Salaka Edisi Online

Balawista Basisir Sukabumi

Dipikabutuh Bari Can Kapalire

Organisasi kasalametan basisir mimiti ngawujud tahun 1878, mangrupa hasil kongres dunya munggaran, di Marseille, Perancis kidul. Ti harita ngawujudna kleup-kleup kasalametan basisir di sababaraha nagara, kayaning Hawaii (USA), Australia, Selandia Baru, jeung Afrika Kidul.
Taun 1910 di Perancis ngadeg organisasi FIS (Federation Internationale de Sauvetage Aquatique) nu anggotana aya 30 nagara, kayaning Belgia, Denmark, Perancis, Inggris, Luxembourg, Swiss, jeung Tunisia.

Tapi kanyataan kamekaranana mah Inggris leuwih gancang, leuwih maju ngawujudkeun kleup kasalametan Basisir ‘Life Saving’ di unggal nagara jajahanana, dingaranan Royal Life Saving. Taun 1971 Inggris jeung Afsel, marajian lahirna WLS ‘World Life Saving’ tanggal 24 Mart, WLS nu mangrupa organisasi modern, diiluan ku 20 nagara, nangtukeun presidenna Kevin E. Weeldon jeung Sekjenna Aland B. Whepton.

Ti harita kamekaran organisasi kasalametan Bsisir teu bisa dibendung, jlug-jleg ngaradeg di unggal nagara nu boga laut. Nya kitu kaasup di Indonesia. Asalna, taun 1973 Indonesia (diwakilan ku Bali) diondang WLS kana pajemuhanana di Dee Why West Sidney Australia, dituluykeun dina taun 1976 Indonesia hadir deui dina kagiatan WLS di Sasix St Sidney bareng jeung international Training School. Mun nu munggaran nu diutus teh I Gede Berata jeung Drs. I Made Arka, nu mindoan mah ditambah ku I Made Yudha jeung Toni Murtejo. Taun 1980 Indonesia kakara resmi jadi anggota WLS ka 20. Saterusna Indonesia dipercaya jadi pribumi dina kompetisi life saving sadunya, ngayakeun World Life Saving Interclub Surf Championship, tempatna di Bali tanggal 28 April-3 Mei 1981.

Disagigireun eta, kulantaran loba nagara nu ngadurenyomkeun eksitensi dua organisasi kasalametan basisir (FIS jeung WLS) ahirna diayakeun pajemuhan di Kanagawa, Jepang, disusul kongres di Lubeck Travelmunde, Jerman, diteruskeun kana pajemuhan General Assembly taun 1992 di Shimoda, Jepang. Ahirna dian tanggal 24 Februari 1993, pancegna dina pajemuhan CARDIFF, dicindekkeun yen organisasi kasalametan basisir sadunya ngan aya hiji, dicirianku ditandatangana piagam kasaluyuan dunya sakalian ngarobah ngaran, jadi World Live Saving Federation, nu kantor puseurna di Leuven Belgia. Naoi ka taun 2005 anggotana aya 85 nagara, kalawan personil relawan kasalametan basisir meh 85 juta urang. Ieu organisasi basisir teh geus diaku ku PBB.

Di Indonesia mah eta organisasi kasalametan basisir teh ngaranna BALAWISTA ‘Badan Penyelamat Wisata Tirta’ asal muasal na taun 1979,di Basisir Kuta Bali aya panganten nu maot kagulung ombak. Harita I Gede Berata nonoman belekenteng, disampeurkeun ku turis bule nu ngomong bari ceurik, cenah mun manehna bisa ngojay, hayang nulungan eta panganten nu kagulung ombak tea. I Gede Berta katoel hatena, nya ku alfukahna ngadeg we relawan kasalametan basisir di Kuta Bali. Ieu perkara jadi puseur perhatian sarerea, kaasup Mentri Pariwisata Pos & Telekomunikasi. Nya dibewarakeun yen sakur Pemda sa–Indonesia kudu boga relawan kasalametan basisir. Ditema ku midulina Kevin E. Weldon nu ngahaja datang ka Bali ngayakeun promosi jeung sosialisasi kamanusaan ILS. Kabeneran aya pagawe Pemda bali nu maot di laut, otomatis Pemda Bali jeung Pemda sejenna ngarojong ngadegna kasalametan basisir, kalawan dingaranan WAJA SURF LIFE SAVING GUARD. Nyakitu di wewengkon sejenna ge ngaradeg organisasi kawas kitu, aya nu disebut Life Guard, SAR Pantai jsb. Teu tingaleun di Kabupaten Sukabumi ge nu mibanda basisir kawilang lega, leuwih ti 20 Km ti mimiti Palabuhanratu nepi ka Ujung Genteng.

