Salaka Edisi Online

Lomba Masak Bimoli

Minggu kadua bulan Pebruari 2009 di RW 03 Kelurahan sarijadi, Kec. Sukasari kota Bandung diayakeun Lomba Masak antar RT, anu diluluguan ku PKK sarta meunang sponsor ti pausahaan minyak goreng Bimoli. Dina kateranganana, Bp. Carsim, Ketua RW 03 nyebutkeun, yen lobana patandang dina ieu kagiatan teh ti unggal RT 4 urang jadi kabehna aya 40 urang. Demi hadiahna rupa-rupa, rata-rata alat rumah tangga.

Ngeunaan kagiatan pamuda, Ketua RW netelakeun yen umumna kagiatan dumasar program ti Kelurahan jeung Kacamatan, saperti kagiatan 17-an atawa perayaan-perayaan hari besar sejenna.

Di antara program-program nu bakal datang, warga RW anu rek muka usaha bisa meunang bantuan anu gedena Rp. 3.300.000,- “Ti Dirjen Perumahan, ngajukeunana mah ka Kelurahan, lantara ieu mangrupa dana bergulir”, cek Pa RW. Pangurus RW sorangan keur sarana umum meunang bantuan 3 juta, nu diajangkeun pikeun perbaikan jalan. RW 03 kiwari geus muka PAUD (Pendidikan Usia Dini) anu tempatna di bale sarwaguna Graha Sarimanah. PAUD mah lumangsungna swadana, iuran ala kadarna, cek Pa RW. ****

Deherba