Salaka Edisi Online

Babasan & Paribasa

Ungkara basa nu geus matok make harti injeuman. Biasana dina wangun kecap kantetan.
Ungkara basa nu geus matok, saeutik patri, mangrupa siloka lakuning hirup. Biasana dina wangun kalimah.







Babasan

Ungkara basa nu geus matok make harti injeuman. Biasana dina wangun kecap kantetan.

 

  • Aya peurah:
    Aya komara, aya harga, aya pangaji
  • Babanteng jurit:
    Pamanggul jurit, ngapalaan perang
  • Kacanir bangban:
    Meunang wiwirang
  • Duum tinggi:
    Ngabagikeun naon-naon henteu kalawan adil, aya nu loba aya nu saeutik
  • Encer uteuk:
    Calakan, pinter
  • Kawas gateuw:
    Teu bisa liar lantaran kasakit atawa rerempo tapi ari awak lintuh
  • Handap lanyap:
    Hormat tapi matak nyentug kana hate
  • Siduru isuk:
    Nyunatan atawa kariaan henteu make tatabeuhan, biasana lamun ngadadak
  • Teu jauh laukna:
    Saha bae oge tangtu aya pagaweanana
  • Embung kakalangkangan:
    Embung kaelehkeun

 

Paribasa

Ungkara basa nu geus matok, saeutik patri, mangrupa siloka lakuning hirup. Biasana dina wangun kalimah.

 

  • Teu gugur teu angin:
    Teu aya lantaranana
  • Jelema teu baleg:
    Jelema teu bageur
  • Ka cai dianggir mandi, batu lempar panuusan:
    Lemah cai, bali geusan ngajadi
  • Cul dogdog, tinggal igel:
    Ninggalkeun gawe baku pikeun milampah pagawean nu taya hasilna
  • Teu kakurung ku entik:
    Teu kaasup bilangan jelema anu kudu disuguhan atawa dibere dahar
  • Henteu unggut kalinduan, henteu gedag kaanginan:
    Pageuh nyekel tangtungan sorangan, henteu kapangaruhan pangruruba
  • Taya halodo panyadapan:
    Taya eureunna pasea
  • Asa dina pangimpian:
    Rarasaan keur ngimpi bawaning helok padahal keur nyaring
  • Ulah tiis-tiis jahe:
    Ulah kangeungeunahan kudu ati-ati
  • Kacang poho ka lanjaran:
    Poho ka asal wiwitan, pindah pileumpangan

 

(Djodi Prihatna).****

Deherba