I’tikaf
Ku: Djodi Prihatna, A.Md-MG
I’tikaf nyaeta cicing di hiji tempat bari tirakat. I’tikaf nu ilahar nya eta cicing di masjid 10 poe pamungkas dina bulan Romadon, lantaran Rasulullah ngalaksanakeun eta hal unggal Romadon nepi ka pupusna. Anjeunna kagungan sababaraha etika (aturan) nu kudu ditengetkeun sangkan I’tikaf mere hasil nu dipiharep, sarta jelema anu I’tikap teh kaluar ti masjid kalawan dosa-dosana geus dibere ampun. Di antara aturan pikeun ngalaksanakeun I’tikaf, nya eta:
- Niat
Sawadina jalma anu ngalaksanakeun I’tikaf murni niatna pikeun neangan karidoan Pangeran, ngahontal darajat di aherat ku cara ngajauhan haliah dunya, ngeusian ku amaliah aherat sarta nurutan sunah-sunah Nabi. - Sapuluh poe panganggeusan Romadon
Hal ieu mangruppa sunah Rasulullah. Dina hadis anu diriwayatkeun ku Aisyah r.a. dieceskeun yen Rasuullah ngalaksanakeun I’tikaf dina sapuluh poe panganggeusan Romadon, nepi ka anjeunna pupus, dituluykeun ku para garwana anu ngalaksanakeun I’tikaf salajengna. Sanajan meunang I’tikaf dina waktu-waktu sejen, tapi tetep bae anu panghadena mah sapuluh poe panganggeusan dina bulan Romadon. - Di masjid
Hukumna henteu sah lamun urang I’tikaf di imah, lantaran contona ti Rasulullah teh di masjid. Firman Allah SWT: “Maneh ulah campur jeung maranehna, sedengkeun maneh I’tikaf di masjid”. (al-Baqarah (2): 187). Ieu ayat nuduhkeun yen tempat I’tikaf mah ngan di masjid.
Leuwih hade deui lamun anu rek I’tikaf teh milih masjid jami, sangkan henteu perelu kaluar ti masjid pikeun nohonan solat Jumaah. Saur Aisyah r.a.: “Disunahkeun pikeun anu keur I’tikaf sangkan henteu ngalongok jalma gering, henteu ngalayat janasah, henteu sapatemon jeung pamajikan, henteu kaluar ti masjid pikeun urusan naon bae iwal ti urusan anu teu bisa ditinggalkeun, teu aya I’tikaf iwal ti dibarengan ku puasa sarta henteu aya I’tikaf iwal ti di masjid jami”. - Jero tenda khusus
I’tikaf di jero mihrab atawa tenda khusus bakal ngabantu jelema anu ngalaksanakeunana pikeun nyorangan bareng jeung Pangeran, sarta henteu meakkeun waktuna pikeun ubral-obrol jeung babaturan. Kangjeng Nabi Muhammad SAW oge kantos ngalaksanakeun hal eta, sakumaha diriwayatkeun ku istrina Aisyah r.a. yen Rasulullah saupami bade I’tikaf sateuacanna kedah wae ngalaksanakeun solat Shubuh, teras lebet ka tempatna anu mangrupi tenda. Hal ieu mangrupa hiji cara pikeun ngahontal tujuan I’tikaf. - Asup ka tenda bada Shubuh
Dina poe mimiti tina sapertilu ahir bulan Romadon Rasulullah ngalaksanakeun I’tikaf. Ibnu Hajar sasauran: “………. Hal eta nuduhkeun yen jelema anu rek ngamimitian I’tikaf nya eta bada solat Shubuh. Eta teh pamadegan al-Aizai, al-Laits, jeung ats-Tsauri….” Sanajan dina ieu masalah aya beda-beda pamadegan tapi jigana bakal sarua jeung pamadegan di luhur. - Teu kaluar sanajan aya urusan penting
Hadena mah jelema nu ngalaksanakeun I’tikaf henteu kaluar tina tempatna, iwal ti lamun aya urusan nu kacida pentingna anu teu bisa ditinggalkeun. Manehna teu meunang ngalongok jelema gering, atawa ngalongok nu maot, saperti nu kasebut di luhur, iwal ti lamun manehna samemehna geus nangtukeun hal-hal kasebut. - Henteu ngadeukeutan atawa sapatemon jeung pamajikan
Tangtu bae hal ieu teu meunang kajadian, sakumaha anu kaungel dina poin 3 di luhur. Dumasar kana firman Allah SWT : “Maneh ulah campur jeung maranehna, sedengkeun maneh I’tikaf di masjid”. (al-Baqarah (2): 187). - Panceg ibadah, disiplin kana waktu
Tujuan utama I’tikaf nyaeta sangkan jelema ngan konsentrasi kana ibadah wungkul, bari nungguan datangna Lailatul qadr saperti anu ku Allah SWT disaurkeun : Peuting nu mulya teh lewih hade ti batan sarebu bulan”. (al Qadr (97):3).
Ieu teh mangrupa tungtunan Nabi Muhammad SAW. Diriwayatkeun yen Rasulullah lamun geus asup kana sapuluh poe panganggeusan Romadon mah Anjeunna mageuhan kaenna, ngaramekeun peuting sarta ngahudangkeun kulawargana. Maksud tina mageuhan kaen didieu nya eta junun kana ibadah sarta henteu sapatemon jeung istrina.
Hadena jelema nu ngalaksanakeun I’tikaf ngamangpaatkeun kasempetan pikeun ibadah, ngadu’a, diuk tartib bari maca al-Qur’an, istigfar, dzikir, solat, mikir bari nginget-nginget. Hadena manehna henteu miceun waktu pikeun ngobrol jeung babaturanana, sangkan meunang naon-naon anu geus dijangjikeun ku Allah SWT mangrupa pahala jeung ampunan.****
Bahan: Etika Beritikaf, Ensiklopedi Etika Islam.





