Salaka Edisi Oktober 2009

Balagonjang

Carpon Asep Idjuddin

Nu mimiti datang nyaluuh kana lahunan, wanda jeung rupa nu geus lila jeung mindeng katempo, Anehna sakapeung patanya, sakapeung henteu, padahal gilinggisik unggal waktu. Tempo-tempo mun manehna nyarita tara pati didenge, malah mimindengna mah tara di denge, sabab aya nu ngajurunkunung,nyurung-nyedek sangkan kahayang nu ngajurungkunung nu kudu digugu. Kadangkala mun wanda nu mindeng katempo tea leuwih kuat, nya osok sakali-kalieun digugu. Jeung enya deuih teu munapek kuring ge, omongan manehna mah loba bener jeung nguntungkeun. Najan lain nguntungkeun keur sapopoe, tapi nguntungkeun keur pikahareupeun.

Ari pikahareupeun pan lila keneh, boa kasaba boa moal.Pasti kasaba mah ketah, ngan kabutuh nu nyedek ayeuna leuwih tarik metotna.

Mun kabeneran mimiti ngahanca garapan, suku katuhu nu maju , manehna seuri, malah najan lalaunan make jeung ngajurunglaku, bedana kudu laun. Sakalieun rada rusuh ge, manehna sok malieus. Bedana jeung nu hiji deui, nu ieu mah sagala kudu gancang, ulah kapihaluan ngomong, ulah kapiheulaan gerak. Prinsipna mun elat, lapur moal kabagean, cenah. Cilakana mun rusuhna teh dibabawa basa apel, apel maneuh tuluy-tumuluy, teu meunang kaliwat. Apel wajib sakalian laporan. Tah mun ngagugu kanu nitah rusuh, nitang gagancangan, biasana sok pincang, asa hapa teu beubeunanan, tapi mun laun, antare, anca,najan dipoyok bodo-boloho, lumayan sok ngagembol. Karasana tengtrem, tenang, laun tapi pasti wani nyanghareupan hirup, taya kagimir karisi, taya kasieun kakeueung. Komo mun ditema ku muka papagon, digalantangkeun, atawa dina hate, ih da mani ngadadak lega dunya teh. Eta meureun nu bakal datang, jadi saksi jeung nulungan, dina mangsa niba na mahapakewuh. Enya mangsa gunung baritu, wahangan caraah, laut kabeh hurung, jagat dibalik lemah. Rek saha nu nyampeurkeun da kabeh ge ngurus jeung merhatikeun dirina sewang-sewangan.

