Salaka Edisi Online

Kang Idik Sulaeman

Anggota 3 zaman: Pandu, Pramuka jeung Padi

Ku: Djodi Prihatna, A.Md-MG

Idik Sulaeman mindeng milu Kursus Pelatih Pembina boh di Bandung, Jakarta, Bangkok jeung New Zealand. Sanggeus jadi Pelatih Pembina, inyana meunang pancen mere ceramah dina kursus di ibukota Provinsi ti mimiti Aceh nepi ka Irian Jaya. Inyana oge kungsi mawa kontingen pramuka ka Jambore Internasional di Amerika Serikat jeung Jepang. Malahan kungsi ngajarkeun kapramukaan di sakola-sakola boh di Tokyo, Bangkok jeung Saudi Arabia.
Kang Idik Sulaeman Kakwarcab Kota Bandung manten ayeuna yuswana geus 75 taun. Tanggal 4 Maret 2009 teh yuswana 75 taun 7 bulan 12 poe.

Lantaran cek ibuna (alm) Idik dibabarkeun dina poe Kemis tanggal 20 Juli 1933 pabeubeurang di Cilimus, Kuningan. Harita mah Kuningan masih keneh asup ka wilayah Kabupaten Cirebon.

Pandu Natipij jeung Pandu Rayat

Sanggeus Idik umur sataun, bapana nya eta Makbul Nataatmadja anu profesina jadi guru menta pindah ka Kawali tuluy ka Tasikmalaya nu matak Idik diasupkeun sakola di HIS Tasikmalaya. Waktu umur 7 taun, Idik nepungan bibina nyaeta Bi Milah, isteri mang Ibrahim Hardjosuwito, duanana anggota pandu. Bi Milah ngeceskeun ngeunaan kapanduan tuluy nganteur Idik ngajugjug kwartir Natipij (Nationale Islamitische Padvinderij). Idik asup jadi anggota Natipij sarta langsung latihan. Inyana resep pisan jadi pandu. Tapi waktu umurna nincak 11 tahun kudu naek golongan jadi Perintis (kiwari: Penggalang) anu di Natipij mah euweuh, jadi kapaksa inyana pindah ka organisasi sejen nya eta Pandu Rakyat Indonesia sarta dilantik di Manonjaya.

Sanggeus ngaleuwihan umur keur golongan Perintis, kulawargana pindah ka Purwakarta sabab ibuna pupus, sedengkeun bapana hayang saimah jeung adina anu geus lila bumen-bumen di dinya. Nya di Purwakarta inyana jadi pandu Pawang sarta wawawuhan jeung pandu puteri anu engkena bakal jadi pamajikanana. Memang ari kelasna mah misah, Aisah di kelas II sedengkeun Idik di kelas III. Sanggeus lulus Idik hayang neruskeun ka SMA. Tapi ku lantaran harita mah di Purwakarta tacan aya SMA, nya Idik nuluykeun SMA di Jakarta, bareng jeung lanceukna. Di Jakarta inyana ngagabung deui di Pandu Rakyat sarta jadi Penuntun (kiwari: Penegak) nya eta di kelompok Gambir IV anu dipingpin ku Rimata Husein Mutahar (alm), pamingpin pandu jempolan sarta kiwari kaasup tokoh pramuka.

Sanggeus lulus SMA, inyana nuluykeun kuliah di ITB jurusan Seni Rupa sarta lulus taun 1960. Salila kuliah oge inyana henteu eureun jadi pandu, sarta harita kungsi jadi pembantu pamingpin pemula (kiwari: pembantu pembina siaga)

Kudu Mindeng Nulis

Cek Prof.Sidhiarto jeung Dr. Lily Sidhiarto (istri dokter), Idik Sulaeman kudu nulis riwayat hirup sorangan utamana anu aya pauat-pakaitna jeung buku-bukuna ngeunaan kapanduan. Komo deui ayeuna Idik jeung istrina Aisyah geus jadi anggota PADI (Parani Darmabakti Indonesia, organisasi manten anggota Pandu Rakyat jeung Pramuka). “Jadi memang sabenerna, hobi kuring jeung istri teh kapanduan”, cek Idik.

Kagiatan-kagiatan kang Idik salila jadi pangurus Gerakan Pramuka nya eta jadi panasehat khusus ngeunaan baju seragam anggota pramuka. Di Bandung, inyana kungsi jadi Ketua Kwartir Cabang Kota Bandung taun 66an.

