Saha Nu Nyurungkeun?
Basa saurang pajabat keur tumpak parahu karét ngadong-dong ka salah sahiji wewengkon anu keuna ku musibah banjir, ujug-ujug kadéngé aya nu gogorowokan.
“Tulung ... ! Pun anak palid ... !” ceuk nu gogorowokan.
Enya baé, hareupeun éta parahu katémbong aya budak kira-kira umur lima tahun palid rék saleplepeun tilelep.
“Tulung ... ! Pun anak palid ... !” deui-deui kadéngé nu gogorowokan. Manahoréng nu gogorowokan téh saurang awéwé tengah tuwuh nu keur ngangtung luhureun kenteng. Meureun manéhna téh indungna.
“Bapa-bapa nu dina parahu karét, tulung ... pun anak palid!” ceuk éta awéwé.
Teu ngengkékeun deui, gajleng téh éta pejabat ngajleng tina parahu karét. Manéhna terus ngojay ngadeukeutan budak nu rék titeuleum téa. Kerewek baé leungeun éta budak téh dikenyang, terus awakna disangkéh. éta budak téh salamet, bisa dibawa kana parahu karét. Saterusna éta budak téh dipasrahkeun ka indungna.
“Nuhun Pa, pun anak tiasa salamet. Sakali deui nuhun, Pa!” ceuk indung éta budak bari rawah-riwih.
Ari pejabat téa dinuhunkeun téh kalah mureleng.
“Sakali deui, nuhun Pa, Bapa téh tos nulungan pun anak. Upami teu aya Bapa mah, rupina pun anak téh moal kapuluk, tangtos bakal maot. Nuhun nya Pa, nuhun!” ceuk indung éta budak bari neuteup beungeut pejabat nu siga rék ngambek.
“Nuhun-nuhun tujuh puluh,” ceuk éta pejabat bari morongos ka sakur anak buahna, “Saha siah tadi anu nyurungkeun aing?”
Horéng simanahoréng, éta pejabat luncat tina parahu téh lain rék nulungan budak palid, tapi lantaran aya nu nyurun-keun. (mang Alip)