Tapi mun boga paniatan bari dipilampah, ngalengkahkeun suku kenca munggaran tarung, waah can nanaon ge beungeustna geus bareubeu, irung rebeh dituturkeun murubutna cimata. Nempo kitu, sakapeung sok ngarandeg, tara tulus, mimindengna mah tara direret, kuma aing we. Najan kitu, keukeuh we ngiclik nutur-nutur. Ungal aya lolongkrang sok nyanghareup bari miharep ganti lengkah. Osok eta ge eureun ngadadak, nyakitu mimindengna teu ditolih, komo keur kakagokna mah. Wah sakalian dibabuk, da karasana ngaganggu jeung ngurangan kanimatan. Tapi mun hiji waktu kuring keur manco mando binarung rasa ajrih campuraduk jeung harepan, manehna sok maturan batri matak pikanineungeun, matak betah, matak sono. Sok jorojoy hayang geura-geura diajak pindah ka alam padang poe panjang, ngarasa reugreug-pageuh. Padahal duka teuing, bekel mahi moal dina nyorang alam padang nu sagalana beda. Heu disebut beda teh, pan sajam na ge sarua jeung limarebu taun. Tah mun geus bijil rasa kitu, alaah dunya teh leutik, dunya teh taya hartina, dikoreh ka jero karasa geuning ukur kamubadiran diri, ukur kaulinan, heureuy, beh ditu na nipu. Nipu laku, nyacampah lampah, nyumingki diri, rengkak jeung rigig ditalimbeng burung-palung kawas nu bodo-gelo. Kucuprak deui kucuprak deui kana leutak hideung semu bau. Ceuk manehna mah eleh ku embe, cenah. Pan embe ge tara tiporos dua kali kana hiji liang nu sarua. Ari kuring ku mindeng-mindeng teuing tiporos teh. Anehna bakat ku mindeng, teu karasa salah tincak, teu karasa nyeri, malah genah. Tuluy sok ngahaja suku ditenjragkeun hayang tiporos. Tah eta nu ku manehna disebut bodo-gelo teh.
“Cing peureum atuh, ulah mencrong wae, ka nu gugupay ti tengah embel teh. Naha teu kaambeu bau? Naha teu karasa jeblog? Naha bet resep bobolokot?” Ceuk wanda nu mindeng katempo, dina hiji poe nu rineh, bari make kupluk hejo. Can ge dijawab, geus torojol manten nu sok ngagupayan bari sura-seuri, ngagendeng kencaeun kuring, kareret make carecet beureum.
“Peureum mah rugel atuh, sami we sareng teu tumarima kana ni’mat Ilahi, pan dipaparin soca teh kanggo ningali, piraku bade dimubadirkeun,” Pokna ”Jeblog soteh samentawis, pan tara karaos da kawon ku nimat nu nyaliara sakujur badan. Sareng gampil atuh, tos beres mah wawasuh we, pira leutak”. Pokna deui. Kuring ngahuleng, rut ret kakenca ka katuhu.
“Naon atuh, nu jadi udagan ? kanimatan semu. Jeung najan dikumbah sapoe saratus kali, ge taya hartina, ari ngucuprak Saumur-umur mah. Leuheung jeblogna, eta bauna, kaambeu saratus tauneun. Kumaha mun can kaburu kukumbah, geus disampeur?Moal wirang kitu” Si Kupluk hejo nambalang.
“Ngamangpaatkeun waktu, dina hirup nu mung sajorelat, bade iraha deui? Sesah, tos lunta nyaba ka pageto mah, can tangtos aya nu ngintun, can tangtos aya kasempetan.” Ceuk nu make carecet beureum, kakara sidik geuning wanoja camperenik.
“Tah enya, sok ciptakeun, lamunkeun, iker-iker ku rasa jeung pikir, mun nganjang ka pageto, rek kumaha pilakueun di ditu?” Si Kupluk hejo nyedekeun panyindir ka s si Carecet beureum .
“Tong ngemutan nu tacan tangtos, emutan mah nu ayeuna dipayunan we, realistis-praktis, pan kalebet ihsan, nampi naon aya na,”
“Ihsan ti mana jolna, nu kitu mah lain ihsan, tapi bodo katotoloyoh. Cing pilih-pilah ku otak,rampa ku rasa,susud ku elmu, piraku teu bisa ngabedakeun ihsan nu jolna tina iman jeung islam, kana ihsan nu jolna tina kanimatan leutak bau! Bedakeun antara ihsan lolong jeung ihsan cangra! Nu bari bodo tur lolong mah lain ihsan, komo bari neugtreug, nya burung nya palung nya bodo nya gelo. Taya yuksana. Na moal mulangkeun baju?” Tembal SiKupluk Hejo bari molotot ka kuring. Si Carecet beureum ngalinggek bari imut semu ogo,pikabitaeun, bari pokna,”Elmu tos cekap tur nyampak, dunya sayaga, pakeunna lubak-libuk, rampa ku rasa nu panglebetna, geura taya leutak nu kotor tur bau, nu sidik mah amis seungit, matak peureum beunta. Karaos pan?Nyanggakeun panganggo mah saaya-aya we, asal tumamprak tur rumaos, mo teu ditampi, pan ghopururrohim”.
“Hey..widadari kalamero ”Si Kupluk nunjuk rorek ka Si Carecet,”Moal bisa ngahontal hambalan ghopururrohim, mun syaratna teu lengkep, komo teu dipigawe.Pan aya aturan. Mun syaratna euweuh, nya ghofur na ge euweuh. Aturanana teu ditolih,hambalanna ge rungkad. Tong make ngucuprak kana leutak, dalah sakali ngabohong jadi totol hideung, mindeng ngabohong jadi ngagebleg poek, teu katempo bebeneran. Geus kitu nya utag-atog, komo teu boga iteuk-iteuk acan. Moal henteu bakalna bancunur tarang, bari coplok indung suku, da pasti tidadalagor, jeng titatarajong”
“Euleuh..eta jelema mamalihan, neugtreug kitu, wajar we tidagor jeung ti tajong mah, pan mahalul khoto..meni sok asa pangbenerna..”Si Carecet beureum nyereng.
“Mahalulkhoto mah lain hartina mindeng atawa salilana.Sakali-kalieun, eta ge mun teu kakadalian. Kapangrod mah ilaing helas taya hartina”.
“Naon untungna keur didinya? Usil teuing, milu ateul kana urusan batur.”
“Gede untungna keur kami mah, sayaga narima panalek.Keur ilaing untungna ukur pibatueun sangsara.Nu sidik mah panggede-gedena karugian. Lain usil,kami cangkeul, teu milu ateul dan geus ateul ti beh ditu mula”pokna tandes pisan. Tungtungna dua mahluk hareupeun kuring galungan. Ceg Si Carecet beureum nyekel leungeun kenca kuring, Si Kupluk hejo ge embung eleh, kerewek ngajewang leungeun katuhu kuring. Pada ngabetot kana lalawanan arah, bari ditahan sataker kebek, bray awak karasa bejad.Tina sirah nepi kana angen ngaberewek kawas nu disoehkeun. Si Carecet beureum nenjag jagat, bray Beulah, belesek ngagusur kuring ka patala bumi. Si Kupluk hejo dangah, beledag sora tarik alahmanan kilat-tatit.Belesat awak kuring digusur ka alak paul ngumbul ka langit pingpitu. Nu tarung papada unggul, nu perang pada digjaya, nu patelak beuki garalak, nu ripuh kuring digunyang-ganying bulakbalik ka luhur ka handap. Tempo ka handap mabek bau tujuh rupa. Tempo ka luhur kaambeu seukeut, seungit nun can kungsi ngambeu. Nu tarung papada marebutkeun raga kuring, itu ieu hayang mawa, terus terus jeung terus, nepi ka geus rebuan kali panon poe surup-bijil.

