Saminggu Di Surabaya
Ku: Djodi Prihatna, A.Md-MG
Alhamdulillah meunang diskon 20%, lantaran umur geus leuwih ti genep puluh. Ngan ongkos balikna mah leuwih mahal, lantaran poe pere. Biasa ari pere teh harga karcis ditaekkeun kalawan alesan loba teuing panumpang. Ongkos kareta api Turangga Bandung-Surabaya Rp.220.000,- saurang , ngan palebah balikna mah naek jadi Rp.330.000,- Budak anu umurna kurang ti 10 taun henteu meunang diskon. Pedah teu aya kelas ekonomi, tapi kelas bisnis jeung kelas eksekutif. Padagang asong oge teu meunang asup kana gerbong boh waktu kareta eureun atawa di perjalanan.
Jadi anu meunang diskon teh aki-aki jeung nini-nini anu umurna leuwih ti 60 taunan. Rombongan kuring harita aya genepan. Kuring, pamajikan, anak nu cikal, minantu jeung 2 incu. Jadi waktu miang meakkeun ongkos Rp.1.276.000,- sedengkeun balikna Rp.1.914.000,- jumlah-jamleh bulak-balik genepan teh meakkeun waragad Rp.3.190.000,- tacan ongkos taxi boh waktu rek miang jeung mulang.
Ieu pangalaman atawa perjalanan kuring ka hiji wewengkon anu sabenerna mah mindeng didatangan. Tapi memang geus lila pisan teu datang ka dinya teh lantaran kasibukan. Enya, geus ampir sapuluh taun kuring mah tara ka Surabaya teh. Lain teu hayang, tapi asa ku euweuh waktu tea. Da apan kakara 2 taun katukang kuring ngalaman loba waktu teh, sanggeus jadi pangsiunan.
Ti bulan Pebruari keneh tadina rek indit teh, nyumponan ondangan ti ki adi anu rek ngawinkeun anak cikalna. Tapi teu jadi. Ngawinkeunana ditunda, neangan waktu nu hade. Kabeneran pamajikan aya milik bulan April. Ari pertengahan bulan datang iber yen ki adi teh ngawinkeunana jadi, tanggal 8 Mei. Nya diputus, indit rek tanggal 5 sedengkeun mulang ti Surabaya tanggal 10 Mei lantaran isukna rek aya UASBN. Sedengkeun pamajikan jadi pengawas ujian di SD.
Diskon keur aki-aki
Gagancangan kuring pesen karcis. Alhamdulillah meunang diskon. Enya, lantaran umur geus leuwih ti genep puluh, meunang diskon 20 %. Ngan ongkos balikna mah leuwih mahal, lantaran kabeneran poe pere. Eta biasa, ari pere teh harga karcisna ditaekkeun kalawan alesan loba nu rek mulang ka lembur atawa indit ka kota. Enya, ari ongkos Turangga Bandung-Surabaya mah ngan Rp.220.000,-, ngan palebah balikna mah naek jadi Rp.330.000,- jeung pikeun budak anu umurna kurang ti 10 taun henteu meunang diskon. Pedah ari kareta api Turangga mah teu aya kelas ekonomi, tapi kelas bisnis jeung kelas eksekutif. Padagang asong oge teu meunang asup kana gerbong boh waktu kareta eureun atawa di perjalanan. Jadi anu meunang diskon teh nya eta aki-aki jeung nini-nini anu umurna leuwih ti 60 taunan.
Rombongan kuring harita aya genepan. Kuring, pamajikan, anak nu cikal, minantu jeung 2 incu. Jadi waktu miang teh meakkeun ongkos Rp.1.276.000,- sedengkeun ongkos balikna meakkeun waragad Rp.1.914.000,- jumlah-jamleh keur ongkos kareta wungkul bulak-balik genepan teh meakkeun waragad Rp.3.190.000,- tacan ongkos taxi boh waktu rek miang jeung mulang. Da ari di Surabaya mah datang jeung rek mulang teh dianteurkeun make kendaraan ki adi.
Indit ti imah teh bada Asar. Nyalse bae lantaran inditna kareta jam 7 peuting. Bari nungguan inditna kareta, barangbeuli heula kueh di Kartika Sari. Incu mah duanana menta difoto hareupeun lokomotif.
