Babasan & Paribasa
Ungkara basa nu geus matok make harti injeuman. Biasana dina wangun kecap kantetan.
Ungkara basa nu geus matok, saeutik patri, mangrupa siloka lakuning hirup. Biasana dina wangun kalimah.
Babasan
Ungkara basa nu geus matok make harti injeuman. Biasana dina wangun kecap kantetan.
- Teu diambeuan: Teu dipikaserab, teu dipikasieun
- Asak warah: Cukup latihan (didikan). Cirina: henteu dusun, basa jeung paripolahna euweuh nu salah
- Kumis bangbara ngaliang: Kumis anu nyeseg kana liang irung
- Kawas bayah kuda: Dilarapkeun kana papakean anu warnana geus belel pisan
- Cara embe: Embung mandi sabab sieun ku cai
- Ngadeupaan lincar: Kukurilingan deukeut imah nu keur hajat ngarah diondang
- Ngarangkaskeun dungus: Ari hayang jeung bogohna mah ti bareto, ti keur ngora keneh, ngan kaselang heula ku kawin ka nu sejen. Kakolotnakeun kakara diparengkeun ngajodo
- Gancang pincang: Pagawean nu gancang anggeus tapi hasilna goreng
- Gantung denge: Ngarasa hanjakal henteu terus bisa ngadengekeun, caritana kaburu anggeus
- Handap asor: Daek ngahormat ka batur
Paribasa
Ungkara basa nu geus matok, saeutik patri, mangrupa siloka lakuning hirup. Biasana dina wangun kalimah.
- Selenting bawaning angin kolepat bawaning kilat: Nurutkeun kabar angin, ceuk beja
- Pageuh kancing loba anjing: Taki-taki mageuhan tulak bisi aya bancang pakewuh
- Malik ka temen: Asal banyol tuluyna jadi enyaan
- Ngahurun balung ku tulang: Nangkeup tuur nandakeun keur bingung
- Nyalindung ti caangna: Ngajepit barang rahayat, ngagedean pajeg, piwarangan ti dunungan
- Disiksik dikunyit-kunyit dicacag diwalang-walang: Dihukum beurat pisan biasana hukum pati
- Daharna sakeser daun: Daharna mindeng pisan
- Deukeut deuleu pondok lengkah: Kurang pamandangan jeung teu bebas indit-inditan
- Elmu tungtut dunya siar, sukan-sukan sakadarna: Nyiar elmu di sagigireun neangan rejeki sarta kudu siger tengah
- Endog sapatarangan tara megar kabeh: Di antara dulur saindung-sabapa sok aya bae anu teu pati alus milikna
(Djodi Prihatna).****





