Pasipatan Jalma
Pasipatan jalma aya dua rupa, nyaeta sipat hade jeung sipat goreng.
A. PASIPATAN JALMA NU HADE:
- Getol = upama digawe henteu loba ngareureuh, budak sakola jarang absen.
- Rajin = daekan kana gawe
- Rapekan = sagala pagawean dicabak
- Wekel = digawe henteu bosenan
- Singer = kana gawe trampil
- Berehan = resep barang bere
- Tanghian = resep hudang isuk-isuk
- Someah,sarehseh,gerewel = akuan, resep nanya
- Gemi, rikrik = resep neundeun rejeki
- Banteran,wanter = wani henteu eraan
- Daekan = lamun dititah tara hese
- Pinter = uteukna sagala bias
- Sopan = nyaho anggah-ungguh tatakrama
- Parimpen = neundeun barang dina tempatna, henteu asal bae
- Tartib = ati-ati dina sagala pagawean
- Satuhu = nurut kana sagala papatah/parentah
- Apik = Ati-ati kana pagaweann supaya hasilna hade
- Berseka = apik kana ngurus awak jeung pakean
- Adil = henteu pilih kasih
- Wijaksana = mutuskeun hiji perkara pisugemaeun, teu aya pacengkadan
- Balabah = resep tutulung
- Basajan = sederhana, henteu kaleuleuwihi dina laku lampah
- Kandulan = henteu lalawora dina sagala rupa hal salilana ati ati
- Suhud = soson-soson kana pagawean
- Hidep = tara ulin teu puguh
- Tarapti = henteu lalawora dina sagala rupa hal salilana ati-ati
- Antieum = lungguh, henteu loba tingkah
- Surti = nganyahoankeun kana kaayaan/kahayang batur
- Deudeuh = Welas asih atawa nyaah ka sasama
- Bener = pamikiranana nurutkeun aturan hade
- Sabar = tara ambek
- Tawekal = dina sagala rupa hal prihatin henteu aral
B. PASIPATAN JAMA ANU GORENG:
- Kebluk = jalma anu hese dihudangkeun
- Mumulan = embung digawe
- Deleka = resep nyiksa sasatoan
- Codeka = geus katohyan kalakuan goring
- Cunihin, purunyus = tingkah lacuna pikasebeuleun
- Awuntah = teu bias nyimpen rejeki
- Rucah = resep miceunan duit teu puguh
- Cegisan,cegekan = henteu payaan resep ngawada
- Centil, genjle, ganjen = tingkah lacuna kaleuleuwihi
- Kuuleun = anu teu aya guam, teu boga kahayang
- Cileureun = balangah upama di sina tunggu
- Murugul = mawa karep sorangan
- Gehgeran = resep pipilueun
- Nyendeng = awewe baha ka salaki
- Cengeng, belikan,delitan = gampang putus asa atawa tampaan kana omongan tuluy sedih
- Coloheor = mata karanjang teu kaop nempo nu geulis
- Beubeulieun = resep diugung-ugung
- Orowodol = digawe asal bae
- Tiktikan = mere resiko (balanja) ngutik-ngutik di tanyakeun
- Barangasan = gede ambek
- Bengis = gede ambek sok mergasa
- Panasbaran = jalma panasan teu kaop kaluhuran dunya
- Tungi, degeg = bedegong tara daek nanya
- Campelak, culangung = wani ka saluhureun
- Limpeuran = pohoan kana teundeun sorangan
- Teureugeus, seureudeug = digawena gurung gusuh
- Suudon = goring sangkaka batur
- NGabalun = indit-inditan kamana karep
- Saliwang,liwar = salah pangdenge
- Burahol = gede rahul (wadul)
- Wangkelang = tara nurut kana papatah
- Cologog, colonos = teu aya bemakrama
- Tambelar, joledar = henteu ngariksa ka kolot
- Bawel = resep nganteurkeun omongan ka batur
- Cerewed = rewel teu weleh ngomong
- Pelekik, built, licik = sok ngarah barang atawa ajang keur batur
- Malaweung = teu husu upama dipapatahan
- Cidra = bohong kana janji.





