Salaka Edisi Online

Wajib Militer

Waktu nagara dina kaayaan bancang pakewuh diayakeun Wamil ti satiap paguron luhur, kabeneran Ebod jadi salah saurang anu kapilih pikeun asup Wamil, padahal manehna sorangan teu purun jadi tentara teh,manehna neangan alesan sangkan teu katarima jadi Wamil.

"Wah pa kuring m ah sigana moal katarima ka Angkatan Darat ! " Ceuk Ebod ka salah saurang perwira panitia nu narima calon Wajib Militer.
"Naha bisa kitu ? Optimis atuh!" Ceuk Perwira Rekrut anu ngadaftarna.
"nya tinggal tina fisik we atuh pa, ieu suku kuring panjangna teu sarua balas kacilakaan. "bari ngajungjat-jungjatkeun suku
"ah tong sieun ! sabab di medan perang oge da'teu rata! "pok na Ceuk perwira panitia teh...
(Cepdedentoni)

Deherba