Puisi
Puisi - puisi Didi Supriadi
IMPENAN.....
Geleunyuna imut dina pameuteu anjeun
abdi sono kana sorot soca anjeun nu tembus kana jajantung abdi sono kana lentik panangan anjeun abdi sono kana lemesna asih anjeun
Ayeuna ngan ukur impenan....
dina jero hate kamelang hariwang
kabagjaan jeung kapeurih gumulung jadi hiji endahna mangsa harita haneutna cimata cinta anjeun inget mangsa ajeun ngagelehe kana pangkonan
Ayeuna ngan ukur impenan...
ayeuna ngan tinggal sawangan
leungitna anjeun tina kahirupan abdi
pareumna pilampaheun...
ajeun nu ngainspirasi ieu sajak
pikeun nyawang masa ka tukang,
Keur abdi ngagupay mangsa nu rek datang
dimana anjeun ayeuna
abdi teu wasa mendakan anjeun
anjeun nu ngajadikeun abdi baluweng
mun mangsa datangna peuting
Poe-poe nu kalangsu ngan ukur jadi sawangan..
jadi panineungan, dina sejero ning ati..
ucap lampah ngan keur anjeun....
na iraha anjeun rek mulang..
datang dina pangimpenan,
Harewosna soanteun anjeun
seungitna rambut anjeun, gelenyuna imut anjeun,.
seukeutna rindat anjeun
ngan ukur jadi lalangse hate
Da puguh ngan tinggal sawangan jeung harepan anjeun nu teu mulang-mulang harewosna rasa ka cinta abdi ka anjeun mugia aya dina kamaslahatan....
ieu ngan saukur impenan
KACINTA NU TEU KEDAL
Niat hate hayang ngedalkeun eusi rasa
Tapi kuring teu wasa keur ngedalkeuna
ngan sepi jempling nu maturan
sajero rasa kasieun ku panolakan anjeun
Rasa kasieun, kamelang
ngedalkeun rasa ngaliwatan peuting
mangsa datang harepan tina caangna bulan sok sanajan cinta kuring ngan nepi ka sawangan
Euwuh kapastian, kulantaran teu wasa ngedalkeun kacinta peuting nu jadi saksi, ancurna ieu hate ku kasieun ngan jangkrik jeung sato peuting nu ngabaturan
Ngeclakna cai panon kacinta nu teu kasorang tiisna wanci peuting ngan mawa ka tunggaraan tunggara ku lantaran cinta nu teu keudal ngan nepi ka wates harepanan