Sapeupeuting kuring ampir teu bisa sare dina kareta teh. Lain teu tunduh. Lantaran incu-incu nu geus lila oge teu tepung, garogonjakan jeung pamajikan. Perjalanan teh 15 jam, indit jam tujuh peuting, datang ka stasion Semut jam 10 isuk-isuk.

Sate Kalapa jeung Tahu Campur
Nu ngajemput geus ti isuk nungguan, tapi teu langsung ka panganjrekan, dibawa heula ngurilingan kota Surabaya. Samemeh tepi ka imah ki adi, nyimpang heula ka sate kalapa. Enya di Surabaya mah loba kadaharan anu aneh cek letah Sunda mah. Aya sate kalapa, aya tahu campur, nasi rawon, jeung rujak cingur. Nu disebut sate kalapa teh memang sate biasa, ngan dicampuran ku kalapa dina sanguna teh. Sedengkeun anu disebut tahu campur, iwal ti tahu anu dicampur kupat jeung sayur teh sok ditambahan ku mata sapi. Lain telor mata sapi, ieu mah mata sapi enyaan. Ari nu disebut rujak cingur teh, sabenerna di urang mah kawas lotek atawa pecel, ngan ditambahan ku cungurna sapi. Pikeun letah Sunda mah tangtu rada-rada aneh, malah kuring mah waktu dibejaan dina tahu campur aya matasapi teh, rada murel. Mata sapina teu didahar. Ki Adi waktu dibejaan kuring teu tulus dahar mata sapi, rada heraneun, lantaran manehna mah pangbeukina jeung hargana ge mahal cenah.
Imah ki Adi teh lain di Surabaya, tapi di Sidoarjo ngan deukeut pisan ka kota Surabaya. Perenahna mah di perwatesan antara kota Surabaya jeung Sidoarjo. Ngan kahalangan ku walungan saat. Jadi tatangga peuntaseun walungan teh urang Surabaya, ari ki Adi mah di Sidoarjo. Tapi jauh pisan ti wilayah Lapindo mah. Jadi henteu sieun kalelep ku leutak panas Lapindo.
Poe kahiji di Sidoarjo dieusian ku ngabedahkeun babalongan di imah ki Adi. Inyana boga bak gede anu eusina lele, lauk nila jeung gurame. Imahna gede tur lega, kamarna rea boh di lante handap atawa di lante luhur. Jadi sabatae salila di Sidoarjo teh bisa pundah-pindah kamar.
Poe kadua pamajikan mah indit ka pasar Surabaya, bareng jeung kulawarga ki Adi. Sedengkeun kuring mah di imah bae. Teu kuat ku bayeungyangna kota Surabaya jeung Sidoarjo. Da lamun kabeneran geus jadi mah, kuring teh hayang pisan nempo jambatan Suramadu anu pernahna ti imah kurang leuwih 16 kilometer. Enya, tanggal 10 Juni apan jembatan Suramadu teh dibuka kalawan resmi ku Presiden SBY. Sanajan tacan meunang dipake ku umum keur sawatara waktu mah.
Poe katilu, nya eta tanggal 8 Juni pasosore kakara kuring sakulawarga ngaluuhan acara pernikahan suan. Tempatna di Surabaya, rumah makan anu lega pisan. Di tukangna aya kebon. Jadi acarana teh mangrupa “pesta kebun” tea. Aya kareta kuda, aya taman anu balong di tengahna dieusian ku kakapalan. Ngan palebah jalanna kariaan teu kawas di urang. Ari di urang mah diluluguan teh ku lengser jeung make tari merak. Di dinya mah anu jadi pakacarna teh Gatotgaca henteu make tari ngan make tatabeuhan bae lalaguan Jawa, ari gulang-gulang jeung pangiring anu mawa payung emas mah aya.
Reuni Kulawarga
Kulawarga anu daratang teh lain anu ti Bandung jeung Jakarta wungkul. Anu ti Jambi oge daratang. Atuh pamajikan jeung dulur-dulurna ti Jambi kawas anu reunian bae. Balik deui ka imah di Sidoarjo tengah peuting.
Isukna kakara kuring jeung kulawarga ngurilingan deui kota Surabaya nepi ka beurang, pasosore siap-siap rek mulang ka Bandung. Poe mingguna jam 10 geus nepi deui ka Bandung. Hate sugema, geus cacap kahayang nedunan pamenta ki Adi nu hayang dianjangan waktu ngawinkeun.*****





