Kota Bandung Mimiti Tarung Madungdungkeun Gerakan Pramuka
Dina raraga nyumponan pameredih ti Ka Mabinas, nyaeta Presiden Soesilo Bambang Yudhoyono, sangkan pramuka ngayakeun Revitalisasi dina taun 2006, nya mimiti taun 2009 ieu Kwartir Cabang Gerakan Pramuka Kota Bandung ngayakeun rupa-rupa kagiatan, ti mimiti Kursus nepi ka kagiatan sejen. Awal taun 2009 diayakeun KPD (Kursus Pelatih Pembina Pramuka tingkat Dasar) dina awal Januari 2009 diiluan ku leuwih ti 60 urang ti kota Bandung, Kab. Sumedang, kab Tasikmalaya, kota Banjar. Sarta kota Bandung ngirimkeun utusan 30 urang.
Sababaraha Kursus Pembina Mahir tingkat Dasar (KMD) oge geus diayakeun. Diantarana bae di Kwaran Babakan Ciparay. Sarta anyar-anyar ieu nu ngayakeun teh Kwarran Mandalajati diiluan ku 72 pembina pramuka tempatna di SDN Cicabe, Kwarran Antapani diiluam ku 92 urang pembina, jeung pangahirna Kwarran Sukasari. Sedengkeun Karang Pamitran diayakeun ku Kwarran Kiaracondong. Kursus Penyegaran Mabigus di situ Patengan diayakeun ku Kwaran Sukasari.
Para Pelatih ngayakeun Musyawarah Pelatih awal mei anu hasilna kapangurusan anyar dipingpin ku Awaludin Hamzah. Pelantikanana diayakeun di aula Rosada tanggal 20 Mei. Nya sanggeus Pelantikan mimiti loba kagiatan ngayakeun kursus KMD nu puncakna rek ngayakeun KML.
Dina ilubiung kana kagiatan sejenna diantarana bae tanggal 2 Mei pramuka Kota Bandung milu dina upacara mieling Hardiknas kalawan ngirimkeun 126 urang anu diantarana para pamong saka, anggota saka jeung Redaksi Majalah Gladian.
Sedengkeun diklat para penegak diantarana bae Diklatsar saka Kencana anu lumangsung bulan Aprll nepi ka Mei diiluan ku 18 urang anggota saka. Diklat saka Bhakti Husada diiluan ku 20 urang anggota Saka anu lumangsung bulan Januari nepi ka Pebruari.





