Gondang
Kasenian Gondang, mangrupa salah sahiji kasenian tradisional Sunda anu kaayaan ayeuna geus muguran. Dua puluh taun katukang (1960-han) Gondang masih keneh “eksis”, unggal tanggal 17 Agustus atawa perpisahan barudak sakola,Kasenian Gondang tara tinggaleun bareng jeung kasenian Calung jeung Kaulinan Urang Lembur. Ayeuna mah ganti,mun teu Band, dangdut atawa orgen tunggal. Kitu deui dina perpisahan barudak sakola.
Matak teu heran lamun kasenian Sunda, diantarana Gondang beuki dieu beuki kasisihkeun malah sigana geus taya dikieuna.
Nu jadi nyeletit kana hate, mun barudak Sunda entragan anyar boga pamadegan kasenian Sunda Kampungan !. Ieu sigana kudu jadi catetan ti para inohong Sunda oge pamarentah daerah dina ngamumule basa jeung budaya Sunda.
Kungsi dina bulan Juli 2008, diayakeun Pasanggiri Gondang sa-Jawa Barat pokalna Universitas Padjadjaran. . Pesertana? ngan aya dua grup.ti Karawang jeung ti Garut.Cenah mah rgeus aya 16 grup anu daftar , tapi kulantaran ka ganjel ku transportasi kapaksa anu 14 grup ngabatalkeun. Kumaha tah pamarentah daerah? bet teu miduli kasenian daerahna rek tandang. Matak rek kumaha majuna kasenian daerah mun taya political will ti nujadi pupuhu daerahna.
Kesenian nu kumaha ari Gondang?
Sabenerna, kasenian anu disebut Gondang, lain di urang bae (di Jawa Barat) di daerah Batak oge aya kasenian Gondang anu disebut GONDANG Naposo. Gondang Naposo mangrupa kasenian adat anu ditunggu-tunggu ku para jajaka jeung wanoja. Dina acara ieu maranehna datang ti sababaraha desa sili kenalkeun.bari nyanyi (marende), nari (manortor), silih tempas (umpama), maen music (gondang hasapi). Teu saeutik barudak meunang jodo tina acara ieu. Tah, gondang di urang oge sarua, bedana diurang mah anu ngaran Gondang teh diayakeunana dina waktu geus panen.
Genep wanoja, nu opat nyekel halu, nu dua nyekel nyiru. Didieu aya dua versi; Gondang buhun jeung gondang modern (geus dimodivikasi). Gondang buhun dimimitian ku hiji aki-aki, datang kana hulu lisung bari mawa kukus di tuturkeun ku wanoja mawa sasajen . Leumpang lalaunan di pirig kacapi suling marengan lagu Cacandran anu dihaleuangkeun ku para mojang ti luar panggung. Matak wararaas ,pikiran manteng ka jaman keur budak.
Cacandran para luluhur
Ciri bumi dayeuh panca tengah, ciri dayeh panca tengah.
Tali maranti, alam bihari,
Nyawang gapura budaya……………………jst.
Peledug si Aki ngukus nuju ka Sang Rumuhun nganuhun keun hasil panenna mucekil. Gelik suling nganteur nu keur sila bari babacaan. Beres ngukus si Aki cengkat, terus ngusapan hulu lisung. Geus kitu balik di tuturkeun ku nyi mojang.
Babak kadua, genep mojang kalaluar. Nu opatan gep kana halu ari nuduaan kana nyiru. Genep mojang ngahariring dipirig haleuang gondang. Singketna, genep pamuda kaluar. Aya nu mawa hayam Jago , kurung, suluh tapi aya oge datang ngagandeuang. Mimiti silih tempas silih eledan ku sisindiran. Genep mojang hayang ka bandang, kitu deui pamuda hayang ka taksir.
Ku Gondang nu lalajo di bawa ka alam baheula, alam di pasisian. Da ayeuna mah sawah rea dipelakan pabrik, huma dipelakan Departemen store. Kampung geus jadi kota, para jajaka-wanoja geus kairid ku alam modern. Poho kana wiwitan, kana titinggal karuhun geus teu miduli, Sunda nu maranehna geus dianggap kampungan. Karunya teuing…..
Mudah-mudahan dina ulang taun Republik Indonesia anu bakal datang, urang bisa nempo barudak mojang jeung jajaka nga-Gondang. Atuh leuwih payus mun barudak Pramuka ti Siaga nepi ka Bantara saheula anan, diajarkeun rupa-rupa kasenian Sunda kaasup Gondang.****





