Amplop
Carpon: Dadi Margana
Satadina pikeun Guru Jajang nyanghareupan pere tutup taun ajaran teh ngarasa reugreug panceg gede hate. Dadakuna inyana bakal boga waktu luang pikeun “ngobyek”, sabatae boga lolongkrang waktu kurang leuwih sabulan keur neangan duit paleuleuwih.
Geus jadi kabiasaan ti mimiti diangkat jadi guru, lamun pareng pakanci atawa pere rada lila inyana ganti pacabakan saheulaanan, ngilu kuli di dulurna anu boga pausahaan mebel di daerah Kelender.
Geus teu ngawagu deui kana gawe nga-mebel mah, samemeh diangkat jadi guru, inyana kungsi mulan-malen heula lila jadi tukang kayu. Sasatna boga imah, bisa nyakolakeun budak teh sawareh kasaeuran tina ladang kuli di Kelender tea.
Kayungyuna ti baheula oge boga prinsip pantrang pikeun unjam-injeum duit, ari teu penting-penting teuing mah! Palias istan komo nepikeun kasebut ngagadekeun bisluit mah. Pangasilan usum-usuman tea biasana tara langsung dipake, tapi sok diteundeun bae di didulurna tea, anu geus jadi urang Kelender! Dimana aya karerepet kakara dicokot. Keur barudakna laleutik keneh mah, kusabab can pati loba kabutuh, tampolana nepi ka sababaraha taun simpenanna tara dicokot-cokot.
Lain rapekan-rapekan teuing kituna teh pangpangna mah carek tadi oge neangan duit paleuleuwih. Lamun panghasilanna bulanan tina gaji guru cukup mah, kawasna moal nepi ka kitu. Hirup ngarumah tangga geus meh ampir dua puluh taun bari diparengkeun boga turunan satilu-tilu anu keur meujeuhna sumedeng pajukeuneun. Si Cikal lalaki geus kuliah di tingkat dua. Ngadi ka nomer dua lulus taun ayeuna ti Es Em A, anu bungsu asupkeuneun ka Es Em A.
Dijumlah-jamleh kabutuh sakola pikeun tiluanana nyanghareupan taun ajaran anyar ieu moal kurang ti lima juta, sedengkeun sisimpenan karek boga dua juta. Tapi teu salempang pikeun Guru Jajang mah, keur nutupan sakurangna tadina mah rek indit kuli salila pere ka Kelender. Ngan ku teu hanteu, eta pakarepan kana hamo bisa dilaksanakeun. Anu jadi pasalna sabab dina nyanghareupan panarimaan siswa anyar taun ayeuna, Guru Jajang kapeto jadi panitia inti panarimaan siswa anyar.
Kungsi nolak ! Bahula kana kaputusan Kapala Sakola teh tadina mah. Ngan kusabab terus wae dikeukeuhan, dadakuna mah pedah kaasup kana jajaran guru senior, katambah alesan sejena, dua urang guru anu salila ieu biasa ditugaskeun jadi panitia inti pangsiun! Nya gara-gara alesan eta ahirna Guru Jajang bari jeung hareneg oge ahirna leah daek narima. Hareneg pantes sabab kasawang buruh digawe ampir tilu minggu narima pandaftaran siswa anyar teh paling gedena oge moal leuwih ti lima ratus rewu.
“Lain Bapana ! sakurangna mah atuh ngeclok heula we ka Koperasi. Da ieu mah sidik lain keur awuntah”. Bu Jajang mere saran ka ingkang caroge, basa anjeuna dikolongan ku Jajang ngeunaan eta hal.
“Nya kapaksa kana kituna! Sabab anu kaerong ngan eta-etana tarekah urang teh!”. Guru Jajang ahirna nyaluyuan kana kaputusan ingkang garwa. Dina hatena mah rada teu purun, sabab ku teu tuman unjam-injeum tea.
Teu karasa waktu panarimaan siswa anyar di tempat Guru Jajang salila ieu ngajar geus meh ampir nincak kana tilu minggu. Kituna diitung ti mimiti milih nangtukeun panitia. Rapat panitia, ditema ku mere awahan informasi ka kolot murid anu boga maksud ngadafarkeun budakna. Sapuluh poe kadituna narima sakalian mariksa berkas pendaftaran.
Tadina wegah sabab hate teu merean, tapi ari dibarengan ku rasa tanggung jawab mah, bari ngestokeun kana parentah dunungan! Teu burung suhud oge Pa Guru Jajang gawena teh.
Pisapoeeun panutupan, Pa Guru Jajang kadatangan hiji kolot murid anu maksudna rek ngadaftarkeun budakna. Ku sabab kabeneran rada sepi, atuh sabatae dina sela-sela mariksa berkas pendaftaran teh, Guru Jajang bisa heula diselangan ku ngobrol. Anu antukna Kolot murid teh nyosok jero tunyu-tanya ngeunaan nu lain-lain, make jeung nanyakeun padumukan, kulawarga, pancakaki sagala rupa.
Lamun teu kaganggu kaburu aya nu rek daftar deui mah, kawasna moal waka balik eta semah teh.
Basa amitan mulang, Eta Kolot murid tea cacarita heula sakeudeung, dadakuna mah mihapekeun anakna supaya katarima sakola didinya, bari sasalaman manehna ngeupeulan amplop.
Sanajan Guru Jajang kekepehan nolak, tapi tetep eta semah ngeukeuhan supaya Guru Jajang narimakeun pamerena.
Eleh deet! Sabab moal pihadeeun, eukeur mah era we ku anu araya didinya, lamun tea mah terus patugeng-tugeng. Ahirna teu burung oge Guru Jajang ngarawatan eta amplop.
