PEMILU Di Alam Reformasi
April 2009 jadi tangara ajegna demokrasi di nagara urang, dicirian ku gelaran pamilihan umum, pikeun nagtukeun wakil rayat ti kota/kabupaten, propinsi,jeung nasional.Ditema ku pamilihan presiden dina bulan Oktoberna.
Boh msilih wawakil rahayat, atawa milih presiden, duanana bakal jadi tihang pancer pamageuh pikeun ngahontal karaharjaan hirup jeung kahirupan nu leuwih hade.
Tangtu we kulantaran milihna di serenkeun ka rahayat, langsung jeung teu langsung rahayat sakumna nu nu nangtukeun mangsa pikahareupeun nagara. Alam reformasi the alam kahirupan nu transparan, tegesna nu alus nu goring bakalngagorehel katembong ku balarea, taya hiji perkara umum nu bisa disamunikeun. Nya kitu dina prakna milih oge, sajaba dijamin hak pamilih, kudu dibarengan ku tanggungjawab. Boh tanggungjawab di dunya, atawa di aherat, sabab mun kabeneran milih pamingpin nu salah, nu milih bakal ditanya. Jadi tanggungjawab sewang-sewangan. Keur nu embung milih (golput) najan eta the hak nu dijamin ku undang-undang, angger mo luepas toma panalek. Mun kabeneran nu jeneng pamingpin nu bener, nu teu milih rada hampang kawasna, tapi mun kabeneran nu jeneng pamingpin nu salah, nu teu milih bakal dibongankeun naha teu milih. Tegesna sagala rengkak paripolah, usuk-malik, ucap jeung lampah, kabeh bakal ditanya.
Kaharti kumaha susahna milih jalma pipamingpineun. Di sagigireun taya jalma nu sampurna, meureun nu milih kudu boga cekeleun. Saeutikna ulah kabengbat ku omongan dagang, nu kudu leuwih dikanyahokeun tangtu tapak-lacak, kamampuh, kadaek, jeung rarancang gawena nu bakal dipilih. Saeutikna katempo tina ebrehan visi jeung misina we heula.Lain asal milih komo kabawa ku batur pedah aya buruhan. Hese memang, tapi naha rek suka mun ieu nagara tanpa pamingpin? Kumaha atuh carana? Dina Islam aya cara komunikasi efektif jeung nu murbeng alam, pikeun nanyakeun saha nu kudu dipilih, taya kajaba iwal ku sholat istikharoh. Sabab sakali salah milih, bakal ramijud 5 taun kahareup. Susah pisan nangtukeun pilihan the, da kabeh katembongna alus. Ngan muereun bias diitung dibalitungkeun leuwih jeung kurangna,teu kudu samiuk kawas elmu sapi, nya kudu boga palanggeran jeung pamadegan sewang-sewangan. Di sagigireun eta, mun rahayat teu resep boga pamingpin korup/jahat, atuh rahayatna ge ulah mere jalan pikeun eta pamingpin milampah korup. Nya eta ulah wani-wani milih pamingpin nu ngawur duit. Saba eta duit the kudu kagantian. Memeh mikiran nasib rahayat, pasti leuwih tiheula mikiran ngagantian duit nu geus diawurkeun. Ulah kabobodo tenjo-kasamaran rasa, katipu ku baju kabita ku harta. Pedah teu barangbere najan jujur, lempeng, teu dipilih. Tah mun rahayat haying boga pamingpin jujur, ulah narima harta pamerena. Aya nu nyebut eta mah rejeki. Enya tapi aya balitungan. Narima harta ti calon pamingpin bari nandonkeun nagara nu bakal diruksak. Mun kitu, tangtu rahayat ge bakal kabagean ruksakna, malah leuwih parna, sabab teu boga wewenang, teu boga kakawasaan. Ukur rumahuh jeung kukulutus.
Muga we, urang sarerea bisa ngagunakeun hak dina cara jeung pakeun anu haq. Cag.