Dipitembeyan taun 1990 binarung jeung dibebenahna objek wisata ku Pemda Kab. Sukabumi, harita jlug jleg ngaradeg kleup kleup relawan kasalametan basisir, di unggal wewengkon basisir, ti mimiti Palabuanratu nepi ka Cibangban, hanjakal can aya kordinasi nu pageuh, can aya padoman nu maneuh jadi sewang-sewangan. Kakara taun 2002 ku inisiatif Deni Ludiana, PNS Kab Sukabumi, babarengan jeung Momon Sulaeman (alm), Otang Lesmana, Tatang Johari, Dadang Sudjono, Jajat Sudrajat, Budi Wahyudi, Yanyan Nuryanto, Drs. Agus Romal, jeung Ruslan Effendi, SH, ngayakeun pajemuhan, nyawalakeun ngawujudna organisasi nu koordinatif. Kalawan dirojong ku Drs. Acep Barnasah,MM, Kadis Pariwisata Kab Sukabumi harita, di pedalkeun kartu anggota, mangrupa legalitas formal, sakalian ngayakeun latihan tingkat dasar Basarnas, salila 5 poe,dina bulan Oktober 2003, kalawan waragad ti Pemda Prov. Jabar. Mimiti ngadeg mah organisasi kasalametan basisir teh ngaranna FKSPD Sukabumi ‘Forum Koordinasi SAR Pantai Daerah Sukabumi’ Dumasar kana saran ti pupuhu Balawista nasional, nu dirojong ku sababaraha surat kaputusan Pemda, bari ngarujuk kana aturan ILS, ngaran FKSPD dirobah jadi BALAWISTA ‘Badan Penyelamat Wisata Tirta’ PALABUHANRATU.

Ti 28 Agustus 2003 Nu dipupuhuan ku Otang A.Lesmana. Nu sacara aklamasi ngaganti Deni Ludiana lantaran inyana PNS. Sedengkeun Balawista independen. Balawista Palabuhanratu kaitung weweg, sabab jaba ti meunang Sertifikasi Bronze, Life Saving, jeung Resultation Award. Mimiti taun 2005 Balawista Palabuhanratu, resmi jadi anggota International Life Saving Federation Asia Pasific (ILS).

