Pameran Buku Bandung 2009
Ku: Djodi Prihatna, A.Md-MG
Ketua IKAPI Pusat, Setya Dharma Madjid, mere apresiasi sangkan unggal siswa jeung guru di sakola atawa kantor wajib nyarita make basa Sunda. Anu jadi dasar pamikiranana, lantaran wilayah urang, Jawa Barat, seni budayana Sunda, buku-buku muatan lokalna make basa Sunda, nya tangtu nyaritana ti cacah nepi ka menak kudu make basa Sunda. Hal ieu dipairan ku Kadisdik Kota Bandung, Drs. H. Oji Mahroji, yen sabenerna geus lila aya palaturan sangkan para siswa, guru, pagawe kantor di Bandung mah unggal poe Rebo wajib nyarita make basa Sunda.
Ngan duka ngeunaan kanyataanana mah, lantaran nepi ka poe ieu tacan aya panalungtikan anu akurat ngeunaan pelaksanaan naha bener para siswa, guru jeung pagawe-pagawe kantor nyarita make basa Sunda sapoe jeput dina poe Rebo?
Tanggal 5-11 Agustus 2009 lumangsung Pameran Buku Bandung 2009 nu diayakeun ku IKAPI Cabang Jawa Barat gawe bareng jeung Pemda Kota Bandung, di Landmark Convention Hall, Jl. Braga 129 Bandung. Kalawan tema “Masyarakat Membaca Masyarakat Merdeka”.
Dina pembukaan pameran, Drs. Erwan Juhara, SMM, Ketua Panitia Pameran nandeskeun lamun bangsa urang mibanda imajinasi anu heroik, tangtu bakal percaya, yen ngan anu rajin maca nu bakal nyaho kana makna kamerdekaan. Kamerdekaan naon anu bisa kapimilik tina kagiatan maca? Jawabna, kamerdekaan imajinasi jeung nyawang tanda-tanda zaman.
Tanpa maca kalawan intens moal bisa para martir bangsa saperti Bung Karno, Bung Hatta, Sutan Syahrir, Moch. Yamin, Oto Iskandardinata, jrrd, mampuh mawa bangsa Indonesia ka alam kamerdekaan. Kamampuh arinyana maca buku sakaligus penulis, mangrupa conto yen budaya maca kudu dileukeunan ku para generasi penerus.
Kamerdekaan sacara historis geus diproklamirkeun 17 Agustus 1945 tapi sacara yuridis kakara karasa merdeka sanggeus rengse KMB (Konperensi Meja Bundar) dina ahir taun 1949. Jadi ti mimiti awal taun 1950 urang kudu maca tanda-tanda zaman bangsa Indonesia anu geus nyekel kadali kamerdekaan pikeun imajinasi jeung ekspresi. Omat, hiji bola beureum nu teu bisa dipopohokeun nya eta akar maca buku pikeun panganteur kamerdekaan bangsa kudu tetep dijaga ghirah-na.
Tugas “mencerdaskan bangsa” kawajiban pamarentah. Ku kituna Pemda Kota Bandung mibanda kawajiban sangkan masarakat jadi pinter ngaliwatan kagiatan maca, IKAPI usaha ngajaga ghirah-na.
Bandung beunghar ku seni-budaya
Sawatara kitu Drs. H. Anwaruddin, Ketua IKAPI Jabar, nyebutkeun yen kota Bandung teh beunghar ku seni jeung budaya. Ku kituna geus sawadina lamun kabeungharan seni jeung budaya tadi dikali sarta diangkat kana wangun buku. Buku muatan lokal kiwari geus lain bae ditatawarkeun sacara nasional, tapi geus ditatawarkeun sacara internasional ngaliwatan Fankfurt Book Fair. Dua taun katukang IKAPI muka stand di Frankfurt, eces tur nyata buku-buku seni jeung budaya Sunda loba nu resepeun sarta dibeuli hak ciptana. Saterusna pikeun ngagampangkeun anu rek meuli, hade pisan lamun buku muatan lokal disiapkeun pikeun diterbitkeun make basa Inggris. Paling henteu dina wangun “dummy” geus bisa ditatawarkeun hak ciptana ka panerbit luar. Ieu teh relevan jeung kahanan Bandung minangka kota seni-budaya anu kreatif.