Satungtung nu padungdung can parundung, binarung diusna angin garing semu tutung, ngaduruk tunggul huru tur kujur, untung kapahung ku lulurung tujuh ngabandung, katalikung pametungan Sunan Ambu. Nu datang ku kamandang najan teu diteang, nu bijil ku asih bari teu diperedih. Neuteup kuring nu teu mampuh ngomong sakemek da biwir soeh, ngan otak katuhu,jeung ramo leungeun katuhu nu kungsi mere isyarah menta syareat pitulung, saleuwihna mah sumerah nyaluuh kana kaagungan lahunan subuh. Kepoh Sunan Ambu niupkeun hawa nu nyecep tiis, ditema ku jeritna Si Carecet beureum, atuh raga ngagiwar, disanggap ku Si Kupluk Hejo, tuluy lalaunan nyirorot niba lemah. Cag diecagkeun,leuleus raga langsung ngagoler. Kuring pada naringgalkeun. Mokaha ngajoprak sorangan di tanah angar pulo kosong. Tapi raga geus ngahiji deui teu cecel teu bocel, estu mulus sabihari.Leuleus soteh bakat reuwas kareureuhnakeun. Teuing kumaha mimitina jol aya nu melentis handapeun iga katuhu, teu keudeu ketah rumasa hate ngagilir kana nongtorengna ucapan fuad nu ngaburial tina heherang mata hate.
“Matak sing paheuh atuh nekel tali teh!”
“Enya rumasa lelewodeh” Ti jero aya nu nembalan.
“Lain lelewodeh,maneh mah sok wani nyingkahkeun da embung kaganggu,”Pokna deui.
“Enya da sok poho..”
“Poho mah teu nanaon, asal ulah mopohokeun, sok parundung karuhun mah”
“Naha bet pundung?”
“Tara ditanya. Sakalieun nanya maneh sok ngabalieus.Kawas teu kungsi wawuh”
“Enya rumasa, kumaha atuh?”
“Geus dihampura, ngan mun kitu deui, moal aya nu daek datang deui.Sok hudang!”

