksatryaan Kristen nu datang pandeuri,ksatryaan Arab ge boga kita undang-undang sorangan.Taya saurang nu pantes jadi ksatrya, kajaba manehna mibanda sifat-sifat; someah, gede wawanen, sikep simpatik,bakat sastrawan, fasehat letah, kakuatan raga, parigel tumpak kuda, sarta tapis ngagunakeun tumbak, pedang jeung gondewa.” Salasaurang sarjana agama saperti Barthelemy Saint Hilaire, dina bukuna ngeunaan Al Qur’an, nulis: Sanggeus campur gaul jeung urang Arab,bai nurutan maranehna, kaum baron abad pertengahan nu rada darusun, ngalelemes adat kabaiasaananana nu kalasar bari teu ngurangan wawanen, kaum ksatrya jadi ngarti kana rasa parasaan maranehna nu leuwih lemes, mulya jeung rasa kamanusan.Rada cangcaya naha agama Kristen nu kalawan itikad hadena, bisa ngajiwaan maranehna ku lemesna ieu rasa?”. Saterusna ceuk Le Bon,pikiran sawareh jalma nganggap enteng, berkah ti kaum Muslimin, nepika Eropa Kristen ngudar kabiadabanana’.Neunaan status wanita merdeka, mangrupa subjek hukum sanggeus nikah, eta aturan hukum Islam, ditiru ku Uni Sovyet ti taun 1917 M. Disusul ku sababaraha nagara sosialis sejenna, malah sanaggeus PD II, Nagri Walanda nyokot eta hukum Islam diterapkeun kana Hukum Perdata, taun 1956 nu dilaksanakeun 1 januari 1957.Mungkin nagara-nagara sejenna nurutan,sabab kalungguhan hokum perdata kaum wanita Barat, nurtkeun hokum maranehna nu jiwana Kristen, geus ngakibatkeun maranehna kaleungitan hak bandana sorangan sabada karawin, eta perkara disalahgunakeun ku salaki2na. Kiwari mucunghul panalek, naha kabudayaan Islam bisa tumuwuh subur tur angger saujratna.Sabab dina salahsahiji Hadits, kaum muslimin dititah ngurus soalm kadunyaan lir rek hirup sarebu taun, jeung wajib ibadah lir rek paeh isukan.Muslim teu meunang ibadah wungkul, tapi kudu usaha jeung diajar. Diajar tur ngajarkeun elmu. Seni ge dihucuhkeun utamana seni tinulis (Kaligrafi), sabab pamadegan Islam, Allah SWT teh endah, mikaresep kaendahan.Lain ukur arsitektur masjid, tapi sastra jeung music ge ngsalaman kamekaran nu luar biasa. Puisi jadi papas sastra Islam, carita-carita sumebar. Salahsahiji kumpulan carita nu sohor, Alf Laila wa Laila (sarebu sapeuting) mangrupa karya klasik dunya nu ditearjamahkeun kana ratusan basa, dina sababaraha edisi:lengkep.diringkes keun, jeung disadur, keur bacaan barudak, malah difilmkeun.Sanggeus Biblia jeung Al Qur’an, taya deui nu nandingan kana panglobana dicitak. Jaba ti eta musi jeung kasidah mekar lain lumayan. Saurang filsuf Abu Nashr ibn Tarkhan Al Farabi, nu loba narjamahkeun Aristoteles, geus nyiptakeun hiji alat music nu disebut Al-qanun, nu ditiru ku Baratjadi piano. Nya kitu deui lukisan mekar jeung sumebar nepi ka Suriah,Parsi,Hindustan.Nu nepi ka ayeuna tetep endah jeung agung.
Nu aneh dina sajarah Islam, loba nu geus bisa ngelehkeun tentara Islam, tapi teu mampuh ngelehkeun Islam. Conto Dina taun 1258M Hulagu Khan nalukeun Baghdad tur ngaruntagkeun daulah Islamiyah, tapi ahirna asup Islam. Buku-buku ti Baghdad diakut diteundeun di pabukon Samarkand, puseurdayeuh nagarana, tuluy ngadegkeun peneropongan bintang Samarkand, jadi puseur budaya Islam. Taun 1213 M dina pertempuran Las Navas de Tolosa,kaum Kristen Spanyol ngancurkeun kaum mu’min, malah inquisitor Torquemada loba niwaskeun prajurit muslim. Tapi kabudayaan Islam kentel mangaruhan Kristen Spanyol jeung Eropa, sanajan taun 1499M cardinal Fransisco Xiumenez de Cisneros uskup besar Spanyol kalawan vandalismena, beak ngaduruk buku-buku Islam. Reynold A. Nicholson nulis, yen hiji fakta nu dijamin benerna, uskup agung Ximenes nu bengis nyieun durukan tina naskah Arab nu di rampasna, manehna hayang ngancurkeun rekaman kabudayaan salila tujuh abad dina waktu sapoe, Ximenes teu boga peradaban kawas kaisar Hualg Khan. Malah kaasup pangb iadabna mun ditilik tina kapentingan umat manusa, ku kabiadabanana leumngitna sumber-sumber imiah nu agung ajenn tan wangenan.
Sanajan vandalism kabiadaban Ximenes , Islam masih keneh ditakdirkeun jadi bidan gerakan-gerakan kasajahtraan Eropa, nu nngarobah wujud kabudayaan Eropa malah dunya nya eta:
- Ranaissance kabudayaan Yunani klasik dina abd ka 14, mimiti di Itali tuluy ngarambah ka sakumna Eropa.
- Gerakan reformasi agama Kristen,mimiti abad ka 8 puncakna abad ka 16 M, kalawan reformer-reformer saperti Luther, Zwingli,Calvin.
- Rasionalisne (leuwih nguutamakeun rasio,akal) dina abad ka 17 nu diluluguan ku Rene Descartes(1596-1650 M) jeung John Locke (1632-1704), di Perancis jeung di Inggeris.
- Pencerahan(Aufklarerung,enlightenment) dina abad 18,guguluna Voltaire(1698-1778), D.Diderot(1713-1784),Baron de Montesqiue(1689-1755),ti Perancis.G.W.Leibniz(1646-1716) Ti Jerman, jeung M.V.Lomonossovo(1711-1765) ti Rusia.
Sumber eta 4 gerakan teh Islam, sabab reformasi bijil tina ngali pusaka Yunani ku Islam nu mangrupa elmu pangaweruh jeung filsafat. Eropa wanoh kana eta pusaka ngaliwatan tarjamahan-tarjamah basa Arab. Lain ngan karya-karya Yunani wungkul nu mangaruhan Eropa teh, tapi ulasan-ulasan, tafsiran-tafsiran jeung komentar nu ditulis ku sarjana-sarjana Muslim harita. Saterusna aya deui gerakan seler Renaissance nya eta gerakan humanisme(abad ka 16 M.) nu neundeun manusa jadi pusat perhatian akibat tina filasafat anthropocentric Yunani, sarta mangrupa protes kana asorna peran manusa, ku gereja.(..hanca)





