Ka Palembang Ampir Cilaka
Ku: Kang Fauzi
Harita teh meunang tugas ti kantor kudu ngawawancara Kakandatel Palembang. Teu wudu bungahna, lantaran kakara harita kuring rek nempo kota empe-empe. Pasti bakal ngasaan kadaharan asli Palembang, naha sarua rasana atawa beda?.
Ti Bandung kuring geus biasa numpak kareta api Parahiangan.
Biasa subuh lantaran kabeurangan, kapaksa meuli karcis anu jam salapan. Datang ka Statsiun Gambir teh jam sawelas, atuh mun ka Bandara Soekarno Hatta jam sabaraha datangna. Kabeneran harita mah aya anu ngajual karcis Merpati pernahna di sisi beulah kulon. Tinimang hese ke di Bandara, mending meuli didieu. Geus meuli karcis kuring muru beus DAMRI anu ngajugrug di Beulah kidul. Kabeneran geus rada pinuh, atuh teu kungsi lila beus maju nuju ka Bandara.
Aya kurang leuwih sa-jam kuring turun di Blok C nuju ka paranti nunggu. Pagawe Merpati nanyakeun heula karcisna, sanggeus ditembongkeun, manehna unggeuk bari nitah diuk. Rada lila oge nungguan. Geus aya pangumuman mah yen kabeh anu rek tumpak Merpati kudu buru-buru asup ka kapal.
Rek asup, asa nyeblak heula tara-tara tisasari. Padahal geus sabara puluh kali kuring numpak kapal terbang tara kieu. Boa-boa? Ah bismilah we da anu nangtukeun mah Gusti Allah. Gek diuk, kabeneran pangsisina. Kuring paling resep mun tumpak kapal terbang diuk di nomer 10, lantaran pas dina lawang panto darurat. Rada lega keur neundeun barang. Mun diteundeun di luhur sok hese mun rek turun teh. Pasedek-sedek.
Beubeur anu aya dina korsi (belt) geus di pasang. Tina pangeras suara kadenge yen kapal bakal Take off. Teu kungsi lila biur kapal ngapung ngawang-ngawang, meulah jomantara nuju ka Palembang.
Biasa, ari dina kapal sok dibere kadaharan diwadahan kana dus, kitu deui inuman disuguhkeun ku Pramugari bari nanya “ Bapak mau minum apa?” cenah. Leuh, ari pramugari mani gareulis. Sigana anu asup jadi pramugari mah wanoja pinilih.
Nempo tina jandela ka handap, breh laut warna bulao oge katempo deet-jerona. Atuh kapal Tangker katempona sagede korek api. Nempo ka jauhan, bener dunya teh buled, da katempo siga melengkung. Kamera dipasang. Jetrek-jetrek motoan. Ieu geus kabiuasaan kuring mun numpak kapal udara sok motoan, eta oge lamun kaneneran diuk disisi.

Teu kungsi lila, aya pramugari ngadodorong peti bari nanya ka panumpang bisi aya anu rek meuli cindramata. Kuring kataji ku topi Chelsie warna bulao, sakurilingna kalimat Chelsi direnda warna bodas. Geus pesen mah gek deui diuk.
“Lima belas menit lagi pesawat akan landing., ” cenah, tina pangeras suara bari ngawanti-wanti sangkan beubeur dipasang.
Kuring teu mirosea lantaran keur nempo kaluar ngan beubeur dipageuhan. Lima belas menit rek turun, tapi naha kapal teh bet kaluhur?. Beuki lila beuki ka luhur, karasa pisan ku kabeh panumpang ge. Jep jempling. Na ari seooooooot teh kapal siga ragrag ! kabeh ting jarerit. Kuring nempo pisan tanda “Exit” ngabeletak peupeus ! Mun seug teu make beubeur, pasti awak neumbrag lalangit kapal. Teu kungsi samenit, paling ge dedetikan, kapal siga eureun, terus maju saperti biasa. Alhamdullilah……… Nempo kaluar, astagfirullah ! bumi geus katempo. Sigana mun pilot teu dikaluhurkeun geus pasti bakal ragrag, hirup ngan nepi ka harita. Anu pikasebeleun mah pramugari, kalahka sareuseurian. Sihoreng kapal asup kana turbulensi alias hampa udara. Jadi pilot jeung kru kapal geus apal, matak kapal di kaluhurkeun mapakan mega !. Turun tina kapal tuur nyorodcod, leuleus. Sigana kabeh panumpang moal teu kitu. Kaluar ti bandara kuring ngageroan taksi menta dianteur ka panginepan anu murah.
Isukna, kira jam 8.00, kuring ngawawancara Kakandatel Palembang. Ngahaja isuk keneh, lantaran rengse ngawawancara rek terus balik. Ngeunaan rek cilaka lantaran turbulensi, ku kuring dibejakeun. Kakandatel kalahka seuri, bari nanya “ Pulang mau pakai apa pak Fauzi?” – “ Ngak tau pak, mungkin pakai bus.” Ceuk kuring.
Rengse ngawawancara, di luar Kantor kuring bingung. Naha rek kana kapal udara deui atawa kana beus. Teu piker panjang langsung ngagupayan taksi nu ju setatsion beus. Datang ka tempat beus Lorena, rada hanjelu lantara beus rek indit pasosore kira jam opat. Kapaksa neangan heula panginepan anu murah keur ngareureuhkeun hate jeung nungguan waktu anu geus ditangtukeun.
Jam satengah opat sore kuring geus aya dina beus. Kabeneran beus geus pinuh. Geus kitu mah hate rada tenang, ngan eta we kabayangkeun perjalanan antara Palembang-Jakarta anu sakitu jauhna. Indit ti Palembang ka Jakarta ampir sapoe sapeuting. Bujur asa sasanggaleun balas diuk terus., katambah jalan mani ruksak lantaran nyorang jurusan ka wetan.Ari istirahat ngan dua kali.
Datang ka Jakarta isuk-isuk anu saterusna kuring ka statsiun Gambir rek numpak kareta api parahiyangan ka Bandung-keun. Ti harita, lamun meunang tugas ka luar Jawa make kapal udara hate empot-empotan. Komo lamun rek landing, kuring sok peureum bari babacaan.Cag