Tahun 1964 babarengan jeung kang Suhari salasaurang staf Kwarnas, dibere pancen jadi sukarelawan hajji, ngabantu Panitia Hajji nguruskeun ratusan rebu jamaah dina ngalaksanakeun ibadah hajji, utamana mah ngabantu jamaah nu geus jompo. Patugas ti pramuka harita aya 4-an.

Harita mah perjalanan teh masih ngalakonan naek kapal laut, jadi minangka perjalanan hajji pamungkas anu ngagunakeun kapal laut. Lantaran dina perjalanan saterusna mah unggal kelompok jamaah hajji ngagunakeun pesawat udara. Lamun aya jamaah anu maot samemeh nepi ka terusan Suez, mayitna dipiceun ka laut. Lamun kapal geus ngaliwatan terusan Suez kakara aya nu maot, mayitna bisa dimakamkeun di Mekkah. Pangajaran manasik hajji harita mah dilaksanakeun di kapal. Sholat jeung tadarusan rame-rame dilaksanakeun di geladak. Peutingna patugas ti pramuka ngaronda nepika palka panghandapna. Di Mekkah dipernahkeun di imah anu 7 tingkat, tapi henteu jauh ti masigit.

Idik Sulaeman mindeng milu Kursus Pelatih Pembina boh di Bandung, Jakarta, Bangkok jeung New Zealand. Sanggeus jadi Pelatih Pembina, inyana meunang pancen mere ceramah dina kursus di ibukota Provinsi ti mimiti Aceh nepi ka Irian Jaya. Inyana oge kungsi mawa kontingen pramuka ka Jambore Internasional di Amerika Serikat jeung Jepang. Malahan kungsi ngajarkeun kapramukaan di sakola-sakola boh di Tokyo, Bangkok jeung Saudi Arabia.

Kagiatan-kagiatan di luhur dipigawe lantaran hobina dina widang kapanduan anu ngateurkeun Idik Sulaeman jadi Andalan Nasional di Kwarnas, sanajan pagawean utamana mah di Departeman P dan K (kiwari: Depdiknas).

Baju Seragam Sakola Jeung Paskibra

Waktu ngajabat Direktur Pembinaan Generasi Muda inyana nyiptakeun baju seragam Pasukan Pengibar Bendera Pusaka (PASKIBRAKA) lengkep jeung atributna pikeun dipake unggal 17 Agustus di Istana Negara. Inyana oge nyiapkeun anggota Paskibraka ku jalan mere latihan sacara fisik jeung mental salila sabulan memeh tanggal 17 Agustus, nyaeta latihan baris jeung ceramah ngeunaan budi pekerti, wawasan kebangsaan, jrrd. Inyana oge mindeng ngalaksanakeun program pertukaran pemuda antar Indonesia jeung Canada, dituluykeun ku pertukaran pemuda antar provinsi di Indonesia.

Taun 1979 sabage Direktur Pembinaan Kesiswaan Dept P dan K milu Kursus Lemhanas Angkatan XII. Makalah anu dijeunna make judul “Swadaya dan Swatantra Pramuka Penegak dalam usaha mereka menjadi Pandu Ibu Indonesia”. Harita anu ngujina teh Letjen Mashudi (alm) anu jabatan dina pramuka jadi Kakwarnas. Pertanyaan-pertanyaan anu diajukeun ku Kak Mashudi bisa dijawab nepika kang Idik lulus kalawan predikat “memuaskan”. Dina upacara penutupan kursus, Gubernur Lemhanas ngaleler “Wibawa Seroja Nugraha” ka Drs. Idik Sulaeman dumasar karya tulisna. Sedengkeun Kakwarnas mere ijin nambahkeun gelar AT di tukangeun ngaranna (Ahli Penegak). Sabage Dir. Pembinaan Kesiswaan inyana oge nyiptakeun baju seragam sakola lengkep jeung atributna pikeun siswa TK, SD, SLTP dan SLTA.

Taun 1983 Drs. Idik diperbantukeun ka Usakti (Universitas Trisakti) jadi dosen di Fak. Teknik Sipil dan Perencanaan. Tuluy jadi Ketua Jurusan Desain, taun 1991-1995 jadi Purek III Kemahasiswaan. Ti mimiti taun 1995 jadi dosen deui nepi ka pangsiun taun 1999.****

Deherba