Poe eta mah Pa Guru Jajang gawena jadi teu pati suhud, henteu husu kawas sasari. Kolot murid anu mere ampop tea terus wae kapikiran.
Kusabab suasana hatena mimiti bangreung, galideur teu puguh ! Can waktuna mulang oge, Inyana merenyeng maksa balik ti heula. Pupulihna ka Kepala Sakola mah teu gararenah awak.
Nepi ka waktuna pangumuman panarimaan siswa anyar, paroman Guru Jajang kaciri bangun nu nguyung, jajauheun kana berag kawas biasa!
Ningali ayana parobahan anu kacida ganjorna, nimbulkeun oge kaheran pikeun batur saimah mah.
“Kunaon ari Apana ? katingalina ku abdi mah sapertos anu nuju bingung ! Asa benten ti sasari”
“Etah geuning awas, bener ibuna ! apa teh keur manggih kabingung”
“Bingung teh bingung ku naon! perkawis artos kuliah barudak anu can kacumponan tea ?”
“Eta saperkara ! aya masalah sejena anu teu eleh beuratna nyaeta puguh…” Derekdek Guru Jajang ngalalakonkeun naon-naon anu tumiba kadirina.
“Heran abdi mah, apanan keur butuh duit urang teh! Kari-kari ayeuna aya anu haat mere, sanes kadua atoh Apana mah”
“Atoh soteh lamun teu aya pamrihna, da ieu mah sidik apan aya anu dipiharep! Nyatana sangkan budakna bisa lulus katarima”.
“Lulus keun we ku Apana atuh, naon hesena!”.
“Gampang wae ari ngaluluskeun mah! ngan satadina asa dosa kitu peta teh, jeung sieun mangaruhan kana gawe. Ngabeungbeuratan jadi bangbaluh, mangkaning natrat tilu taun meureun!
“Encan aya usaha atuh kanggo ngaluluskeunana ?”.
“Bororaah ngutak-ngatik kalulusan, ti barang apa balik siang keneh oge apanan can kungsi ka sakola deui !”
“Kumaha atuh mun teu lulus ? sedengkeun artosna parantos katampi!”
“Naon hesena pulangkeun deui we duitna mah, ti harita oge can kabancang saperak-perak acan!
“Sabaraha kitu artosna teh ?”
“Lima juta duitna mah, ibuna !”
“Uluh-uluh…ambuing! Kutan geuning ageung ?! Bu Jajang kaget ngadenge cariosan carogena bieu.
Can oge leler tina rasa kagetna. Kirining…..! Sora telepon anu diteundeuna peuntaseun korsi pangdiukan disada.
“Assalamu’alaikum ! sareng Pa Guru Jajang manawi ? abdi sepuhna Arni anu ngadaftarkeun murangkalih ka sakola dinten Saptu tea gening. Kumaha damang Pa ?” Sora dina telepon atra kadenge da puguh make loudspeaker.
“Alhamdulilah..!” Guru Jajang ngajawabna pondok, katara rada rampang-reumpeung.
“Moal seueur saur anu kapihatur! Saperkawis mah nganuhunkeun ka bapa, jalaran ku pitulungna Bapa, pun anak katampi di sakola bapa, cikeneh pun anak nelepon ka rorompok. Saurna teh alhamdulliah katampi! Kaduana tawis nganuhunkeun, abdi hoyong ngadeuheus, nepangan ka Bapa! Kitu oge manawi Bapa teu kaabotan”
“Oh leres ! ngiring bingah we atuh ari kitu mah, sareng mudah-mudahan we tuang putra langkung sae kapayuna. Bade ka rorompok mah mangga teh teuing bade ayeuna oge, kaleresan nuju salse ieu teh” Pa Jajang ngawalona rada teteg ayeuna mah, ngagambarkeun suasana hate nu mimiti ngalagena, teu dilimpudan ku hate was-was.
“Hatur nuhun atuh Bapa, Insya Alloh tabuh sabelas-an abdi sareng pun bojo bade nepangan. Salam baktos ka sadayana, Assalamua’laikum...!”
Nepi kana waktuna semah datang sarimbit, gepyak naker Guru Jajang jeung pamajikanan narima semah teh. Sanggeus ngobrol ngaler ngidul, basa semah rek pamitan, bari salaman, Jajang ngeupeulkeun amplop nu mangkukna katarima ku inyana. Najan bari katembong rada bingung jeung hareneg, semah teu burung narima deui eta amplop. Binarung kasurung omongan Jajang,”Sanes nampik pangsih,mung ieu mah abdi ngiring bingah,putra parantos katampi.Mugi bae sing aya dina kamajengan.Teu kedah hariwang, wios da rezeki mah aya nu ngatur. Urang dua pidua bae,”Pokna.
Ki semah ngaleos semu tungkul, hatena ngaerentes muji bari semu era, enyaan Guru Jajang, lain Guru samanea, iman jeung prinsipna kacida kuatna.cenah.
Lalangse pepedut anu salila ieu ngalimpudan hate jeung pikiran Pa Jajang mimiti nyingray kaganti ku moncorongna srangenge mata hate,lain teu butuh ku duit, tapi ari ngaliwatan cara teu halal mah, hatena teu mikeun. Sabab najan kumaha wae ge, laku nyogok teh teu hade.Sumirat bengras anu atra kagurat tina beungeut insan anu keur di rungrum ku kabagjaan, leupas tina sagala rereged hirup.
Cimahi, Juni 2009
Identitas Pangarang:
Dadi Margana
Alamat:
SMKN 3 Cimahi
Jl. Sukarasa No. 136 Citeureup
Cimahi Utara
No. Telp. 6628404/6627522
No. Hp. 76537763