Dina perjalananana Balawista Palabuhanratu beunang disebutkeun mulus teu mulus, demi sababna najan perhatian pamarentah aya, hanjakal can nyumponan kabutuh, utamana dina peralatan. Najan kasebutna relawan para anggota Balawista nu lobana 86 urang, ngajaga 20 KM basisir nu dibagi kana 13 pos, ngan boga Torpedo Bouy 1 bari ruksak (Kacida. Magaphone 1 ruksak, Parahu karet ruksak 1. Teu boga teropong patroli (Teungteuingeun), Bandera peringatan ge di unggal pos nyieun tina lawon urut spanduk sponsor (sangsara), Boga Rescue Board, kabeh ge bantuan urut make. Boogy Board nu di Citepus, Potong. Tegesna Balawista Palabuhanratu, nu boga prestasi nyongcolang teh, rudin peralatan mah. Geus puguh hirup sapopoena mah da puguh relawan tea, ngan henteu we balangsak pisan. Jaba loba nu teu boga gawe matuh (26 urang), da waktu beak dipake ngawaskeun basisir. Teu saeutik nu getreng jeung pamajikan, da enya atuh kudu diparaban kulawarga teh, teu seubeuh ku neuteup basisir wungkul. Sawareh aya nu dadagangan, sawareh jadi PNS, tapi teu saeutik nu nganggur, hese udud-udud acan. Kasusah hirup kitu teh masih keneh kudu ditambah ku opini negatif tina berita teu saimbang. Ari nyalametkeun nu cilaka mah najan sapoe 40 jelema ge, tara loba nu nyaho, malah nu cilakana ge tara nuhun-nuhun acan (Kasaksian ku nu nulis) tapi mun aya nu maot saurang we, geunjleuhna matak ear jagat, ngan henteu we nunjuk rorek, yen balawista euweuh kabecus. Meunteun asal engab bari nyalahkeun. Teu hayang nyaho peralatan kurang, dahar kurang, disiplin ketat, kasajahtraan personil ukur kalangkang. Tapi alus ketah da meureun personil Balawista mah relawan tangoh. Gawe kudu hade, sigap, oke bos. Dahar jeung make mah, saaya-aya we. Binatang macam apa itu kesejahteraan? Teuing. Personil Balawista lolobana teu nyahoeun. Saha nu kudu merhatikeun kasajahtraan relawan Balawista? Poek, taya nu nyaho. Aya beda, da maranehna ge baroga ceuli. Naha ari personil Balawista Ciamis bet bisa meunang kasajahtraan? Teu susah dahar. Najan enya tina meh 100 urang anggota ngan 26 nu teu boga pacabakan matuh mah. Najan kitu sikep anggota Balawista tetep kudu profesional. Aya deui di wewengkon sejen, masih di Jawa barat, Balawistana meunang honor bulanan cenah. Kumaha ari di Sukabumi? Pasti aya, pasti sarua jeung Ciamis, pasti bakal diperhatikeun kahirupan sapopoena, sabar we….… da geus nepi kana waktuna ge… Ulah sumender ka Pemda, riweuh Pemda teh loba uruseun. Apan najan leutik luyu jeung kamampuhan, Pemda ngaliwatan Dinas Parbudpora geus mere bantuan: taun 2006, taun 2007 dina wangun Diklat, taun 2008 alat-alat taun 2009 aya bantuan ti Kesra, ditambah kaos seragam operasional salobana anggota. Ngan meureun bantuan operasional nu acan teh. Imbalan ti Balawista taya lian iwal kudu transparan, kudu terbuka antara pingpinan jeung anggota ulah nepika kajadian aya anggota Balawista nu ngomong ka wartawan, cenah Pemda taya perhatian, tah sagala bantuan Pemda nu katarima kudu kanyahoan ku sakumna anggota. Taya salahna personil Balawista, kudu daek ngirim proposal ka pangusaha gede nu aya patalina jeung laut atawa basisir, pikeun nyumponan pangabutuh peralatan. Atawa sakali-kalieun mah ngayakeun audensi ka DPRD, ngan ulah nyalahkeun Pemda, sabab keukeuh Pemda nu kudu mere bantuan. Pokona kudu mampuh mikir kreatif, inovatif, adaptip jeung prepentif. Sarera nyaho Balawista Palabuhanratu teh dipikabutuh, bari geus loba jasana, ngan pedah can kapalire sacara totalitas. Sabab alus gorengna prestasi jeung prestise Balawista Palabuhanratu, mawa ngaran Pemda Kabupaten Sukabumi tangtuna ge, teu salah deuih mun Pemda/DPRD-na nyieun Perda khusus ngeunaan Balawista, nu nyoko kana waragad operasional jeung jaminan kahirupan anggota sapopoe, sangkan eksistensi Balawista Sukabumi leuwih ajeg.