Nurutkeun Ketua IKAPI Jabar, sabenerna ti mimiti taun 1984 IKAPI Jabar geus ngabaladah ngayakeun kagiatan Pameran Buku di Bandung. Ngaliwatan panerbit buku anu kreatif, khasanah budaya lokal dipiharep bakal leuwih euyeub. Peran pamarentah minangka fasilitator penting pisan. Ku kituna inyana miharep pamarentah kota Bandung milu ngamotivasi kahadiran jeung lumangsungna panerbit lokal. Lantaran mekarna industri buku sacara henteu langsung ngabantu pamarentah dina mekarkeun ekonomi sarta nyerep tanaga nu sakaligus ngurangan panganggur, kalawan milu nyukseskeun program pamarentah “mencerdaskan bangsa” ngaliwatan budaya baca tulis.
Nyarita make basa Sunda
Setya Dharma Madjid, Ketua IKAPI Pusat netelakeun yen salian jadi ajang nembrakkeun buku anyar, pameran buku oge jadi barometer pikeun eksistensi jeung kinerja panerbit. Dina hiji waktu lamun buku geus jadi gaya hirup, pola hirup masyarakat ngeunaan buku pasti robah. Unggal individu ngarasa wajib maca atawa meuli buku anyar, sangkan teu disebut tinggaleun trend. Tah dina mangsa eta dina unggal pasamoan, unggal individu henteu wae bakal ditilik tina papakeanana, mobilna, hp anu dibawana, aksesoris nu reunceum sakujur awakna, tapi oge dititenan buku naon anu dibacana. Geus bisa dipastikeun yen individu anu tacan maca salah sahiji buku bakal ngarasa tinggaleun mun panggih jeung babaturanana atawa klien anu keur nyawalakeun eta buku.
Dina eta kasempetan Ketua IKAPI mere saran sangkan unggal sakola atawa kantor wajib nyarita make basa Sunda. Anu jadi dasar pamikiranana, lantaran wilayah urang, Jawa Barat, seni budayana Sunda, buku-buku muatan lokalna make basa Sunda, nya tangtu nyaritana ti cacah nepika menak kudu make basa Sunda.

Walikota Bandung anu diwakilan ku Kepala Dinas Pendidikan, Drs. H. Oji Mahroji, nandeskeun yen tema “Masyarakat Membaca Masyarakat Merdeka” geus pas pikeun ngaekspresikeun harepan jeung cita-cita bangsa, khususna kota Bandung anu keur bajoang nyukseskeun visina minangka Kota Jasa Nu Bermartabat. Teu rek kitu kumaha, ieu tema nembongkeun bola beureum anu endah, dimana aktivitas maca bakal nungtun manusa ngaronjat hak asasina, nyaeta kabebasan jeung kamerdekaan dina harti anu sabenerna, waktu inyana geus nepi kana tatanan kahirupan anu leuwih hade jeung mibanda martabat.
Walikota miharep pameran mampuh nerjemahkeun tema kasebut, ngaliwatan sajian anu leuwih jembar, nepika ningkatna minat, kacintaan jeung kabutuh masyarakat kana buku nu gede ajenna, dibarengan ku mayengna terbit tur bisa kabeuli ku unggal lapisan masyarakat. Hal ieu ditepikeun, lantaran sacara faktual harga buku anu gede ajenna masih hese kaudag ku masyarakat lantaran hargana nu mahal.
Mairan apresiasi ti Ketua IKAPI Pusat ngeunaan kawajiban nyarita make basa Sunda pikeun barudak sakola atawa pagawe kantor, Kadisdik Kota Bandung netelakeun yen sabenerna hal eta geus dilaksanakeun. Unggal poe Rebo, barudak jeung guru-guru di sakola wajib nyarita make basa Sunda. Henteu tinggaleun oge dina poe eta, pagawe-pagawe kantor boh pamarentah atawa swasta kudu nyarita dina basa Sunda. Ngan bae tacan aya laporan atawa panalungtikan anu akurat ngeunaan pelaksanaanana.
Dina acara pembukaan pameran, Yayasan Cangkurileung anu kiwari dipingpin ku Tatang Benyamin Koswara mintonkeun kolaborasi lagu-lagu Sunda, Jawa jeung Jepang. Kitu deui IKAPI Jabar mere penghargaan ka Mamat B Sasmita anu muka perpustakaan pribadi kalawan jumlah buku nu rea pisan. Sedengkeun acara saterusna unggal poe diayakeun talk show, workshop jeung bedah buku.
Pameran buku taun ieu diiluan ku 85 panerbit anggota IKAPI nyicingan 127 stand pameran.****