Lalaunan raga dicengkatkeun, ku dua leungeun, gek diuk sakeudeung. Rek jung pisanmaksakeun nagtung luyu jeung parentah, suku ngarampeol, atuh gebru deui raga rubuh, satengah dibeubeutkeun. Tipepereket, maksakun deui, geus dua tilu kali mah teu burung bisa, najan bari ngadegdeg.Celegedeg rada ajeg, tuluy leumpang rumanggieung. Kurunyung deui ucapan fuadi nu nongtorengan, kabawa angin nu nyampeurkeun.
“Mun dina mangsa pageto di pangbalikan, ilaing nyrangan kieu, bari hog-hag nu narakon,sahaok kadua gaplok, taya nu bisa nulungan. Rek kumaha pipetaeun?”

Teu dijawab.
“Niba kana alam padang poe panjang, dina alam buana nyungcung, nyorangan kawas mangsa datang ka buana pancatengah, pada ngajarewang, rek kumaha bisa leumpang”?

Teu dijawab.
“Wani kitu ilaing, nyanghareupan pilewangan mangsa datang”? cenah, taksiran nu nongtoreng rada keuheul pedah kuring balem.
“Teu wantun…” Pok teh.
“Heu wani teuwani da bakal kaalaman ku sarerea kaasup ilaing. Rek kumaha pilakueun?”
“Ngawitan deui…”
“Mimiti deui naon?”
“Sayaga bebekelan.. ngarah pada ngajewang ge nyesa”
“Heueuh kudu mikir atuh, cukleuk leweung cukleuk lamping jauh ka sintung kalapa. Nunggelis kawas Robinson Croesoe. Jadi gunakeun tah otak teh kana lawasna pileumpangan.Kana panjangna pilampaheun. Pan geus apal, mudun lima rebu taun, nanjak lima rebu taun, datar lima rebu taun.Bisi teu nepi kana datar, da tikosewad manten dina tanjakan, ngoleang na ge lima rebu taun, bari geus didagoan ku pisangsaraeun. Bodo jeung gelo mun ilaing nyebut wani”.

Teu dijawab. Leos neangan keclakan cai, sugan aya di jagat bulistir bejad semu beureum, da kakayon ledis dijarah. Takdir teu beunang dipungkir, papasten nu geus kapancen milik diri bagja awak, bet manggih cinyusu ngaburial handapeun batu kurung, sagede buntut anak beurit. Tuluy wudu. Basa tanggah bari ngagerenyemkeun do’a bada wudu, bray langit kawas muka, kolebat-kolebat jutaan karembong dialungkeun, rarasaan raga kabeulit, les teu inget. Eling soteh diceuceuhan ku mang Ahdi, bulutaneuh, raga ngajoprak dina palupuh di jero tajug. Balagonjang wana ngalaman wani malibir, wawuh nempuh, nangtang alam padang poe panjang bari keupat nampah, nya hasilna ngabulasin sangsara nyandang wiwirang. Cag.

Deherba