Marongge
Ku: Didi Supriadi
Marongge salah sahiji desa di Kacamatan Tomo, Kabupaten Sumedang nu geus kaceluk ka awun-awun kawentar ka janapria ku ngaran elmu asihan si Kukuh Mudik. Di eta tempat aya tilu makam, nyaeta nu katelah makam embah Naibah, embah Sedayu jeung embah Nasibah.
Sakumaha ilaharna makam karamat di mana wae seueur nu ngajugjug ku jalma anu ngadon jiarah, nya kitu deui ka Marongge, di jugjug ku para penjiarah dibarengan saribu macem kahayang, ceuk bohongna mah. Timimiti hayang naek pangkat nepi ka ngarah di gampangkeun ngalap rezki, tapi aya leuwihna ti karamat marongge, ku pangaweruh peletna atawa pamikat sukma, pelet nyatea salah sahiji elmu pamikat sing saha bae nu ka peutik ati ka gembang asmara ku wanoja atawa nonoman nu sieun ku panolakan bisa datang ka ieu karamat kitu cenah “nurutkeun saur salah saurang warga desa marongge”.
Ieu pangalaman salah sahiji warga ; pelet Marongge bisa ngalancarkeun jodo, atawa ngarubah “panampilan” jadi leuwih aduhai.Tong boro ka parawan atawa bujang, dalah ka nu geus boga salaki atawa pamajikan mun geus beunang ku ieu pelet ngadadak poho kana purwadaksina. Nu matak ngawanti-wanti ulah lalawora kana pelet marongge mah.
Ku sabab kitu teu aneh mun karamat Marongge dina malem Jum’at kaliwon sok rea nu daratang ka ieu tempat,ngiringan “ ritual” nu di pingpin ku juru kuncen, di waktu nu di tangtukeun nu jiarah sok di penta ngajajar di tanggul Cilutung nu teu jauh ti makam karamat. Terus di penta sina marandi jeung sidengdang di sisi walungan bari maca ajian-ajian nu di bikeun ku eta juru kuncen.
Acara ritual di pungkas ku miceun baju jeroan nu di anggap miceun kasial, teu seutik oge nu menang jodo di eta tempat mun kebeneran, rereana nu datang kadinya mawa kanyeri jeung ka peurih ati kulantaran di tolak cintana. Lantaran di percaya pisan kana mitos yen pelet Marongge teh matih, jadi tong heran mun loba ka datangan ku awewe tukang ngajual diri (psk).
Carita waktu sababaraha taun katukang ngenaan elmu pelet Marongge, di wewengkon eta desa hirup tilu wanoja nyaeta nyai Naibah, Sedayu jeung nyai Nasibah. E ta tilu wanoja jadi kembangna desa, loba raja-raja, jeung para menak nu daratang seja ngalamar pikeun di jadi keun pipamajikan atawa selir. Tapi anehna, sok sanajan loba menak atawa raja nu mikahayang, eta tilu wanoja weleh teu kapetik atina ka gembang asmara sok sanajan ku pangkat menak atawa raja. Kusabab kitu ngajadikeun panasaran keur para raja-raja atawa menak-menak nu mika hayang ka eta tilu wanoja.
Kusabab loba nu panasaran , loba anu mikahayang,ahirna tilu wanoja ngayakeun saembara " Sing saha bae jelamana nu bisa matek waluh nu di palidkeun di Cimanuk ku elmu pangaweruhna ,bakal di jadikeun pisalakieun tilu wanoja” Saembara anu diayakeun ku tilu wanoja jadi rea anu katarik ngilu asup makalangan , kitu deui menak jeung raja-raja nu ngilu asup ngadaftarkeun jadi patandang pikeun ngiluan eta saembara . Tapi nya kitu, di prakna, hampir kabeh menak jeung raja-raja anu milu, taya nu nyangga pulia ,hiji oge teu bisa matek deui eta waluh nu di palidkeun ku eta tilu wanoja. Malahan nepi ka kaluar basa nu teu geunah kana hate patandang-patandang : " Ngan sakitu pangawasa aranjeun, nya kumaha rek nyalindung diri kuring tiluan mun waluh nu di palidakeun oge teu bisa di batek deui' Kitu babasaan eta tilu wanoja ka para menak jeung raja anu milu tandang.
Kusabab saembara eweuh nu punjul , tilu wanoja ngacungkeun leungena kahareup, tilu waluh baralik deui nangtang cai nu datang ti girang nepi ka waluh datang deui kana leungeunna sewang-sewangan. Tah tiharita ayana kecap asihan si Kukuh Mudik (pelet Marongge). Ceuk beja mun hiji jalma di tolak katresna terus manehna ngulik eta elmu pelet ,bakal malik nu tadina teu suka jadi cinta.Cag





