Salaka Edisi Oktober 2009

Ro’in

Rosulullah SAW kantos ngadawuh, yen “Maraneh kabeh pamingpin, unggal pamingpin bakal ditanya tanggungjawabna.” Nilik kana harti nu jembar hadits nu bieu,bisa make undakan, ti mimiti pamingpin rumahtangga, nepi ka pamingpin nagara. Beuki luhur pangkat jeung kalungguhanana, beuki beurat tanggungjawabna. Eta sababna basa Sayyidina Umar bin Khotob dipapancenan kudu jadi khalifah, inyana ceurik, terus cengkat nyabut pedang, bari pokna, kudu aya ti antara maraneh anu wani ngalempengkeun kami (dimana kami nincak salah) kawas lempengna ieu pedang.

Di Sunda aya salahsahiji raja agung, anu jajauheun nyaho kana Islam, malah teu ngambeu-ngambeu acan, nya eta Wastukancana. Ajaran Wastukancana nu pangonjoyna, nya eta nitah nerapkeun “pameda” atawa kritik. Tangtu mun kitu lumakuna di mana inyana nincak salah, tegesna teu luyu jeung aturan hukum harita. Ceuk Wastukancana, pameda teh,lir minyak keur kulit hurik, lir cai keur nu halabhab, lir mandi keur nu pinuh daki.

Kulantaran ageman nu nyampak di Nusantara, samemeh asupna Islam, nya eta Sanghyang, Hindu, Budha, Kristen. Teu mustahil eta lima ageman teh ngagulung kawas spiral, kababawa najan saeutik. Sabab tina ageman nyiptakeun pola budaya.Noal bisa hiji tatanan budaya musnah kitu wae, ku budaya anyar tanpa aya nu kabawa sabagian leutik. Sok komo, para penyiar Islam, ngasupkeun/nerapkeun Islam di Nusantara, teu kalawan paksaan, tapi lalaunan ngaliwetan rupa-rupa tarekah, di antarana ngaliwatan budaya. Hartina rek ageman naon wae, ngaguruntul dina basa, yen, mun hayang nyaho kasalahan sorangan, kudu nanya ka batur. Da meureun ku sorangan mah moal katangen (salilana sok asa bener). Dumasar kabeungharan budaya nu nyampak, sawadina kabeh pamingpin di unggal undakan wewengkon kakawasaan, kudu narima kana kritik/panggeuing (kilangbara menta) ti nu sejen. Lebah dieu liket kaitanana kana kalungguhan pamingpin. Anehna teu saeutik sikep pamingpin mun di kritik sok tuluy ngewa, malah dengdem nepi ka taunan. Cilakana eta rasa dengdem teh disundutan ku jalma sisi-gigirna nu ngahaja ukur leletak, hayang kapake bari neundeutkeun batur nu ngritik tea. Beh dituna tuluy neangan balad, ngarah nu sejen milu ngewa ka jalma nu kumawani ngitik.

Lamun kitu, sidik pisan, pamingpin nu teupayaan, teu tahan kritik, hartina teu tahan banting, can meujeuhna jadi pamingpin. Apan pamingpin mah, kudulandung kandungan laer aisan tegesna hampuraan. Sabab pasti salahsahiji bahan mentalna, legok tapak genteng kadek. Dima kudu nangtukeun hiji kaputusan teu meunang bragu-ragu, kudu ngadek sacekna nilas saplasna, kaasup nohonan jangji. Bakal ngabulasin, mun pamingpin lunca-linci luncat-mulang, udar tina tali gadang. Beh ditu na pamingpin mah mun cilaka pangheulana, mun bagja pangpandeurina, da ngaheulakeun kapentimngan nu aya dina tanggungjawabna.

Pamingpin teh ro’in, nu moal bisa nolak, pasti dipoenta tanggungjawabka dina pangadilan Agung, yaomil kiyamah. Anu geus lain biwir nu ngajawab da dikonci, tapi leungeun, suku jeung anggota awak sejenna. Cilakana mun dina proses pangadilan Agung, anu taya hal nu bisa disumputkeun, eta pamingpin ditungtut dipenta tanggungjawab ku bawahan atawa rahayatna.Jampena, mun hayang jadi pamingpin nu amanah. Ulah petot ngoreksi diri, ngahisab diri, memeh dikoreksi batur, memeh dihisab pangadilan Agung. Muga-muga. Cag.

Deherba