Tamba kawaranan, bari sugan aya nu haat mantuan, ieu di handap, aya daftar kabutuh Balawista Palabuhanratu, dumasar karakteristik basisir, tingkat jugjugan (kunjungan), jeung rawana kacilakaan (sumber dok Balawista, 2009):

  1. Pos Pengawasan Ujung Genteng-Ciracap (4 Km.Personil 30 urang.)
    1. 2 menara pengawas lengkep
    2. 1 set Kalengkepan P3K
    3. 3 unit Rescue Board
    4. 15 unit Torpedo Bouy
    5. 6 unit teropong patroli
    6. 6 unit megaphone
    7. 10 unit papanperingatan
    8. 20 bendera peringatan
    9. 30 set pluit Rafting
    10. 300 meter tambang
    11. 15 unit BoogyBoard
    12. 1 unit speda motor patrol
    13. 60 stel celana renang & pakean patrol
  2. Pos Pengawasan Kidangkancana-Palabuharatu (1,5 Km, personil 5 urang).
    1. 1 unit tandapengawas (bongkar
    2. pasang)
    3. 1 set kalengkepan P3K
    4. 1 unit Rescue Board
    5. 3 unit Torpedo Bouy
    6. 2 unit Teropong Patroli
    7. 2 unit Megaphone
    8. 3 unit papanperingatan
    9. 6 set bandera peringatan
    10. 5 unit pluit rafting
    11. 5 unit boogy board
  3. Pos Pengawasan Citepus Girang Plabuhanratu,(1,5 Km, personil 6 urang)
    1. 1 set Perlengkapan Menara pengawas
    2. 1 set perlengkapan P3K
    3. 2 unit rescue board
    4. 5 unit torpedo bouy
    5. 2 unit megaphone
    6. 6 unit papan peringatan/himbauan
    7. 10 set bendera peringatan
    8. 6 pluit rafting
    9. 15 unit boogy board
    10. 12 stel celana renang & pakaian patroli.
  4. Pos Pengawasan Citepus Muara Palabuhanratu (1 Km, personil 8 urang)
    1. 1unit menara pengawas lengkep
    2. 1 set perlengkapan P3Kunit rescue board
    3. 4unit rescue board
    4. 5unit torpedo bouy
    5. 3unit teropong
    6. 4unit megaphone
    7. 6papan peringatan/himbauan
    8. 20 bedera peringatan
    9. 8 pluit rafting
    10. 15 unit boogyboard
    11. 1unit speda motor patrol
    12. 16 celana renang & pakaian patrol
  5. Pos pengawasan Bakekok - Istiqomah - Palabuhanratu (1Km,personil 8 urang)
    1. 1unit lengkap tanda pengawas
    2. 1set perlengkapan P3K
    3. 2 unit rescue board
    4. 5unit torpedo bouy
    5. 3 teropong patrol
    6. 2unit megaphone
    7. 4 papan peringatan/himbauan
    8. 10 bandera peringatan
    9. 8 pluit rafting
    10. 15 unit boogy board
    11. 16 stel celana renanag/pakean patrol
  6. Pos Pengawasan Katapangcondong - Cikakak (2.5 Km, personil 14 urang)
    1. 1 unit kelengkapan menara pengawas
    2. 1 set perlengkapan P3K
    3. 5 unit rescue board
    4. 8 unit torpedo bouy
    5. 4 unit teropong
    6. 4 unit megaphone
    7. 8 papan peringatan/himbauan
    8. 10 bandera peringatan
    9. 14 pluit rafting
    10. 15 boogyboard
    11. 28 stel celana renang/Pakean patroli
  7. Pos Pengawasan Cimaja - Cikakak (2,5 Km, personil 7 rang)
    1. 1 set lengkepkalengkepan Menara Pengawas
    2. 1 set P3K
    3. 3 unit rescue board
    4. 5 unit torpedo bouy
    5. 2 teropong patrol
    6. 2 unit megaphone
    7. 4 papan peringatan/himbauan
    8. 10 bandera peringatan
    9. 5 pluit rafting
    10. 10 boogyboad
    11. 14 stel celana renang/pakean patrol
  8. Pos Pengawasan Cimaja Sunset - Cisolok (1,5 Km,personil 5 urang)
    1. 1 set perlengkapan Menara Pangawas
    2. 1 set perlengkapan P3K
    3. 3 unit rescueboard
    4. 5 unit torpedo bouy
    5. 2 teropong patrol
    6. 2 unit megaphone
    7. 5 papan peringatan/himbauan
    8. 10 bandera peringatan
    9. 5 pluit rafting
    10. 15 boogyboard
    11. 10 stel celana renang/pakean patrol/kaos
  9. Pos Pengawasan Karanghawu - Cipawenang (1,5 Km personil 9 urang)
    1. 1 unit Perlengkapan Menara Pengawas
    2. 1 set perlengkapan P3K
    3. 4 rescueboard
    4. 7 torpedo bouy
    5. 4 teropong
    6. 2 megaphone
    7. 5 papan peringatan/himbauan
    8. 10 bendera peringatan
    9. 9 pluit rafting
    10. 300 meter tamang
    11. 15 bogyboard
    12. 1 unit speda motor petrol
    13. 18 stel celana renanglakean patroli
  10. Pos Pengawasan Kebonkalapa - Cisolok( 1,5 Km,personil 5 urang)
    1. 3 unit rescueboard
    2. 1 set perlengkapan P 3 K
    3. 3 unit torpedo bouy
    4. 2 teropong
    5. 1 megaphone
    6. 5 papan peringatan
    7. 10 Bandera peringatan
    8. 5 pluit rafting
    9. 30 meter tambang
    10. 15 boogyboard
    11. 10 stel celana renang/pakean patrol
  11. Pos Pengawasan Nambo - Cisolok (1 Km, personil 3 urang)
    1. 1 unit Tenda Pengawas
    2. 1 set perlengkapan P3 K
    3. 1 rescueboard
    4. 2 torpedobouy
    5. 1 teropong
    6. 6 megaphone
    7. 4 papan peringatan/himbauan
    8. 5 bandera peringatan
    9. 3 pluit rafting
    10. 5boogyboard
    11. 6 stel celana renang/pakean patroli
  12. Pos Pengawasan Cibangban - Cisolok 1,5 Km personil 7 urang)
    1. 1 unit menara engawas lengkap
    2. 1 set perlengkapan P3K
    3. 2 rescueboard
    4. 5 torpedo bouy
    5. 2 teropong patrol
    6. 2 megaphone
    7. 5 papan pereingatan/himbauan
    8. 10 bandera peringatan
    9. 7 pluit rafting
    10. 15 bogyboard
    11. 14 stel celana renang/pakean patrol
  13. Sekertariat
    1. 1 unitgedung skertariat
    2. 3 buah papan nama
    3. 1 set toa & amplipfier
    4. 5 whiteboard
    5. 1 unit computer & Printer
    6. 5 set meja kursi
    7. 2 lemari fillingcainet
    8. 1 unit righ / alat komunkasi
    9. 1 set handytalky
    10. 1 set kursi tamu
    11. 1 unit perlengkapan P3K
    12. 3 teropong
    13. 2 megaphone
    14. 2 speda motor patrol
    15. 1 unit mobil patrol.

