Babasan & Paribasa
Ungkara basa nu geus matok make harti injeuman. Biasana dina wangun kecap kantetan.
Ungkara basa nu geus matok, saeutik patri, mangrupa siloka lakuning hirup. Biasana dina wangun kalimah.
Babasan
Ungkara basa nu geus matok make harti injeuman. Biasana dina wangun kecap kantetan.
- Aya buntutna:
Aya terusna tina perkara nu nguciwakeun - Hirup ngabangbara:
Ari tempat pikeun matuh mah leutik tur teu tumaninah, tapi lamun kaluar ti imah ginding teu eleh ku batur - Nyoo gado:
Ngaheureuyan jelema anu pantesna dihormat - Teu didingding kelir:
Diceplakkeun satarabasna taya nu dipinding-pinding - Elmu sapi:
Samiuk dina kagorengan - Malapah gedang:
Malibir henteu jol pok ka nu dipimaksud - Haseum budi:
Leuwih mindeng baeud jeung camberut batan seuri - Ieu aing:
Boga rasa pangpunjulna, panggagahna, pangbeungharna - Jejer pasar:
Lumrah bae, mun ngeunaan lalaki kasep henteu goreng henteu, mun ngeunaan awewe geulis henteu goreng oge henteu - Ngembang cengek:
Mencenges, nenggang ti nu sejen atawa anu panggeulisna
Paribasa
Ungkara basa nu geus matok, saeutik patri, mangrupa siloka lakuning hirup. Biasana dina wangun kalimah.
- Matak andel-andeleun:
Matak ngurangan kapercayaan nepi ka matak handeueul nu nitah - Kawas bangkong katuruban batok:
Bodo katotoloyoh, euweuh pisan kanyaho - Cara cai dina daun bolang:
Dipapatahan teu aya tapakna - Dihin pinasti anyar pinanggih:
Sagala nu kaalaman ayeuna saestuna geus ditangtukeun ti heula ku Pangeran - Kawas nanggeuy endog beubeureumna:
Kacida dadah-deudeuhna kanu dipikanyaah lantaran bisi kumaha onam - Ngagedag bari mulungan:
Nanyakeun hiji masalah nu manehna tacan ngarti, tuluy dipake nyoal ka batur bari manehna mah api-api ngarti bae - Rejeki kaseser ku hakan:
Rejeki beak ku dipake barang dahar - Indung tunggul rahayu, bapa tangkal darajat:
Kasalametan atawa kabagjaan anak gumantung kana karidoan jeung du’a indung bapa - Mobok manggih gorowong, aya jalan komo meuntas:
Kabeneran manggih jalan keur ngalaksanakeun karepna - Kawas kacang ninggang kajang:
Norostos, capetang, bedas (anu pidato atawa anu nyarekan)
(Djodi Prihatna).****