 

Pikeun bahan komparasi antara kanyataan jeung hasil gawe, bisa katembong tina data kacilakaan laut ti taun ka taun, di basisir Palabuhanratu. Ti taun 1996 nepi ka 2000,(memeh aya Balawista) kajadian kacilakaan 227x, nu salamet 109 urang, nu maot 118 urang. Ti taun 2001 nepi ka taun 2005, kajadian kacilakaan laut 321x, nu salamet 286 urang, nu maot 35 urang, taun 2002 cikal bakal ngadegna Balawista nepi ka diresmikeun taun 2003. Ti taun 2006 nepi ka 2008, kajadian kacilakaan 393x, nu salamet 365 urang, nu maot 28 urang. Para turis leuwih percaya kana eksis na Balawista, hanjakal alat-alat nu nunjang kana operasi kurat-karet.

Cindekna, tangtu we eta kabeh pangabutuh alat-alat teh moal bisa ditedunan ku Pemda wungkul, copelna kudu ditungtut lalaunan, najan mawa risiko barang nu geus aya, utamana nu sakali pake, bisa ruksak samemeh aya gantina. Taya kajaba iwal dipiharep ka sakur nu maca ieu tulisan, utamana pangusaha, sugan aya nu haat hayang mere bantuan, tangtu dirawu dipangku, demi ngahargaan hak hirup papada jalma, utamana turis boh domestik atawa mancanagara. Cag.

Deherba